Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |

Cartibag Usep Romli HM       

 

HIJI

       

TEU burung datang nu lila didagoan teh. Layon Obid ti Bandung. Dibawa kana ambulan. Sora heong sirineu geus kadenge ti kajauhan. Blus ka jalan pilemburan. Heureut. Ukur asup samobileun. Bari gerenjul ku batu. Leuheung usum halodo. Mun usum hujan nyeblok.Pinuh ku leutak.

Beuki tarik sora sirineu. Komo lebah tanjakan. Sora nu nambag kana lamping kenca katuhu lir ngajeritkeun hariring  peurih nu lila kapendem satukangeun lulurung waktu.  

Tapi eta mah ngan rarasaan Apin sorangan, nu harita milu mapag di sisi jalan. Bareng  jeung urang lembur sejenna. Rereana dulur baraya Obid nu kaamanatan ngurus layon. Pikeun Apin, datangna Obid nu geus ngababatang satukangeun boeh, asa nyebit-nyebit tatu nu geus lawas lipur. Tatu nu kungsi gudawang opat puluh lima taun ka tukang.      

“Saha nu hayangeun Obid dikurebkeun di dieu ?”Nudin, batur sakulah-sakolih Apin, nanya semu panasaran.

Apin ukur ngajawab  ku gideug. Kawas nu embung kaganggu, dumeh pipikiranana keur kumalayang ka mangsa-mangsa ka tukang. Sanajan geus maot, Obid asa ngingetan Apin pikeun eling kana bingbilangan umur.

“Sabaraha taun umur, Jang?” opat puluh tujuh taun ka tukang, Obid kungsi nanya. Dibarung nyerengeh, rada nyengir saeutik. Nepi ka tembong huntu carehamna na nu dilapisan perak.

Sanggeus ngahuleng sakeudeung, Apin nembalan :

“Tilu belas taun.”

“Tilu belas? Akang dua lima. Beda dua belas taun,” Obid nyerengeh deui, kawas hayang nembongkeun huntu perakna.

Dua lima tambah opat tujuh, hartina nepi ka maot teh, umur Obid tujuh puluh dua taun. Apin genep puluh taun.

“Geus papada kolot, “Apin ngagerendeng. Bareng jeung anjogna ambulan. Jalma-jalma pahibut. Rek milu ngagotong layon. Patugas ambulan mukakeun lawang tukang. Metot brangkar sina nolol gagangna. Ku duaan lembur nu geus pangdeukeutna ka dinya, dibetot deui. Duaan asup ka jero.

“Siap ?”cek nu ti luar.

“Siap !”jwab nu ti jero.

Regeyeng gotongan layon dijungjungkeun.

“Ka mana ieu teh ?”

“Ka masjid jami we,” salah saurang dulur Obid nembalan.” Da geus dimandian, geus diboehan. Tinggal nyalatkeun.”      

Hate Apin ngageter. Uteukna pinuh ku rupa-rupa wangwangan ka jenatna Obid

“Tungtungna mah, teu burung asup ka masjid. Teu burung disalatkeun, da basa lahir dina kaayaan Islam. Naha keur hirupna kungsi Islam, jeung maotna Islam ? Tapi salila mangsa opat puluh tujuh taun, bisa jadi Obid ngalaman parobahan kajiwaan.”

Sanajan geus liwat opat puluh tujuh  taun basa mimiti pisan tepung jeung Obid, Apin inget keneh pisan. Umur dua puluh lima pikeun Obid harita, kacida pisan hargaanana. Manehna nyicingan imah panggung ukuran sedeng, sisi susukan irigasi. Pamajikanana, tara ka mamana. Beda jeung kabiasaan awewe pilemburan, nu sok indit ka sawah ka kebon. Jongjon bae ngasuh budak umur tilu taunan. Keur meujeuhna pikalucueun. Bohono donto. Mun keur kikilitikan, ku Apin sok dijaweng. Dicium pipina nu tembem. Najan semu-semu hanyir jeung baseuh ku aday, teu jarijipen teu sing. Geugeut we nu aya.

