Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 28-11-2010 |

Carpon DHIPA GALUH PURBA

 (Dimuat di TRIBUN JABAR, 27 November 2010)

GEUS puguh disarebutna ogé teu parok jeung leuwih ti malalurka kalakuan Sanca téh. Mangtaun-taun ngumbara di kota, ari kiwari milih mulang kandang tur ngababakan di lelewek Cigorowék. Keun perkara kebo mulih pakandangan mah, da pamuda saentraganna ogé henteu saeutik. Aya nu alatan di-PHK, usahana kacrut, atawa nu mémang hayang pindah pakasaban di lembur. Sanca ogé kawasna mah ukur hayang boga pacabakan di lembur, da puguh di kota téh ninggalkeun pagawéan anu geus sidik beubeunanganna kaitung nyugemakeun. Geus lain saurang dua urang nu nyebutkeun yén Sanca asup kana paribasa cul dogdog tinggal igel. Tapi, kadieunakeun mah ampir saréréa nyarebut teu éling, sédéng, mabok kucubung, jeung sabangsana.

Lembur nu keur meujeuhna tiis tingtrim téh ngadadak sahéng ku ayana rarancang Sanca nu malalurka téa. Kadus Ukar dinanaha ku warga, lantaran bet ngidinan Sanca pikeun ngadegkeun komplék kuburan di tengah lembur. Kapan taneuh keur makam mah geus disayagikeun di tempat nu rada anggang ti lembur! Na disogok sabaraha ku Si Sanca? Abong kéna ka barayana! Pokona mah rupa-rupa wé nu ngacacang téh. Malah nurutkeun Hansip Baron mah,  Mang Bahro nepi ka awong-awongan bari ngabar-ngabar bedog. Untungna henteu ari dikeplaskeun mah, ukur samet diabar-abar wungkul.

            “Harga taneuh déwék pasti bakal turun ari deukeut kuburan mah…”

            “Lah… pangpangna mah keueung wé. Sok sieun aya nu cicirihilan tengah peuting… hihhh…”

            Kitu diantarana wangkongan urang lembur, basa geus ngaliud di buruan balé désa. Ratusan urang minuhan buruan jeung rohangan balé désa, hayang ngadéngé dadaran Kadus Ukar ngeunaan rarancang Sanca.

“Kieu sabenerna mah…” derekdek baé Kadus Ukar ngadadarkeun niat Sanca pikeun ngadegkeun komplék pajaratan di lelewek Cigorowék. Saréréa ogé ngaranjug basa Kadus Ukar réngsé ngajéntrékeun. Nu mimitina napsu ngagugudug téh sakédét nétra kasilih ku rasa panasaran. Dina biantarana,  Kadus Ukar nétélakeun yén kuburan anu rék diadegkeun ku Sanca mah lain tempat ngurebkeun layon. Dina taneuh warisan bapana Sanca téh, cenah mah Sanca rék nyieun komplék pamakaman anu dingaranan Pajaratan Cinta. Luyu jeung ngaranna, anu rék dikurebkeunna ogé lain layon, tur moal matak keueung pikeun nu borangan.

            “Pajaratan Cinta?” Méh saréréa tingharuleng. Tina teu kaharti téa, ngondang rasa panasaran, anu antukna niat Sanca dianggap malalurka. Kilang kitu, karep Sanca geus taya nu nyisikudi deui. Diarantep wé bari sakapeng sok aya nu ngahaja nalingakeun naon rupa nu keur dipigawé ku Sanca.

            Sanca téh mémang pituin urang Cigorowék. Digedékeunna Cigorowék. Tapi, saréngséna nuntaskeun sakola di bangku SMP, Sanca pindah ka kota sarta nuluykeun nyuprih élmu nepi ka paguron luhur. Kasebut hadé gogog, hadé tagog. Nu matak réa kaum wanoja nu manglebarkeun, lalaki sakitu kasépna tur geus nyangking gelar sarjana, kalah milih pakasaban jadi kuncén di Pajaratan Cinta. Padahal da saméméhna mah taya sari-sari rék ngalakukeun perkara nu dianggap teu parok jeung batur. Mimiti kasebut ngacona téh saprak mindeng pulang-anting ka Ciméndong. Méh saban minggu ngahajakeun mulang ka lembur, tuluy ngaléor ka Ciméndong. Tug nepi ka ahirna panceg patékadan pikeun bubuara di lembur, sarta rék ngadegkeun… Pajaratan Cinta.

