Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 20-05-2008 |
Karya Patandang, Nomor Naskah: 021
“Meunang?” tanya saurang lalaki nu diuk di ujung meja.
Babaturanana nu kakara ngelol di lawang panto katingal nyerengeh. Tuluy nyampeurkeun, diuk di gigireun babaturanana.
Teu lila aya nu ngelol deui tina lawang panto; saurang awewe, buukna panjang dipikok semu beureum. Rancunit. Pakulitan bodas beresih. Tapi… kuring siga kateunggeul lebah jajantung, matak eungap kana ambekan; awewe teh… kuring wawuh. Suruput kuring nginum es kalapa, meh beak sagelas pinuh tapi teu matak niiskeun kana jajantung nu mimiti karasa panas.
“Di dieu!” Cek lalaki nu cikeneh datang
Lalaki nu duaan mesen kopi. Nu awewe mesen jus alpuket. Di sela-sela obrolanana, nu awewe mah kalah remen maling teuteup ka kuring. Suasana nu kaku, teu nyaman cek kuring mah. Kuring cengkat, tuluy babayar ka tukang warung. Geus beres, kari ngaleos hp disada… SMS: “Halo Hari, apa kabar?”
Sanggeus maca SMS, kuring ngareret ka si awewe. Manehna katingal neundeun hp dina meja, tuluy imut ka kuring. SMS teh jelas ti manehna.
Rek ngaleos teu tulus. Kuring diuk deui, tuluy nyeungeut roko. SMS dibales: “Cageur saya mah, teu siga didinya!”
Ku kuring dipelong sabot manehna maca SMS, paromanna robah, jadi bendu.
“Ku naon bet sinis kitu?”
“Didinya ku naon bet hideng nga-SMS? Lain keur sibuk ‘dines’?”
“SMS-an jeung saha, sih?” cek saurang lalaki nu diuk hareupeunana.
“Teu nanaon
“Teu nanaon, geus biasa nu kitu mah.” Cek lalaki nu hijina deui.
Kuring mimiti ngarasa salempang, lain ku nanaon, hoream riributan kuring mah. Hp diseting sangkan teu sada, ku nada getar wungkul.
“Nuhun!” manehna nga-SMS deui. “Saya mah geus biasa diperlakukeun siga kitu, rek ngahina ge teu nanaon!”
“Terus kumaha kahayang didinya?” kuring ngabales.
Aya ambek nu katembong tina sorot panonna nu manco ka kuring. Ku kuring teu dipalire. Ditunggu sababaraha menit, na manehna bakal nga-SMS deui. Tapi manehna kalah terus wae melong siga nu ceuceub kacida.
Lalaki nu duaan ngalieuk ka kuring. Kuring ngabalieur. Sigana maranehna geus apal ayeuna mah saha nu SMS-an teh.
Jung kuring nangtung, ngaleos, terus asup kana mobil. Nyetarter, mesin mobil mimiti ngagerung. Tapi ngadadak aya sora lalaki patinggarero.
“Heh, ka mana!”
“Wi… ke heula…, Dewi!”
Cetrek panto mobil lebah tukang aya nu muka. Terus aya nu asup. Gebrug! Panto ditutup.
Kuring ngalieuk, karek engap rek ngomong geus ditempas.
“Jalan!” Dewi ngagero.
Kuring ngalieuk ka warung, lalaki nu duaan geus carengkat, terus nyalampeurkeun
“Jalan!” Dewi ngagero deui.
Mobil digas, sabot mobil ngageuleuyeung kuring sempet ningal lalaki nu duaan lalumpatan ngudag tuluy tutunjuk
*
“Ku naon
Kuring nyerengeh, “Ah, teu nanaon, apan WTS mah di
Dewi nyelendep pindah ka jok hareup. Terus mencrong ka kuring, “Ku naon atuh bet sinis wae?”
“
“Oh, jadi hayang dipikangarti, tapi teu hayang ngarti?”
Mobil dilaunkeun, tuluy eureun di sisi.
Kuring mencrong ka manehna, “Heh, tong salah paham, saya teu butuh pengertian didinya komo mun kudu ngarti ka didinya mah!”
Jep repeh. Kuring nyeungeut roko, tuluy dikenyot jero naker. Kadenge manehna nginghak ceurik.
“Rek turun di mana?” kuring nanya.
Manehna teu nembalan kalah terus nginghak.
“Wayah kieu lain keur meujeuhna loba ‘konsumen’?” cek kuring deui. Kelepus haseup roko mimiti minuhan jero mobil.
“Atawa teu belul muka panto mobil?”
Dewi kaluar tina mobil
Ngadadak aya motor nu eureun di hareupeun mobil kuring. Nu dibonceng turun. Helemna dilaan, horeng lalaki nu di warung tadi. Tuluy nyampeurkeun ka Dewi.
“Didinya abong dongdot, teu boga kasopanan!” cek lalaki nu nyampeurkeun.