Imah teh pagigir-gigir jeung tajug. Emperna, dipasangan ontob. Di dinya Obin muka tempat nyukur. Atuh mindeng kaseundeuhan ku nu lalar liwat. Pangpangna lalaki nu rek ka carai. Ngadon niiskeun heula awak, dina bangku awi nu ngahaja dipasang di sisi emper kenca katuhu. Boh nu rek dicukur, boh saukur milu ngawangkong, mindeng ngagelek.

Kawilang mindeng Apin datang ka tempat pangcukuran Obin. Diuk dina bangku awi salila-lila. Sakapeung ngahaja dicukur mun buukna geus rogok pisan. Mimindengna mah ngadon milu maca. Sanajan hirup di pilemburan, jeung ukur gawe nyukur nu hasilna teu sabaraha, di imah Obin rea bacaeun. Buku, suratkabar, majalah. Buku-bukuna dijengjrengkeun dina meja tengah imah. Suratkabar jeung majalah mah,dibarakkeun dina erak panyukuran. Mun Apin datang, geus hideng deui Obin ngasongkeun suratkabar atawa majalah nu kasebut anyar keneh.

“Ngahaja ti Bandung kamari, Akang mawa majalah jeung suratkabar anyar bacaeun Jang Apin,” kawas sasari Obin nyerengeh. Nembongkeun huntu careham ngaborelak warna perak.

Unggal poe Jumaah Obin sok indit ka Bandung. Balik-balik Saptu sore atawa Minggu pabeubeurang. Nepi ka tara kungsi kapanggih jumaahan di masjid lembur. Ti barang datang sapiri umpi, kurang leuwih dua taun, tacan sakali-kali acan Obin salat jumaah di lembur. Da sok nyaba tea. Ku dulur-dulur jeung barayana sok diaromongkeun. Pajah teh, ngeunah Obin mah, digawena saminggu sakali. Unggal Jumaah. Tapi teu kungsi nyarahoeun, gawe naon sabenerna.

Apin ge teu kungsi tatanya, gawe naon Obin unggal Jumaah di Bandung. Nu sok ditanyakeun teh, ukur aya euweuhna koran atawa majalah anyar. Ku Obin salawasna dijawab, aya. Nu matak, unggal poe Minggu pasosore, Apin sok ngahajakeun datang. Ngadekul maca bari sidengdang dina bangku awi. Teu malire Obin keur nyukuran batur. Atawa pamajikanana cilingcingcat ti imah ka luar, atawa sabalikna, bari ngengengklek budak. Keur anteng maca mah, Apin ge teu hayang pangangguran nyium pipi budak nu tembem, sanajan budakna ngalendotan kana suku oge.

“Jang Apin mah resep maca, nya ?” Obin ngebing-ngebing lawon paranti nutupan awa nu keur dicukur tina lawang ontob.

“Resep, Kang,”Apin ngareret sakeudeung. Gancang neruskeun deui hanca.

“Aya perpustakaan di sakola ?” Obin nanya deui. Gek diuk dina korsi paranti nyukur. Cekes, cekes, ngahurungkeun bensin. Nyeungeut udud pahpir nu ti tadi geus dijieun, tapi karek kaburu dikenyot sanggeus beres nyukur.

“Aya ge kurat-karet. Ukur sababaraha judul buku.”

“Boa pepek keneh nu Akang,  nya, “Obin nyerengeh. Nembongkeun huntu careham perak.

“Rupina mah. Nu Akang, buku-buku naon bae ?”Apin panasaran. Najan mindeng milu maca surat kabar jeung majalah di dinya, tacan kungsi dibere nginjeum maca buku mah.  

“Rupa-rupa we, Jang. Sastra, kabudayaan, politik, elmu pangaweruh. Sabaraha taun umur teh, Jang?”

“Tilu belas.”

“Akang dua lima. Beda dua belas taun. Ceuk aturan mah, karek meunang maca buku-buku sastra, pangpangna roman, lamun geus tujuh belas taun.”

“Opat taun deui atuh ?”Opin kerung.