            “Yeuh, Cép Sanca, ari saukur rék jadi kuncén mah asa teu kudu sakola luhur atuh. Lebar pisan pagawéan di kota kalah ditinggalkeun…” kitu ceuk Ceu Imas, basa sakali mangsa manggihan Sanca nu keur nyieun gapura Pajaratan Cinta. Dina pikiran Ceu Imas mah tangtu baé nu ngaranna kuncén téh sigana disaruakeun jeung kuncén makam Ciramping, makam Hujung, makam Cakranagara, jeung sajabana.

            “Saur saha kuncén teu kedah sakola luhur, Ceu? Justru kuncén téh kedah sakola nu langkung luhur batan perguruan tinggi. Teu gampil janten kuncén téh, Ceu…” kitu walon Sanca.

            “Geuning Mang Ikin ogé tiasaeun jadi kuncén makam Cilanglung?” Ceu Imas malik nanya.

            “His, urangna wé nu rupina tara ngabandungan Mang Ikin. Tangtos ngalap élmuing kuncén téh henteu babari. Margi nu namina kuncén mah henteu sagawayah, kedah tiasa nembus kapetengan. Kapan namina ogé juru kunci, anu hartosna kedah tiasa muka konci kapetengan, kedah nu tos weruh di semuna,”

            “Oh… janten upami kitu mah kuncén téh henteu sagawayah nya…”

            “Leres pisan, Ceu… mung hanjakal di urang mah henteu seueur kuncén nu leres-leres gaduh élmuna. Seuseueurna mah ukur mujawir nu ngaku-ngaku kuncén. Aranjeunna mung tiasa ngajajap nu badé jarah, kalayan teu uningaeun carana muka konci alam gaib. Paling ogé mung tiasaeun muka konci kotak amal…”

            “Kumaha upami kuncén Pajaratan Cinta? Naha Cép Sanca tos tiasa nembus kapetengan?” tanyana deui.

            “Abdi mah moal siga goong nabeuh manéh, Ceu. Mangga wé engké uningaan…’ kitu témbalna Sanca. Mémang geus papada nyaho, Sanca mah asa euweuh cupat adigung adiguna, jajauheun kana gedé hulu asa aing uyah kidul. Geus katelah soméah tara ngawilah-wilah, amis budi tara pipilih.

            Teu kungsi sabulan ogé, Pajaratan Cinta téh geus réngsé diwangun. Puguh baé da lain dangong gedong sigrong. Ukur saung leutik nyungkelik di satengahing amparan jukut. Cub, ceb, rupaning tatangkalan dipelak, sumawona nu geus karuhan nangtung saméméhna mah henteu wani digunasika. Éstuning matak betah anu unggah, lénglang gumayang panyawang, tiis tingtrim lir diusapan widadara jeung widadari nu malih warni jadi angin.

            Néng Susi anu munggaran nganjang ka Pajaratan Cinta téh. Lamun seug aya nu nganyahoankeun mah geus tangtu matak ibur deui baé. Lantaran, Néng Susi téh ngahaja datang ti kota pikeun ngajugjug Pajaratan Cinta. Untung wé dina wanci sareureuh kolot, kaayaan geus sararimpé. Barang anjog ka gapura Pajaratan Cinta, paroman Néng Susi ngadadak alum nguyung. Rét ka Sanca nu ngeluk tungkul, teu wanieun paadu teuteup jeung Néng Susi.

            “Tangtos salira sumping ka dieu téh kagungan maksad anu utami…” kitu pokna Sanca dibarung sora nu peura.

