Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 07-09-2008 |

Ku H. Rochajat Harun

(Dosen Pariwisata STPB dan UPI Bandung)

 

Geus lawas teu balik ka lembur, alatan ku kasibukan ngajar. Minggu ieu mah maksakeun maneh lunta, kabeneran rada nyalse. Sanajan ari narima SMS mah mani kring deui kring deui. Utamana ti mahasiswa tingkat akhir nu tatanya ngeunaan bimbingan skripsina. ”Ah keun heula eta mah, ayeuna mah rek mudik heula we,  pulang kampung”, ceuk pikiran teh. Maksud teh rek niiskeun pikir, sakalian rek ngalongok sobat nu geus lawas teu panggih.

 

Mapay jalan satapak, ngajugjug ka hiji lembur… (punten ieu mah sanes dangding Mawar Bodas Dety Kurnia). Baheula mah ngaran lemburna teh Babakan Lentud. Jalaran rupina kadanguna rada porno, kiwari gentos nami janten Babakan Jaksi, pacaket sareng kampung Nagrak. Tah ka lembur eta sim kuring ngajugjug, nepungan mang Uyuh, sobat dalit baheula keur budak tahun 50-an. Batur sare babarengan ngaji di Masjid Doyong.

 

Barang amprok ge, ujug-ujug der we ngobrol ngaler ngidul. Tanpa teks jeung basa basi, beda pisan jeung obrolan ngajar di Fakultas. Geuning ngajar mah make kudu disiapkeun heula LPM na sagala. Ieu mah kecemplang kecemplung we sangeunahna. Ti mimiti obrolan nostalgia jaman keur budak ngadu kaleci, ngadu jangkrik, silih sered mun tarawehan di masjid jeung sajabana. Pamungkas, ceplas ceplos ngeunaan politik jaman kiwari.

 

”Abdi mah rada baluweng teu ngarti ku pajamanan kiwari A. (Ti keur budak keneh ari nyebat pribados teh cekap ku Aa we). Kaayaan ekonomi, ku sagala marahal, hararese deuih. Eta we geuning contona ku minyak tanah, aya ku ayana, hayoh make kudu ngantay meulina, nepi ka jam-jaman ngantri. Sedihna teh eta, ari tepi ka hareupeun nu ngaladangan, ari pok teh  minyakna seep. Ah, na bet kacida teuing”.

 

”Minggu tukang mah aya deui kajadian nini-nini kapaksa kudu ngantri di desa, jalaran kudu narima langsung BLT jatahna. Keur mah nini-nini teh gering, pek kudu lila ngantri, sanajan bari diparayang ge. Atuh ari balik ka imahna teh ujug-ujug bru deui nambru, da geringna beuki ripuh”.

 

”Sarua di kota Bandung ge kitu, bah”. Ceuk kuring ngilu nimbrung. ”Lain saukur dipadesaan bae. Malahan, sababaraha bulan katukang mah angot, basa harga BBM diributkeun rek naek. Na da eta mah di unggal POM Bensin mani panjang antrian mobil jeung motor. Malahan loba nu kukulutus sagala, pedah jatahna cenah dibatasi.”

 

”Ana kitu mah A, atuh budaya ngantay teh dimana-mana nya. Kunaon A?”. Ceuk mang Uyuh bari rada ngahuleng. Ngomongna kitu teh bari teu kaliwat udud kawungna diseuseup lila, mani jiga nu nikmat naker.  

 

”Uyuh mah sok emut jaman kapungkur tahun 60-an, waktos Aa ngawitan kuliah di Bogor tea. Harita ge kungsi ngalaman antri meser beas bulgur. Cenah mah bantuan ti Amrika. Oge Uyuh sakulawarga ngalaman neda beas jagong, atanapi neda sangu campur kacang beureum atawa jagong. Eta jaman Orde Lama akhir nu presidenna pak Karno.”