“Nya kitu, lah. Geus di SMA. Ayeuna Jang Apin kelas hiji SMP ?”

“Kelas dua.”

“Tapi da di kampung. Hese bacaeun. Kawasna meunang budak kelas dua SMP maca buku-buku roman atawa politik, ari Jang Apin daek mah,”Obin ngojengkang ka jero imah.

Puguh we Apin giak. Diasongan buku “Tenggelamnya Kapal van der Wijck” karangan Hamka jeung “Subuh” karangan Pramudya Ananta Toer.

“Baca di dieu we, satamatna nepi ka iraha. Ulah dibawa mulang”

Naha ?”Apin ngajenghok.

“Dibawa mulang mah sarua jeung nginjeumkeun”

Naha ari nginjeumkeun, ulah kitu, Kang ?”

“Ulah pisan. Sabab, jalma nu nginjeumkeun buku sarua jeung belegug”

“Kutan ?”

“Leuwih belegug deui, jalma nu mulangkeun buku beunang nginjeum.” 

Apin nyalakatak. Obin neruskeun caritana :

“Nu matak langka jalma mulangkeun buku meunang nginjeum da sieun dianggap pangbelegug-belegugna. Ari Akang sieun dianggap belegug mu  nginjeumkeun buku ka Jang Apin.”

Jadi unggal poe, Apin idek liher di emper imah Obin.Namatkeun buku Hamka jeung Pramudya, saminggu campleng. Ti barang balik sakola, nepi ka liwat asar. Salat lohor jeung asar ge di tajug gigireun imah Obin we. Sakapeung sok diajak dahar. Karasa darehdeh someahna salaki-pamajikan teh. Budakna ge milu apet. Geus teu asa-asa nirilik mapagkeun mun nenjo Apin datang. Hayang dirawu dipangku. Hayang dicelengok pipina nu tembem semu baseuh jeung hanyir. Geus rada capetang nyarita deuih. Mindeng ngaganggu kaantengan maca ku pertanyaan-pertanyaan nu teu pikahartieun. Sok gancang dicokot ku indungna, atawa ku bapana bari diomonganan :

“Ulah ngaganggu Mamang Apin. Keur maca.”

Tamat Hamka jeung Pramudya, rea deui buku sejen nu kapapay kabaca. Henteu kudu ngadagoan diasongan deui. Obin ngahempekkeun milih sorangan.

“Resep kana politik, Jang ?”Obin nanya, biasa bari nyerengeh, barang nenjo Apin muka-muka buku “Doktrin Politik” susunan Comite Central Partai  Komunis Indonesia, nu jilidna beureum. Make gambar “Palu Arit”.

“Ah, hayang terang we, Kang,”jawab Apin  bari pipikiranana ngabanding-banding jeung buku nu kungsi katenjo dina meja bapana. Buku nu jilidna hejo, make gambar “Bulan Bentang”. Bapana nyaram. Ngajewang eta buku. Bus kana laci. Jepret dikonci. Apin teu ngarti, naha bapana kawas nu ulah kailuan maca. Beda jeung Obin nu terus-terusan mere sumanget sangkan rea maca.

 

DUA

 

SATAUN kalarung. Biasa, Minggu pasosore, Apin keur jongjon maca di emper panyukuran imah Obin. Suratkabar “Warta Bandung jeung “Harian Rakyat” nu medal tilu opat poe samemehna, geus  rengse dipapay. Obin ngasongkeun suratkabar “Warta Bhakti”.

“Tah, Jang kitu geuning kabuktianana mah,” Obin nyarita daria. Henteu nyerengeh kawas sasari.

“Naon, Kang ?”

“Eta roman karya Hamka nu dipikaresep ku Ujang tea ?”

“Tenggelamnya Kapal van der Wijck ?”

“Enya. Sihoreng meunang niron eta teh geuning…….!”

“Kutan ?”