            “Leres pisan, Kang. Abdi ngahaja dongkap kadieu  seja ngurebkeun rasa cinta ka… ka hiji pameget,” témbal Néng Susi semu asa-asa..

            “Naha bet dikurebkeun sagala rupi, Néng?”

            “Margi… kedah dikurebkeun,”

            “Kahartos ari palih dinyana mah. Nanging, naha bet luluasan badé ngurebkeun éta rasa cinta?”

            “Tangtos Kang Sanca uninga. Kiwari… abdi tos jatukrami. Tos salapan taun abdi nyorang rumah tanggi. Ku kituna, abdi alim ngagaduhan rasa cinta ka pameget sanés kajabi ka carogé abdi,” pokna bari ngalimba.

            “Saé pisan pami kitu mah. Hayu urang kurebkeun ayeuna kénéh…” témbal Sanca bari ngaléngkah, muru ka handapeun tangkal samoja. Didinya geus aya lobang anyar ngali, lir ngahaja anu ditataharkeun keur ngurebkeun cinta Susi. Ukuranana kira-kira saméter pasagi, kalayan jerona aya kana satangtung awak Néng Susi.

            “Lobang kanggo naon ieu téh, Kang Sanca?” tanya Néng Susi.

            “Tangtos sanés kanggo ngubur salira. Nu kedah diruang didieu nyaéta poto-poto jalmi anu badé dilapurkeun tina manah salira, kalebet surat-surat cinta atanapi naon baé nu patali sareng anjeunna…”

            Sakedapan Néng Susi ngahuleng ngaragameneng bari ngabagi teuteup ka Sanca jeung kana map warna konéng, anu eusina poto-poto jeung surat-surat cinta.

            “Abot saleresna mah, Kang Sanca. Abot pisan…” teu kebat nyaritana, kasilih ku ngembengna cipanon, tur antukna teu katahan, ngaburial nyurucud maseuhan pipi Néng Susi.

            “Kahartos pisan, Néng. Nanging leres pisan, kacinta salira téh kedah énggal-énggal dikurebkeun,”

            “Mangga, Kang…. Hapunten sanés abdi téga… nanging kumaha atuh, papastén anu tumiba téh bet sulaya tina kereteg ciptaning ati…” pokna Néng Susi bari ngaléngkah ka tungtung lobang, sarta ngaleupaskeun map konéng tina réma-réma nu cipruk cipanon. Poto-poto jeung surat-surat cinta tingkalayang kana jero lobang. Teu talangké, Sanca langsung ngaruang lobang ku taneuh beureum. Luhureunana diteundeunan batu sagedé sirah, sarta ditulisan titi mangsa tur runtuyan kecap anu unina: Parantos Dikurebkeun Cinta Néng Susi di Pajaratan Cinta.

            “Sing ihlas nya, Néng. Sok ayeuna mah geura mulih deui.” ukur kitu caritaan Sanca.

            Atuh geus kitu mah, Néng Susi tuluy amitan, sarta ngajak sasalaman bari ngeupeulan amplop. Hanjakal amplopna mah ditampik ku Sanca. Geus kayid ti anggalna, Sanca moal narima naon baé paméréan ti sing saha baé nu nganjang ka Pajaratan Cinta.

            Peuting isukna, aya Mang Jatma nu ngadeugdeug ka Pajaratan Cinta téh. Tujuanana sarupa jeung Néng Susi, nyatana rék ngurebkeun rasa cinta ka hiji wanoja, lantaran manéhna geus kawin ka Nyi Iroh.  

            Ti poé ka poé, nu arunggah ka Pajaratan Cinta téh mingkin kerep baé. Kaasup Kadus Ukar ogé ngahajakeun nganjang ka Pajaratan Cinta, basa keur meujeuhna paséa rongkah jeung pamajikanana. Cenah mah Kadus Ukar ogé hayang ngaleungitkeun rasa cinta ka pamajikanana, ngarah luas pikeun pepegatan. Dina enyana deuih, da teu lila ti harita, Kadus Ukar pepegatan jeung pamajikanana. Saterusna Kadus Ukar kabéjakeun hahadéan jeung Nyi Ocih, anu kakara sabulan ditalak ku salakina. Nyi Ocih ogé saméméh pepegatan téh kungsi unggah ka Pajaratan Cinta.

