Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 18-10-2010 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
UDUD minangka hiji gogoda anu pangbeuratna dina ngalakonan puasa. Kitu sotéh husus keur lalaki, Awéwé, atawa banci anu geus kacanduan udud. Da ari anu teu beuki udud mah piraku nepi ka batal puasa, asa kabina-bina teuing. Leupas tina mahal atawa murahna rega udud, nu écés mah loba jalma anu puasana baratal alatan teu kuat nahan hayang udud… ngopi jeung dahar. Teu anéh upama loba suhunan imah atawa warung, anu kenténgna ngadadak ngelun ku haseup.
Teuing kumaha atuh nyanghareupan jurig udud téh. Sanajan dina cangkangna aya “peringatan teuas (keras)”, tapi angger wé kalah beuki loba anu kacanduan. Teu di mana, teu di mendi, sok aya wé nu udud téh. Kaasup bebenyit pantar Si Buruy ogé, da kana udud téh mani beuki pisan tah. Basa diélingan ku Néng Susi ogé, ngajawabna téh basajan. Kieu cenah jawabanna téh: “Saur Ustad Otong ogé, urang kudu rajin solat, saméméh disolatan ku batur. Atuh dina udud ogé teu pati bénten, urang kudu rajin udud, saméméh diudud ku…” teu kebat nyaritana téh, da kaburu dibalédog ku tarumpah. Mun teu ngelok
Dina bulan puasa kamari, tukang udud di Cigorowék geus aya sababaraha urang anu digarotong ka rumah sakit. Mang winta, anu munggaran dibawa ka rumah sakit téh. Apan éta téh mimitina mah alatan udud. Ari puasa hayang tamat, tapi jurig udud ngagoda. Tungtungna mah mang Winta adug lajer dina kasur,
Si Buruy mah komo deui. Basa keur saur téh teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Nepi ka waktuna imsak ogé, hayuh baé udud. Ari dahar mah kawas anu poho baé. Malah geus imsak ogé, ududna téh kawas anu can seubeuh. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Winta, dibawa ka rumah sakit.
Saterusna anu kapapaténan téh nya Mang Sarip, pimitohaeun Jang Isud. Sarua ieu ogé, anu jadi cukang lantaranna téh taya lian perkara udud. Mang Sarip sirahna geus ngajarendol sagedé endog hayam. Mémang asa kurang nyambung puguh gé, tina udud kana bancunur sirah. Tapi da keukeuh, ceuk pamajikanana ogé, Mang Sarip téh cilaka alatan udud. Jang Isud ogé katingalina téh tacan pati loba tatanya. Pangpangna mah sieun nyigeung hate pimitohaeun. Kuriak teu meunang apél deui ka Néng Susi.
Bubuhan ka rumah sakit téh rada anggang. Atuh kapaksa, Jang Isud nyarter mobil angkot. Bélaan keur mayarna mah ngéclok heula ka warung, da sieun teu kapaké téa ku pimitohaeun.
“Badé ka rumah sakit umum, A?” supir angkot tumanya
“Muhun,” témbalna Jang Isud
“Teu saum, mang?” tanya Jang Isud.
“Henteu, Kang. Sanés kunanaon, abdi mah upami nyupiran
“Kumaha, mang? Maksakeun?”
“Muhun, abdi téh maksakeun wé henteu saum, batan nyilakakeun panumpang…” témbalna deui.
“Ari kedahna mah, emang téh saum. Da ari bagja cilaka mah, teu aya patalina sareng udud. Urang kudu percaya, yén jodo, pati, bagja sareng cilaka aya dina tangan Gusti Nu Maha Suci.
“Keun wé atuh, geureuhan teuing siah! Nu udud aing! Mun doraka ogé, tangtu aing! Nu meuli da aing, teu ménta duit ka didinya! Rék naon didinya?” supir téh rada muncereng ka Jang Isud. Atuh puguh Jang Isud kasigeung. Pangpangna mah apan di gigireunana aya Néng Susi. Tada teuing wirangna, lamun teu bisa ‘males pati’.
“Aéh, aéh… ieu mah dipapatahan téh kalah ngalawan! Aing mah méré nyaho wé, belegug!” Jang Isud nyentak.
Cekiiit! Mobil angkot dierém sakaligus. Sirah Jang Isud ogé tidagor kana kaca, nepi ka buncunur. Blak, panto dibuka ku supir. Jrut turun
Antukna anu dirawat di rumah sakit téh jadi duaan, nyaéta Mang Sarip jeung Jang Isud. Anu jadi marga lantaran pangna dirawat téh, duanana ogé sarua alatan tina udud. Antukna saréréa jadi ngarti, antara udud jeung buncunur sirah téh raket pisan patula-patalina. Komo ninggang ka Jang Isud mah, sajabana ti buncunur téh, ditambah ku baloboran getih sagala. Hiji ‘Penemuan panganyarna’ dina dunya paélmuan, anu (béjana mah) sakeudeung deui bakal diumumkeun ku Profésor Etom, kalayan penelitianna ogé dijudulan “Relationships udud and bancunur sirah”. Dina panalungtikan Prof. Etom ogé ditétélakeun yén manahoréng geus maraot téh henteu arudud. Sabalikna, ari nu udud mah dijamin henteu maot.