Tacan beak kaheran Apin, Obin nuduhkeun tulisan dina rubrik “Lentera” suratkabar “Warta Bhakti”. Di dinya aya tulisan Abdullah Said Patmaji nu netelakeun yen buku “Tenggelamnya Kapal van der Wijck” karya Hamka, mangrupa plagiat tina roman “Magdalena” karya pangarang Mesir, Lutfi al Manfaluthi.

Balik ka imah, Apin gancang cacarita ka bapana ngeunaan papanggihanana bieu. Wani jeung daek soteh cacarita, lantaran Apin nyaho, bapana sok katenjo macaan karangan-karangan Hamka. Nu kungsi kapanggih, bapana anteng pisan maca buku “Bohong di Dunia” . Mun tas dibaca, buku teh gancang disumputkeun.

Bari rada nyureng, bapana ngaeyahkeun.

“Pagawean jalma nu  ngewa ka Hamka jeung ka umat Islam eta mah,” jawab bapana tandes.

Hanjakal oge Apin enggeusna mah. Sabab isukna barang rek indit ka imah Obin, bapana nyalukan :

“Ulah idekliher teuing di imah Si Obin!”

Naha ?”

“Kominis si eta mah.”

Sakikituna. Taya penjelasan nanaon deui. Nambah panasaran dina diri Apin.

Tapi teu dipalire. Angger bae datang. Babakuna kataji ku bacaeun. Lantaran geus omhang, selang-selang tina maca teh,  basa tempat panyukuran keur suwung, jeung Obin katingal salse, Apin lahlahan tumanya :

“Kang, ari Akang muhun kominis ?”

“Ari kitu ?”Obin nyerengeh. Nembongkeun huntu careham perak. Cirining keur lugina.

“Ah. Henteu. Aya we nu nyarios.”

“Mun enya rek kumaha ? Mun henteu rek kumaha ?”Obin nyerengeh deui. Malah dituluykeun ku ngahahah.

“Moal kukumaha. Rek angger we milu maca.”

“Alus, Jang, “Obin nepakan taktak Apin. “Kudu kitu tah. Boga jiwa progresip revolusioner. Henteu heureut deuleu jeung sumpek pamadegan. Enya, ku urang dieu Akang dianggap kominis. Pedah tara salat. Ka tajug tara, salat lima waktu unggal poe tara Jumaahan ka masjid jami tara. Da enya Akang mah kominis. Anggota partey. Malah jadi anggota pangurus “Pemuda Rakyat” di Bandung“.

Karek harita Obin terus terang. Tapi teu matak ngarobah sikep Apin. Malah beuki osog kana maca. Komo sanggeus ku Obin dibebaskeun maca naon bae, jeung meunang mawa buku nu can tamat dibaca dibawa ka imah.

“Sajaba ti rea maca, urang kudu bisa nulis. Nulis naon bae nu aya dina kereteg hate jeung  pikiran urang, “cek Obin hiji poe, bari nembongkeun suratkabar mingguan nu dieusi tulisan ngeunaan kahirupan di pakampungan. Nu nulisna tetela Obin.

“Akang ge sok ngarang ?”Apin rada colohok.

“Pasti atuh. Apan kudu tea. Kudu maca, kudu nulis. Pikeun ngabuktikeun diri urang teh aya. Lain ukur aya ku jentul wungkul. Tapi ku karya. Ku kabisa nu katangar ku balarea. Carana, nulis dina suratkabar, majalah atawa buku. Ujang hayang jadi pangarang ? Hayang jadi wartawan ?”

Apin unggeuk. Obin asup ka kamarna. Teu lila ka luar deui. Mawa dua buku. Nu hiji “Dunia Jurnalistik” karya Jawoto. Nu hiji deui “Salam dari Kawan Mao”. Song ka Apin bari nerangkeun pinuh kareueus :

“Jawoto teh wartawan kahot. Ayeuna Kepala Lembaga Kantor Berita “Antara” di Jakarta. Sakeudeung deui rek diangkat jadi duta besar di Tiongkok. Ari Mao teh, Mao Tse Tung, pamingpin kominis Tiongkok. Duanana barisa ngarang, nulis gagasan-gagasan, di sagigireun pinter nyarita di podium-podium rapat raksasa.”