Nu saurang deui nyetandarkeun motor. Terus turun tina motor. “Heueuh sia teh, maen nyingkah-nyingkah wae sangeunahna. Ngariweuhkeun nyaho!” Pokna sanggeus muka helem.
“Pedah aya nu make mobil, heh?” cek nu saurang deui. “Na hayang dibayar sabaraha kitu sia teh? Marukna aing teu mampuh!”
Kuring cicing keneh. Teuing ku naon make jeung aya rasa karunya ka Dewi. Jadi asa-asa rek indit teh.
“Ceurik siah, lain nembal!”
“Heueuh da apal aing ge, aer mata buhaya eta mah!”
Ana kuring ngareret ana geplak Dewi dicabok. Kuring kaluar tina mobil. Si lalaki nu nyupiran motor melong, “Naon maneh?” omongna
Lalaki nu saurang deui nyampeurkeun. Teu asa-asa langsung nonjok kana beungeut kuring, ku kuring ditakis. Peureub katuhu gagal, nu kenca maju, jelebet kana beuteung kuring. Leungeun katuhuna keukeuh hayang nonjok kana beungeut kuring, ku kuring ditakis deui. Ayeuna leungeun katuhu kuring replek nyuruntul hayang males, jelebet keuna kana beuteungna. Manehna mundur
“Hey!” lalaki nu saurang deui ngagero. Barang kuring ngalieuk geus aya helem nu ngabelesat kana beungeut kuring. Jeledak! Kuring ngajungkel. Cer, getih ngucur tina irung.
Maranehna nyampeurkeun. Tuluy teu asa-asa ngajejekan kana awak kuring, kana beuteung, kana beungeut, kana pingping.
Dewi kadenge jejeritan menta tulung.
Kuring geus teu walakaya, lalaki nu duaan nepi ka capeeun ngagaley komo kuring nu digaley.
Antara sadar jeung henteu, kuring nempo lalaki nu duaan nyampeurkeun ka Dewi.
“Geus tong loba macem-macem deui lah!” cek nu saurang. “Aing geus kagok kaluar duit pan, rugi mun kudu teu tulus mah!”
Dewi teu nembalan. Kalah nyelonong rek nyampeurkeun ka kuring nu ngajoprak teu walakaya dina aspal. Tapi karek malik leungeunna geus dikenyang deui, “Meugeus antep, engke ge aya nu nulungan!” cek nu ngenyang. Lalaki nu saurang deui geus nyetarter motor. Dewi digusur, ditaekeun kana motor. Didempet di tengah tuluy nyemprung indit.
Kuring cengkat, ngorondang, tuluy diuk nyarande kana ban mobil. Ngararasakeun kanyeri dina awak.
Sawangan kumalayang, beungeut Dewi ngalangkang dina implengan. Paroman nu marahmay, imut nu manis kacida.
“Jangji…” omongan kuring ngahiung keneh dina ceuli. Asa karek kamari. “Rek insap?”
Dewi nu geulis unggeuk,
**
Peuting ieu, lain kabeneran kuring aya di warung deukeut kontrakan Dewi. Kuring datang jauh ti
“Akang menta waktu,” omongan kuring ngahiung deui. “rek ngumpulkeun heula duit. Kira-kira geus cukup rek balik deui ka Dewi.”
“Rek naon kitu.” Dewi nanya siga nu api-api teu ngarti.
“Rek… ngalamar.”
“Yakin?”
“
“Memang geus dipikir sabaraha balikan?”
“Saratus leuwih!” cek kuring yakin.
“Terus…?”
“Nya keukeuh, rek ngajak… kaw-kaw!”
“Duh, kumaha nya…” Dewi katingal salempang.
“Ku naon deui,” kuring nanya. “Dewi teu kersa kawin jeung supir?”
“Sanes teu kersa… puguh Dewi nu isin. Da Dewi mah ngan sakieu, jaba mantan…”
“Wi, geus tong dipikir deui soal eta mah. Masa lalu tinggal masa lalu. Ayeuna urang jalani kahirupan anyar nu aya dina karidoan AnjeunNa.”
Cipanon merebey maseuhan pipina nu mimiti nyiak beureum. Manehna tungkul. Ku kuring gadona diangkat, cipanon nu maseuhan pipina dihapus.
“Sing percanten Wi…” cek kuring laun. “Akang nyaah ka Dewi …” celengok tarangna dicium. “Dewi kersa ngantosan…?”
Manehna unggeuk.
“Jangji?”
Manehna ngadadak ngagabrug. Leungeunna meulit kana awak kuring, pageuh pisan. Ku kuring dicium pipina, ku kuring dicium biwirna nu ipis, terus simbut ngarusiahkeun sagalana.
Di antara suku kuring jeung suku manehna nu pagugulung, aya sajadah nu ngampar jeung mukena nu karek dipake, can ditilepan. ***








hatur nuhun…
lebih banyak d terbitkan lagi yyyy