Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 15-08-2008 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

PENYIAR radio mah moal maot sanajan dipaéhan ogé. Bisi cangcaya, pék cobaan paéhan radiona, dijamin sorana bakal tetep ngalingling wiati, ngalanglang jomantara, ngaprak ka jero kamar, ngasruk ka warung-warung, mabal kana kandaraan, jeung merejel tina radio-radio butut jeung alus. Najan télévisi geus mipir pasir tug nepi ka tepiswiring, tapi radio moal saateun nu ngogo. Aya sawatara perkara anu teu bisa dirangsadan tina kahirupan radio, sarta ukur dipibanda ku radio.

Tapi penyiar radio ogé manusa biasa, anu henteu ngadadak dugal lamun dihurup ku lobaan. Kemis, 7 Agustus 2008, Wawan Hérawan alias Bah Rénggo (l. Subang, 26 Januari 1964), jadi korban kagangasan kurang-leuwih 30 urang aktivis Barakataktak (Barisan Rakyat Tak Kenal Takut). Bah Rénggo téh penyiar acara “Subang Makalangan” di Radio Duta Suara Subang (DSS), anu dijomantarakeun di Jln. Raya Dangdeur Subang. Bah Rénggo diserang ka studio DSS, kalayan dikaniaya di dinya, tug nepi ka kudu dirawat di rumah sakit.

Saliwatan mah ngaran LSM Barakataktak téh mani mirip jeung rubrik “Barakatak” di Majalah Manglé. Bédana, ari “Barakatak” Manglé bisa ngalantarankeun nu maca nyakakak, ari LSM Barakataktak mah kalah matak muringkak bulu punduk. Nurutkeun sawatara sumber, LSM Barakataktak téh diadegkeun ku Bupati incumbent Subang, Eep Hidayat. Pangna éta LSM ngajorag radio DSS téh lantaran Bah Rénggo sok ngritikan waé Eep Hidayat.

Naha bener Eep Hidayat kawilang anti kritik sarta téga ngabringkeun LSM Barakataktak pikeun nandasa saurang penyiar radio? Mun enya téh kitu masalahna, tangtu baé lalakon Bupati Eep téh tamat nepi ka taun 2008. Masarakat Subang moal daékeun diluluguan ku pamingpin arogan, sahaok kadua gaplok, jauh tina ngamumulé ajén kamanusaan. Ku kituna, ieu pasualan téh kudu dipaluruh kalayan gemet tur ati-ati, lantaran bisa baé kajadian éta téh ngahaja diciptakeun keur ngaruksak citra Eep Hidayat anu rék tandang deui dina Pilkada Subang anu baris lumangsung 26 Oktober 2008. Pikeun maluruh nu boga lampah katut dalangna, tangtu baé urang pasrahkeun ka nu berwajib. Cerek sakabéh nu kalibet dina éta tindakan anarkis ka penyiar!

Leupas tina kasangtukang pasualanana siga kumaha, ngajorag studio radio jeung nganiaya penyiar mangrupa pagawéan anarkis. Ieu kajadian ogé sakaligus nuduhkeun héngkérna panyalindungan kaamanan pikeun penyiar radio. Umumna, honor penyiar radio téh henteu gedé. Geus mah honorna ngan sakikituna, ditambah deui ku ancaman jéger-jéger bayaran, anu siap diparéntah pikeun nandasa penyiar ku saha baé nu daék nyiapkeun waragadna.

Tragédi anu tumiba ka Bah Renggo, penyiar DSS anu ogé sapopoéna mancén jadi guru SMAN 3 Subang, perelu jadi bahan pieunteungeun peur para penyiar radio séjénna. Sanajan, upamana, Bah Renggo aya dina posisi salah, tetep wé tindakan anarkis mah henteu dibenerkeun! Bah Rénggo atawa penyiar radio séjénna, bisa waé kacalétot létah nepi ka alah ucap, da puguh penyiar ogé manusa biasa. Tapi upama aya hiji jalma atawa sakelompok anu ngarasa dirugikeun ku caritaan penyiar, apan bisa ngamangpaatkeun hak jawab. Media massa mana ogé, boh média citak atawa éléktronik, pasti nyayagikeun rohangan pikeun hak jawab. Koruptor waé anu geus écés ngahakan miliyaran duit rahayat, tetep wé salsé naék-turun mobil méwah, henteu dihurup tur digarebugan, ukur rék dibéré saragam husus ku KPK, anu desain bajuna rada mirip jeung kostum tokoh drama “Jeblog” pintonan ti Téater Dongkrak Tasikmalaya.