Buku ditampanan, bari menta idin rek dibaca di imah. Obin nyaluyuan.

Sajajalan muru balik ka imah - rada anggang ti imah Obin, misah lembur tapi natangga keneh - uteuk Apin asa mepeg. Hemeng ku rupa-rupa hal. Naha bapana, nu saimah sagulung sagalang, henteu brukbrak. Mun teu penting-penting teuing, ngobrol ge langka. Ari Obin mani sagala dijentrekeun. Nepi ka kayakinanana oge dibalakakeun. Teu lebar ku kaboga deuih. Buku, majalah, suratkabar teu diempet-empet dikokoret. Malah dikubrakeun.

Loba mere beja anyar jeung pararenting deuih. Pangpangna dina ngeunaan kamekaran kabudayaan jeung kasusastraan. Apin jadi wanoh pisan ka Obin ngaliwatan karangan-karanganana nu jadi mindeng kabaca. Boh artikel, sajak, carita, boh bahasan. Obin nembongkeun raga katineung anu gede pisan kana karaharjaan rahayat. Dina hiji tulisanana Obin ngungkab nasib rahayat di pasisian nu hirupna koreh-koreh cok. Rea nu dahar sore, henteu isuk. Padahal di sisi-sisi lemburna, ngaplak lega pasawahan. Subur tur mucekil. Saban panen ngahasilkeun pare mangketon-keton. Tapi rahayat mah ukur kahieuman bangkong. Da nu baroga eta sawah ayana di kota. Atawa aya oge di desa, ngan kumed, pedit. Teu daek babagi kalawan adil. Ukur mere garapan nengah mertelu nu leuwih matak ripuh patani tinimbang nu bogana.

“Ieu nu disebut “setan desa” bungkeuleukan.  Guntayangan nyerot getih rahayat. Ieu nu kudu dibabad dibasmi, sangkan rahayat bagja raharja. Bebas tina panandasa para juragan tanah. Ieu nu kudu dileled ku revolusi sosialis. Revolusi rahayat leutik, kawas revolusi Bolsjewik di Rusia !”kitu eusi tulisan Obin dina hiji suratkabar mingguan wedalan Jakarta, nu kungsi kabaca ku Apin. Nu ngajurung sumanget Apin pikeun bisa nulis kawas kitu.

Beda ti sasari, hiji poe bapana nyalukan. Ngajak nyarita daria.

“Ari maneh getol-getol teuing macaan buku kominis. Ti Obin ?”

Apin unggeuk. Moal bisa ngahelah, sabab bapana geus nyenyekel buku “Salam dari Kawan Mao” nu karek dibaca dua lambar kamari.

“Pulangkeun gancang. Mun hayang maca, bacaan buku-buku Bapa nu aya dina peti. Pek ludang tuh dina peti. Tah koncina.”    

Geus bapana ngaleos, indit mere pangajian partey “Nahdlatul Ulama” di desa sejen, Apin gancang ngagusur peti di goah padaringan. Mani pinuh ku kekebul. Tapi eusina mah beresih keneh. Bangsaning buku jeung majalah Islam. Di antarana beundeul majalah “Al Imtisal” wedalan Tasikmalaya, beundeul majalah “Al Hikmah” wedalan Masyumi, jeung rea-rea deui buku karangan para kekentong Masyumi.

Teu apal pisan Apin oge. Ukur sasangkaanana dumasar kana ingetan jeung beja hawar-hawar. Bareto inget-inget poho, ku bapana kungsi digandong ka alun-alun kacamatan. Nyaksian kampanyeu “Masyumi”. Nu pidatona Isa Ansyori, jeung “Ajengan Cilik”. Sanggeus “Masyumi” dilarang ku pamarentah Sukarno - basa Apin karek asup ka SMP taun 1960 - bapana aktip di NU. Malah jadi pangurusna di kacamatan.

“Mun ti bareto nitah macaan  buku teh. Ari geus dibaladah ku Obin kakarek engeuh,” Apin rada kukulutus. Tapi bungah oge meunang idin muka peti jeung ngamangpaatkeun eusina. Hartina beuki rea bacaan, jeung lain ti sapihak.