**
KU ayana tragédi udud nu kaalaman dina bulan puasa, Jang Isud geus buleud patékadanana rék eureun udud. Sanajan manggih gogoda anu rohaka ogé, manéhna kedal jangji moal nepi ka kagoda. Teuing aya patula-patalina jeung Néng Susi anu sakitu ijidna kana haseup udud, atawa mémang Jang Isud téh geus maju ka bener.
“Matak ogé, kudu dieureunan ngaroko téh. Bahaya…” ceuk Jang Ubéd.
“Gampang ari nyarita mah. Tapi palebah prak-prakanana anu hésé téh. Kawas teu karasa baé,” Jang Isud rada muncereng.
“Da uing mah Alhamdulillah, geus teu beuki ngaroko,” Jang Ubéd nyarita deui.
“Kumaha tah carana, nepi ka bisa eureun udud?” Jang Isud rada curinghak.
“Gampil pisan. Ngarah teu hayang ngaroko, mémang perelu diakalan. Ari uing mah carana téh kieu: Unggal hayang ngaroko, sok diselapkeun heula rokona kana kélék. Puguh baé roko téh jadi bau. Antukna uing jadi teu hayang ngaroko,”
“Meunang sabaraha jirangan tah silaing nyelapkeun udud kana kélék?” Jang Isud semu anu panasaran.
“Ah, kakara
“Alus ogé ana kitu mah. Cik ah, uing ogé hayang nyobaan. Tapi… ari nyelapkeun udud kana kélék, matak ngabatalkeun puasa teu?” kituna téh
“Nya moal atuh. Kajaba lamun rokona tuluy dihuapkeun,” témbal Ustad Otong.
“Iiih…gila-gila acan…” meh bareng, tingbirigidig
Kakara ogé asup ka patengahan, panon Jang Isud mani geus manco kana méja. Aya roko ngagolér,
“Enyaan, jadi geuleuh rék diududna ogé…” gerentes Jang Isud
Teuing élmu Jang Ubéd anu matih, atawa mémang kélék Jang Isud anu bau tujuh rupa. Nu écésna mah, Jang Isud geus
“Nuhuuun pisan euy. Ku jasana ilaing, ayeuna uing téh geus teu beuki udud…” kitu pokna Jang Isud, basa kabeneran panggih jeung Jang Ubéd di pudunan Ciméndong.
“Sukur pisan atuh. Sugan baé satuluyna teu hayang ngaroko-ngaroko deui…”
“Sigana mah nepi ka iraha ogé, uing moal ngambeu deui haseup udud,” kituna téh
“Ké, ké, ké…
“Sing wani kabéntar gelap, mémang uing geus
Tah kitu sasakalana pangna Néng Susi ngantep Jang Isud beuki udud. Sabab, ceuk timbangan Néng Susi, batan boga kabogoh tukang nyelapkeun udud kana kélék, asa mending ka tukang udud baé. Paling henteu, moal kacaturkeun boga kabogoh jalma burung. Kilang kitu, ududna diwatesan ukur 9 batang sapoé. Teuing kumaha da Néng Susi mah resep pisan kana angka “9” téh. Aya kamungkinan alatan Néng Susi resep maén qiu-qiu.
“Néng, kunaon sih mani resep kana angka 9?” Tanya Jang Isud sakali mangsa.
“Apan nami akang dikawitan ku hurup “I”. Ari hurup ‘I’ téh mangrupi hurup ka-9. Engké ogé pami gaduh putra, namina bade dikawitan ku hurup “I” sadayana…” témbal Néng Susi.
“Naon hubunganana hurup ‘I’ sareng roko, Néng?”
“Apan kasedep akang téh roko Djisamsu… tuh ngandung hurup ‘I’. Pokona sagala rupina kedah angka 9 sareng hurup ‘I’. Titik! Teu kénging protés, kajabi hoyong diputuskeun!”. Tah, lamun geus diherengan ku Néng Susi, teu mangga pulia deui.








Untung we udud nu geus diasupkeun kana kelek Jang Isud teh teu kapanggih ku Mang Sarip. Da lamun kapanggih, terus disenget, meren tara teuing ngarenjagna….
Hahah..lucu eung..
hahaha…jetu pisan tah pamanggih mang ubed make udud di selapken kana kelek anu bau 7 rupa gkgkgkgkkgk…kanu masih resep udud mangga nyobian udud cap kelek dijamin pelem