            Béja ngeunaan Pajaratan Cinta beuki nerekab tug sumebar ka luareun Cigorowék. Ku kituna, urang kota ogé teu saeutik nu ngahajakeun ngadatangan Pajaratan Cinta seja ngurebkeun cinta. Malah kabéhdieunakeun mah lain baé nu rék ngurebkeun cinta, da geuning aya ogé nu ngadon jarah ka Pajaratan Cinta. Susuganan wé cenah bisa ngalap cinta nu geus dikurebkeun, ku cara  meuting di Pajaratan Cinta. Ari Sanca mémang tara geureuhan. Pokona mah tamu urang mana baé, boh nu tujuanana rék ngurebkeun cinta atawa rék ngadon jarah, teu weléh dibagéakeun kalayan daréhdéh.

            Teu wudu ku ayana pajaratan cinta téh mawa berekah ka masarakat sabudeureun. Ku riabna jalma nu pulang-anting, tangtu baé tukang ojég, tukang parkir, jeung tukang dagang jadi maréma saban mangsa. Nu asalna nganggap jalma gélo ka Sanca, antukna jadi milu aub néangan pakasaban anyar di satengahing ngaliudna jalma anu daratang ti suklakna ti siklukna.

            Sawatara inohong ogé nungtutan ngadeugdeug ka Pajaratan Cinta. Puguh baé tujuanana rupa-rupa. Pajabat ti Disparbud Propinsi contona, rék nawaran bantuan dana keur ngamekarkeun lokasi Pajaratan Cinta sangkan jadi lokasi wisata. Lantaran, Disparbud boga sawangan yén Pajaratan Cinta téh kalintang poténsial pikeun jadi tempat wisata unggulan. “Sumangga didamel baé proposalna. Nanging upami artosna parantos cair, badé dipotong 60 persén kanggo biaya administrasi sareng sagala rupi,” kitu cenah basana téh. Tapi lain ogé Sanca ari kudu haripeut ku teuteureuyeun mah. Tong boroning kudu nyieun proposal, apan nu geus sidik rék ngamplopan ogé tacan kungsi aya nu ditampa.

            “Hapunten sanés nampik pangasih. Nanging… abot tanggengwalerna upami abdi kedah nganggo artos rayat mah. Langkung saé disalurkeun baé ka para seniman anu teu tiasaeun ngadamel proposal.” Kitu walon Sanca ka pajabat ti Diparbud propinsi.

            Peutingna, mangsa kaayaan keur meujeuhna simpé, anu nganjang ka Pajaratan Cinta téh Pa Ohim. Kaciri susulumputanna téh, sieuneun aya nu nganyahoankeun. Pangpangna mah urang Cigorowék tangtu bakal réa nu wanoh ka Pa Ohim da puguh beungeutna mindeng nonghol dina layar télévisi.

            “Bagéa, wilujeng sumping, Pa Bupati…” siga sasari, Sanca teu weléh soméah ka sémah nu unggah ka Pajaratan Cinta.

            “His, ulah tarik teuing nyebut bupatina, bisi kanyahoan ku urang lembur,” kitu pokna Pa Ohim.

            “Oh, sumuhun, saé, hapunten atuh upami kitu mah. Mangga geura carioskeun pamaksadan Pa Bupati numawi kersa rurumpaheun sumping ka Pajaratan Cinta. Dupi… Pa Bupati téh badé pipirakan?” tanya  Sanca.

            “His, lain… lain rék pepegatan kuring mah. Kieu-kieu gé kuring mah lalaki satia. Batan kudu miceun pamajikan, mending kénéh nambahan…”

            “Janten, cinta ka saha nu badé dikurebkeun didieu, Pa Bupati?”