Geus aya bacaan di imah mah, ka Obin teu noron teuing. Heuleut tilu atawa opat poe. Mulangkeun bari nginjeum deui buku anyar. Geus ningkat deuih obrolan ge. Henteu ukur tukang narima beja wungkul. Tapi bisa mere beja, nu engkena bakal dipadungdengkeun jeung Obin.

Naha ari sakur kominis kudu atheis. Teu percaya ka Gusti Alloh ?”Apin nyoba-nyoba ngasongkeun masalah ka Obin. Pertanyaan meunang nyutat tina buku ipis “Hati-Hari Terhadap Ideologi Komunis” wedalan “Front Anti Komunis” Jawa Barat taun 1954.

Saperti biasa Obin nyerengeh. Nembongkeun huntu careham perak. Terus ngajawab kalem pisan :

“Ah, henteu. Aya nu kominis tapi teu atheis. Kitu deui, aya nu atheis, tapi lain kominis.”

“Ari Akang ?”Apin semu panasaran.

“Lantaran Akang mah hayang jadi kominis saestu-estuna, nya Akang mah atheis we. Nu matak tara salat oge. Ieu nembongkeun sikep jujur. Henteu munapek atawa lolondokan.”

“Jujur ?”Apin kerung.

“Tangtu, jujur. Sabab dina kahirupan mah, Jang, ukur aya dua pilihan. Halal-haram. Salah-bener. Jujur-hianat. Munapek, hipokrit, mangrupa sikep jahat pisan. Leuwih jahat ti batan hianat. Tah Akang mah hayang jujur. Embung munapek atawa hianat. Akang komunis. Risikona Akang kudu atheis. Kudu kapir. Teu ngigama jeung teu boga agama. Sabab dina Islam oge, ukur aya dua pilihan. Fal yu’min awu fal yakfur. Iman atawa kapir.

Lantaran Akang komunis, teu iman, Akang kudu kapir. Kudu atheis,” Obin nerangkeun bari terus nyerengeh. Huntu perakna beuki katembong boborelakan.

“Hebat, Kang !”Apin muji.

“Akang embung jiga karereanana umat Islam,” Obin neruskeun kalawan tatag. “Ngaku Muslim, ngaku iman, tapi teu penceg kamusliman jeung kaimanana. Isuk-isuk iman, sore kapir. Peuting tahajud, ti beurang nganiaya rahayat. Rea babaturan Akang ngaraku Islam. Tapi tara salat, tara jumaah, puasa ge tara. Rea nu ngaku Kristen, ka gareja tara nincak-nincak acan. Akang kataji ku kominis, ku PKI, lantaran jalma-jalmana jalujur. Maranehna atheis. Kapir. Atuh tara salat, tara puasa, tara ngalakonan ritual ibadah. Cirining jujur etah.”

Ngabandungan logika nu diasongkeun ku Obin, Apin kataji. Sanajan nolak kana bebeneranana. Sajajalan muru balik, hatena nganuhunkeun ka bapana nu geus ngeuyeuban pangaweruhna ku cara mere bahan bacaan nu beda tina bacaan-bacaan ti Obin.

 

TILU

 

GEUS lulus SMP, Apin neruskeun ka sakola guru di Garut. Milu ilubiung dina rupa-rupa kagiatan, Kaasup politik jeung kabudayaan. Jeung Obin mindeng panggih lamun kabeneran di Garut aya kagiatan kabudayaan nu diguguluan ku Lembaga Kabudayaan Rakyat (Lekra). Obin  teu weleh ngajak hadir. Sanajan rea kader-kader PKI, pangpangna “Pemuda Rakyat” jeung “IPPI” (Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia) nu tingdarilak jeung tingharewos mun nenjo Apin milu pajemuhan kaum kominis, teu dipalire. Asa dijamin ku Obin nu tetela di lingkungan eta mah, lain Si Itu Si Eta. Kungsi aya budak IPPI ngaharewos tarik ka Obin,  yen Apin mah aktivis Gerakan Pamuda Anshor, murid KH Anwar Musaddad, naha bet disina milu aub kana kagiatan PKI ?