Balik deui kana pasualan penyiar. Salila ieu tacan aya organisasi anu merjuangkeun “daya tawar” penyiar jeung sawatara pihak, kaasup manajemen radio anu sakapeung sok sangeunahna mecat peyiart. Mayoritasna penyiar ukur jadi “tanaga kontrak” anu bisa dieureunkeun iraha baé sabada kontrakna béak atawa dianggap ngarempak aturan. Kitu sakumaha anu ditulis ku penyiar jeung penulis buku jurnalistik, Asep Syamsul M. Romli dina blogna. Ku kituna, lumrah pisan dina kaayaan penyiar dikaniaya, taya hiji organisasi nu nyoara. Organisasi mana nu wani nyoara dina mangsa Bah Rénggo digarebugan ku préman-préman bayaran di hareupeun radiona? Euweuh hiji-hiji acan.

Bulan Juli kaliwat, di hiji rumah makan anu perenahna di Jalan Malabar, Bandung, Asep Syamsul M. Romli alias Kang Romel nyoba-nyoba ngarintis pikeun ngadegkeun organisasipenyiar radio. Kang Romel ngondang para penyiar sa-Bandung Raya pikeun ngayakeun silaturahmi jeung Ketua DPRD Kota Bandung H. Husni Mutaqqin. Manahoréng, penyiar anu hadir téh kaitung réa. Hartina penyiar téh sabenerna hayang ngahiji. Jadi, sok atuh teruskeun nepi ka ngawujud hiji pakumpulan anu weweg tur dipikacinta ku masarakat, lain pikeun dipikasieun ku masarakat. Penyiar kudu ngahiji! Kasus anu tumiba ka Bah Renggo, ulah nepi ka tumiba deui. Bubarkeun LSM Barakataktak, lamun kabuktian ngalakukeun tindakan anarkis ka penyiar!

 

Abah Rénggo keur maca sajak Sunda di GGM, Jl. Merdéka, Bandung

Ieu tulisan dipungkas ku ngutip tarjamahan Qur-an Surat Luqman: 19, anu hartina kirang-langkung: ”Jeung sing basajan anjeun dina ngaléngkah sarta sing halimpu sora anjeun. Satemenna sagoréng-goréngna sora téh nyaéta sora kaldé.” Écés pisan, da kaldé pamohalan maca buku komunikasi jeung diajar olah vokal. Anu antukna, kaldé moal apaleun iraha kudu nyarita jeung iraha ulah nyarita, tur kumaha carana sangkan sora halimpu. Antukna saréréa panuju yén kaldé jadi kiasan pikeun ngagambarkeun jalma bodo, tuig nepi ka dina basa Indonésia aya paribasa “Keledai hendak dijadikan kuda”, anu hartina jalma bodo hayang disaruakeun jeung anu pinter. Sanajan kuda ogé asa kurang loyog dikiaskeun jadi “jalma pinter”, tapi keun baé… antepkeun wé kaldé nu nyoara ka kuda, atawa kuda nu nyoara ka kaldé, da duanana ogé pamohalan jadi penyiar radio. Ukur manusa nu bisa jadi penyiar, tur siaranna pikeun didangukeun ku manusa.***

Catetan:

Salaku penyiar, daék-teu daék cimata kuring bedah ngadéngé penyiar radio nu dikakaya taya ras-rasan. Ku kituna, aing jeung sawatara penyiar, siap démotrasi turun ka jalan lamun kasus Bah Rénggo ngabuntut bangkong. Cerek sakabéh ulon-ulonna, sabab Indonesia ulah jadi nagri anarkis! Merdéka!!!