            “Kadé ulah geruh ka batur nya. Kuring mah hayang ngurebkeun rasa cinta ka rayat,” kitu témbal Pa Ohim teu kireum-kireum.

            “Kutan? Naon margina Pa Bupati bet alim micinta rayat? Kapan Pa Bupati téh dipilih ku rayat, anu sakitu miharep usap-asih Pa Bupati dina enggoning ngaraharjakeun…” teu kebat nyaritana, kaburu ditémpas ku Pa Ohim.

            “Lah, téori nu kararitu mah. Nu jelas, basa keur kampanye téh méakeun modal miliaran. Éta duit téh sawaréh mah meunang anjuk ngahutang ti mamana. Jadi, ari hutang mah apan kudu dibayar ceuk agama ogé, dosa hukumna lamun teu dibayar. Teu pati béda jeung modal, anu sarua kudu kagantian. Rugi ngaranana lamun usaha kalah méakeun modal bari teu ngahasilkeun nanaon,”

            “Ké sakedap, Pa Bupati… dupi pamiangan nu utami pangna hoyong janten bupati téh naon? Badé usaha atanapi badé ngabdi ka nagri?”

            “Lah, ari taeun téh sok api-api teu ngarti. Nya rék usaha atuh, ngarah beunghar. Rék naon deui lamun teu kitu mah? Jaman kiwari mah geus teu usum ngabdi-ngabdi sagala rupa. Nu penting duit, duit, duit… sagala urusan ogé lancar ku duit mah!”

            “Numawi… di Pajaratan Cinta mah teu aya nu tiasa dipésér ku artos,”

            “Maksudna?” Pa Ohim rada morongos.

            “Upami leres Pa Bupati hoyong nyirnakeun rasa cinta ka rahayat, Pa Bupati kedah kersa ngalakonan saratna. Hapunten, saratna kedah dilakonan ku nyalira, teu tiasa muruhkeun atanapi digentosan ku artos,”

            “Pokona mah naon baé saratna bakal dijalankeun! Nu penting mah kuring hayang mupus rasa cinta ka rayat, ngarah teu kararagok néangan keur ngagantian modal jeung mayar hutang.” témbal Pa Ohim kalayan tandes.

            Geus karuhan kitu mah, Sanca ngajak Pa Ohim ka handapeun tangkal samoja. Di lebah dinya pisan reuteumna batu-batu sagedé hulu,  minangka tanda geus dikurebkeunna cinta. Sajabana ti éta, di lebah dinya deuih réa anu ngadon meuting dina raraga ngalap cinta ti nu geus dikurebkeun. Méh sakabéh panon, manco ka Pa Ohim. Tapi taya nu kumawani cumarita sakemék-kemék acan, lantaran aya aturan yén sing saha baé nu jarah ka Pajaratan Cinta, dipahing loba nyarita

            “Kumaha carana miceun cinta téh, Sanca?” tanya Pa Ohim.

            “Pangapunten, Pa Bupati kedah ngalaanan sakur anggoan. Teras, bapa kedah tatih di handapeun ieu tangkal. Nanging upamina ngaraos cangkeul mah, Pa Bupati dikéngingkeun calik, tapi calikna teu kénging lami teuing,”

            “Ké ké… maksudna kuring kudu buligir?”

            “Sumuhun, teu kénging aya salambar kaén nu nutupan salira Pa Bupati. Éta saratna upami Pa Bupati badé ngurebkeun rasa cinta ka rayat,”

            “Aduh, peundeul pisan ari nepi ka kieu mah. Sabaraha lila kudu buligir di dieu téh, Sanca?”

            “Sakedap, mung lima dinten, lima wengi…”

            “Atuh loba nu ningali meureun ari tibeurang? Kacipta teuing peundeulna…”

            “Teu langkung. Upami badé bolay tangtos langkung saé. Nanging upamina badé maksa, nya kedah kitu saratna…”

            “Bolay kumaha? Atuh bolay mah moal kapuluk deui modal urut nyalon téh. Kajeun lah rék dicumponan waé, pilakadar lima poé. Mémang satadina mah hayang rerencepan, matak kadieu tengah peuting ogé,”

            “Pangapunten, kedah kitu saratna…”

            “Tapi… ari barang dahar jeung udud mah meunang meureunan nya?”