“Di luar GP Anshor soteh. Di dieu mah “kawan”, nya Jang ?” Obin malik. Biasa dibarung nyerengeh. Nu ngaharewos tadi, teu ngemek deui.

Terus terang Apin kataji ku cara kagiatan urang kominis nu teu panta-panta. Harita nyaksian, anggota Lekra ti pasisian Garut Kidul, meunang kasempetan cacarita hareupeun gegeden Lekra ti Jakarta, Hesri Setiawan jeung Hr.Bandaharo nu geus kasebut sastrawan hebat. Tulisan-tulisanana rea kabaca ku Apin. Ampir unggal poe aya dina suratkabar “Harian Rakyat”, “Warta Bhakti”, majalah “Zaman Baru” jeung sajabana. Estuning produktip pisan. Eta urang pakidulan Garut teh, cukup ku nyebut “Kawan Hesri”, “Kawan Bandaharo”. Teu kurang teu leuwih. Atuh Hesri jeung Bandaharo teu asa diunghak. Malah leleb pisan nyebut “kawan pedesaan” ka anggota Lekra nu aktip dina seni reog teh.

Hiji hal nu teu kapanggih ku Apin dina lingkungan partey Islam. Nu cacarita teh para kiyai jeung pangurus wungkul. Anggota kuricakan samodel Apin mah, nu kasebut budak keneh, ti awal nepi ka ahir, ukur semet ngeluk ngabandungan. Kungsi Apin usul ka salah saurang kekentong partey Islam Jawa Barat, sangkan para mustami nu ngarora keneh, dibere kasempetan ngaluarkeun pamanggih di hareupeun forum, kawas nu sok kapanggih di lingkungan PKI.

Ngajawabna singget pisan :

“Justru di dinya bedana partey Islam jeung PKI.”

Keur kelas dua Apin teh, basa kajadian reuweuh-reuweuh Gerakan 30 September di Jakarta, nu diguguluan PKI sabalad-balad. Inggeungna karasa ka sakuliah nagara. Kaasup ka padesaaan-padesaan.

Ti bapana, Apin meunang beja, yen di Pasir Geulis kapanggih lombang badag anyar meunang ngali. Ditalungtik, aya nu ngaku, cenah diparentah ku Kuwu Sumad. Geus kitu mah teu hese matula-matalikeun. Apan Kuwu Sumad teh PKI. Sarua jeung Obin. Sarua jeung Hunang, jeung Ajut, nu sok ngareog jeung  nyalung.

Teu reuwas teu sing meunang beja kitu teh. Da tina suratkabar ge kabaca. Ti mimiti jendral-jendral diculik terus dipaehan di Lubang Buaya. Mayitna digebruskeun ka sumur. Beja ngeunaan kakacowan pamarentahan deuih. Bung Karno ngungsi ka Halim Perdanakusumah. Mayor Jendral Suharto, Panglima Kostrad tandang makalangan ngababad karaman.

Sabulan tas kajadian, Apin teu ngahaja panggih jeung Obin di pengkolan. Awakna begang. Seurina henteu suranyeh. Malah diajak nyarita, biwirna semu-semu balem. Nepi ka teu katembong naha dina huntu carehamna aya keneh lapis perak atawa geus euweuh.

“Akang mah keur tunggara,” Obin semu ngahalengis. Matak watir nu ngadenge.

“Abdi ngama’lum, Kang. Sing atos-atos we,” Apin ngupahan. Ras inget ka budakna. Nu ipina tembem. Nu baseuh jeung semu hanyir. Meureun geus lima taunan. Tereh disakolakeun.

Bisa disebut tepung panungtungan. Sabab saminggu ti harita, Apin kadatangan bapana nu tas rapat di kantor NU Garut.

“Imah Obin diduruk,” beja pangheulana nu katarima, matak ngajewaw.