 

”Ganti presiden, ngaran ordena diganti jadi Orde Baru nu dipimpin ku pak Harto. Program utamana nyeta ningkatkeun kabutuhan sandang pangan. Alhamdulillah sukses nepi ka Indonesia diakui ku lembaga dunia FAO salaku nagara nu tos sukses swasembada pangan, tahun 1984. Nanging katompernakeun kakuasaan pak Harto, kaayaan ekonomi balik deui amburadul. Liren mantenna digentos ku pak Habibi. Kaayaan ekonomi tambih amburadul. Pamimpin jeung para inohong silih tuduh, silih kiritik jeung salahkeun. Pajar cenah pak Harto jeung kroni-kronina loba hutang jeung korupsi. Jeung rea-rea deui. Terang kitu teh pedah eta we beja ti pun incu nu kabeneran resep macaan koran”.

 

Kuring teu nembalan. Bingung mere komentar jeung pijawabeun. Da memang kitu kanyataannana. Teu lila, sabari ngalinting daun kawungna nu diasupan bako tampang bawa kuring, geus pok deui we mang Uyuh nyarita: ”Saparantos gunta ganti presiden, nyeta ku Gus Dur, Ibu Mega, akhirna dugi ka ayeuna ku pak Susilo Bambang Yudoyono, karaosna ku Uyuh mah asa tambah ripuh. Sagala kudu ngantay. Nu beunghar beuki beunghar, nu miskin beuki mariskin. Nu korupsi tambah meuweuh jeung mahabu. Malahan cenah, aya beja didaerah Pameungpeuk mah tos aya nu teu daang kejo-kejo acan. Na nu kieu kitu nu disebut subur makmur loh jinawi tata tentrem kerta raharja teh?. Bru di juru bro dipanto, ngalayah ditengah imah.”

 

”Saleupasna ti Pa Habibi, geuning tara kasebat-sebat deui jenengan ordena. Ngan aya eta ge nu ngalandi era Demokrasi, aya deui nu nyebat era Reformasi. Naon hartosna eta teh A?, Era teh hartosna dina basa Sunda mah sanes Isin? Isin ku polahna para pajabat kitu? Uyuh mah asa hemeng naker jeung teu ngarti. Maklum sakola ukur ti SD lulus ge hanteu. Aa onaman ngalaman sakola di luar nagari, di Amerika jeung Pilipina. Cenah, boga gelarna ge Doktor lin?”.

 

Sakali deui kuring ngabigeug teu nembalan. Saterusna mang Uyuh geus nyorocos deui bae, neruskeun caritaannana: ”Ceuk jenatna pun bapa mah, baheula di jaman Walanda, aya nu disebut jaman Normal. Nu kumaha eta kaayaan pajamanan, Uyuh teu pati paham da teu ngalaman hirup di jama normal”.

 

”Tah kukituna, mun baheula aya nu disebut jaman Normal, sanggeus merdeka aya jaman Kamerdekaan, terus aya jaman orde Lama, aya orde Baru, aya era Demokrasi, aya era Reformasi. Atuh kuma upami jaman kiwari mah urang landi we ku Jaman Sagala Ngantay. Kira-kirana Aa satuju? Ha……….3x.”.

 

Mang Uyuh seuri ngagakgak, katempona bungah jiga nu nikmat pisan kadengena. Kuring ge milu seuri, tapi ukur seuri koneng. Kawasna alatan kuring loba ngabigeugna, tinimbang mere komentar. Rumasa eleh jajaten, kapeupeuh ku urang kampung. Geuningan jalma handap ge geus papada ngarti kana kaayaan politik jeung ekonomi kiwari. Moal gampang dibobodo jeung dipaksa kawas bareto pajamanan orde-ordean.

 

Ras nyawang ka tahun 2009, pan rek aya pesta rongkah pamilihan Presiden. Saha atuh nu bakal kapilih, rada hese diramalkeun. Rahayat leutik geus pada ngarti politik, jeung nyaho mana pamimipin nu pinunjul bakal dipilih. Lobana Baliho rapang diunggal kota jaman kiwari, oge kampanye kiwari di sababaraha media TV, can jadi jaminan bakal kapilih dina engke pamilihan presiden tahun 2009.