            “Kénging pisan, Pa Bupati. Nanging wayahna kedah ngagaleuh nyalira ka warungna,”

            “Dibaju heula meureun, sabot ka warung mah nya?”

            “Teu tiasa, Pa Bupati. Salami lima dinten, lima wengi, Pa Bupati teu kénging nganggo acuk salambar-lambar acan…”

            “Haduh… beurat geuning… tapi ari kitu mah kumaha deui…”

            “Kersa Pa Bupati ngajalankeun saratna?”

            “Puguh wé!” témbalna tatag pisan.

            Dina peuting harita kénéh ogé, Pa Ohim ngamimitian bulucun dina handapeun tangkal samoja. Puguh baé jadi bahan lalajoaneun nu pareng jarah ka Pajaratan Cinta. Malah nu teu niat jarah ogé ngahajakeun unggah ka Pajaratan Cinta, awahing ku hayang nyaksian ingkang bupati nuju buligir. Dina kaayaan réa nu ngarogrog, Pa Ohim teu bisa kukumaha, lantaran dipahing ngayakeun tindakan nanaon. Nepi ka aya nu motrét ku kaméra hapé ogé, teu wasa pikeun nyarék. Tapi lila-lila mah Pa Ohim geus henteu ngarasa wiring dilalajoanan tur jadi bahan geuhgeuyan téh. Kalah surungah-séréngéh tur jiga nu atoh. Nurutkeun katerangan Sanca, upama geus ngarasa atoh dilalajoanan ku balaréa dina kaayaan bulucun, hartina rasa cinta téh geus ampir sirna.

            Taya halangan-harungan nanaon , éstuning lancar ritualna Pa Ohim salila lima poé, lima peuting téh. Kacida bungangangna haté Pa Ohim, lantaran geus taya deui rasa cinta nu ngancik dina dadana. Ceuk pikirna, kana tangtu ari geus kitu mah moal asa-asa méngkolkeun duit rayat kana rékening pribadi téh. Nepi ka poho amitan, Pa Ohim rurusuhan ninggalkeun Pajaratan Cinta dibarung rasa sugema.

            Teu lila sanggeusna kadatangan Pa Ohim, Pajaratan Cinta ogé dideugdeug ku sawatara anggota DPR. Teu béda ritualna ogé, bubulucun handapeun tangkal samoja salila lima poé, lima peuting. Atuh lila-lila mah geus teu anéh deui ningali nu bulucun handapeun tangkal samoja di Pajaratan Cinta. Malah geus dianggap hal nu ilahar. Anu boga niat bulucun handapeun tangkal samoja, datangna geus henteu susulumputan tengah peuting. Rasa kaéra sigana geus dipangpengkeun ti anggalna mula. Nu keur jarah ka Pajaratan Cinta, mindeng nyaksian lalaki atawa awéwé bubulucun handapeun tangkal samoja bari surungah-séréngéh sorangan.

            Mangpuluh rébu cinta, mangratus rébu cinta, atawa boa mangjuta cinta geus dikurebkeun di pajaratan cinta. Dangiang cinta ngalimpudan lembur Cigorowék. Urang Cigorowék kahieuman cinta. Nu silih pikacua ngadadak silih pikacinta. Geus tara kadéngé deui aya pacogrégan, da puguh papada jalma silih pikacinta. Kalintang béda jeung kaayaan di luareun Cigorowék. Mindeng pisan kabéjakeun rupaning kajadian nu matak muringkak bulu punduk, alatan geus sirna rasa cinta. Anak nandasa kolot sorangan, salaki ngarogahala pamajikan, dunungan ngagunasika badéga, silih cangkalak jeung papada manusa, kaasup réa para pamingpin nu teu miroséa rahayat. Bongan, kéhéd!  Bongan rasa cinta kalah dikurebkeun di Pajaratan Cinta.

            Hiji mangsa, basa langit keur meujeuhna angkeub, Néng Susi ngaronghéap dina belegbegna mongkléng. Srog, ka lawang Pajaratan Cinta.

            “Kang Sanca… Kang Sanca… ” Najan sora Néng Susi halon, tapi éstuning matak ngabelentrang kana cepil Sanca.

            “Néng… Néng Susi?! Dimana salira téh, Néng?” Sanca malik ngageroan.

            “Di dieu, Kang Sanca, di payuneun akang…” témbal Néng Susi.

            “Aéh, aéh… naha ieu panon siga nu lolong atuh, Néng. Hapunten akang…”

            “Sanés lolong akang mah, tapi ngahaja ngalolongkeun karep,”

            “Har… naha bet nyarios kitu, Néng?”

            “Cinta, Kang! Cinta…” teu kebat nyaritana, kaselang ku nginghak. Cimata bedah, miheulaan pihujaneun nu geus mareded.

            “Sok, tenangkeun heula, Néng… mangga leueut heula ieu cai…” ceuk Sanca bari ngasongkeun gelas nu dieusi cihérang.

            “Cinta nu tos dikurebkeun téh geuning marakayangan… Kang! Beuki lami, langkung parna marakayangan …”

            “Deudeuh teuing, Néng… rupina kedah disampurnakeun deui,”

            “Teu kedah, Kang! Moal tiasa disampurnakeun pami dikurebkeunna di dieu mah,”

            “Janten… badé dialihkeun pajaratanna?”

            “Teu kedah. Di mamana ogé teu aya Pajaratan Cinta, iwal ti didieu. Deudeuh teuing Kang Sanca… deudeuh teuing…”

            “Deudeuh teuing? Naon maksadna, Néng?”

            “Teu kedah api-api, Kang Sanca. Lepat abdi ieu téh. Ku alatan abdi, akang dugi ka kadungsang-dungsang kikieuan. Alatan abdi pisan, akang dugi ka ngababakan muka Pajaratan Cinta. Leres pan, Kang?”

            “Néng…”

            “Teu kedah ngabohong, Kang Sanca. Pokona cinta abdi mémang badé dikurebkeun. Tapi dikurebkeunna di dieu… dina dada akang…” pokna Néng Susi bari ngarangkul Sanca. Kilat ngaburinyay, motrét Sanca jeung Néng Susi nu silih rangkul dibarung ngagedurna mangjuta cinta nu marakayangan.

            Taya nu wasa ngedalkeun carita. Ukur ingetan nu ngalanglang ka mangsa nu kungsi kasorang duapuluh taun katukang. Lamun téa mah Hansip Baron nyaksian Sanca jeung Néng Susi peuting éta, tangtu wé Hansip Baron bakal surti kana kabiasaan Sanca salila ngokolakeun Pajaratan Cinta. Sabab, lain sakali dua kali Hansip Baron nangenan Sanca nu ngalénghoy ka lembur Ciméndong. Tuluy nangtung di tapelwates Désa Kertamandala. Di dinya pisan Cép Sanca sok ngajanteng bari mangpengkeun paneuteup ka lebah handap, ka hiji imah nu ditingker balong. Imah tempatna Néng Susi digedékeun, saméméh Néng Susi miang ka kota sabada  ngaréngsékeun nyuprih pangarti di bangku SMP. Imah nu jadi saksi patepungna deui Sanca jeung Néng Susi, sanggeus paturay paanggang tineung salila duapuluh taun. Di imah éta kénéh, sawatara waktu kaliwat  aya nu leuir silih kedalkeunna rasa cinta.

Hujan henteu cur baé. Peuting beuki jempling. Pajaratan Cinta dilimpudan simpé. Tapi tiis jempling teu bisa nyingraykeun lalangsé éling; kasimpé ogé teu bisa mépéndé haté nu béléké.***

 

Panjalu, Novémber 2010