“Kumaha buku-bukuna ?”ujug-ujug eta nu dipikainget ku Apin.

“Lapur teu nyesa. Malah tajug ge milu kaduruk.”

“Ari Obin ?”

“Salamet. Da didurukna peuting. Isuk-isukna Obin ditewak. Dibawa ka Kodim.  Anak pamajikanana mah diungsikeun ka imah dulur-dulurna.”

Nyoba-nyoba Apin datang ka kantor Kodim. Hayang ngalongok. Tapi ku nu jaga dilarang. Sakur tahanan anyar anggota PKI, masih keneh diisolasi. Tacan didaptar saha-sahana jeung ti mana-manana. Jadi hese neanganana.

“Jeung kudu ati-ati, ulah dapon hayang tepung,” kopral patugas jaga ngingetan. “Bisi hayoh ke ente kababawa dipekaikeun. Daek ?”

Apin nu harita mamake jeket KAPI - Kesatuan Aksi Pelajar Indonesia - gideug. Hatena murengked. Kawanina peot. Gura-giru ka luar ti buruan kantor Kodim. Muru pos komando nu jadi panonoban anyar salila kaayaan gunjang-ganjing.

Pleng les teu aya beja teu aya carita. Basa meneran balik, ngalanglang ka urut imah Obin. Tinggal ruruntuk sesa ngahuru. Kabeh geus renghek geheng. Nu gampil kateureuy seuneu, tinggal kekebul mangrupa lebu hideung. Meureun pasesaan buku-buku, suratkabar, jeung majalah bogana Obin. Kacipta ku Apin, sut hurung teh enyaan. Asa disuluhan ku keretas.

Tajug gigireun imah Obin, milu kaduruk. Bubuhan kawilang antel pisan. Ceuk Mujab, babaturan Apin nu nyaksian eta kajadian, tajug mah teu tuah teu dosa. Bet angger kababawa.

“Imah katut eusina sapuratina oge teu dosa. Mun rek disebut dosa, meureun Obin sorangan, da manehna jadi kominis. Naha mani kudu jeung imahna di sina ledis ?”Apin ngaheruk.

“Teu nyaho urang mah. Sakabeh urang dieu ge teu nyaho. Ujug-ujug datang saabrulan jalma. Bada isa harita teh. Tinggorowok “ganyang PKI, ganyang PKI”. Gur bae imah Obin. Imah Kuwu Sumad sarua. Ngan imah Hunang jeung Ajut nu henteu teh. Bubuhan ukur kominis pepetekna meureun,” Mujab nerangkeun.

“Urang dieu teu nyaho. Komo urang jauh, teu nyaho pisan. Naha wani-wani ngaduruk, nya ? Lain nanaon urang mah, euy. Kahayang teh ulah dapon emosi. Keun we imah jeung eusina mah, teu kudu digunasika. Cukup ku jelemana, nu kominisna, ditewak.”

“Teuing atuh. Pedah usum dudurukan we meureun. Ilu-iluan.”

Nepi ka opat puluh dua taun pleng les. Apin ukut meunang beja saliwat-saliwat. Cenah, Obin dipindahkeun ka panjara Kebon Waru. Ti dinya ka Nusa Kambangan. Terus ka Pulo Buru. 

Aya deui beja kamari. Di pangjumaahan. Yen Obin gering ripuh di Bandung. Keukeuh meredih, mun puput umur hayang dikubur di lembur. Aya titahan kulawargana datang ka Ajengan Muhlis.  Nyaritakeun kahayang nu keur nyanghareupan ajal.

“Ari Emang mah, pek teh teuing. Dikubur di mana-mana oge, sarua jalma mah. Nu beda teh amal-amalanana di dunya, nu baris kabawa ka alam nu bakal datang,” putusan Ajengan Muhlas nu jadi cecekelan kulawarga Obin.

Ayeuna layon datang. Apin milu mapag. Mun bisa hayang muka heula boehna lebah beungeut. Hayang nyaho rurupaan pamungkas Obin nu kungsi sagulung-sagalang opat puluh tujuh taun ka tukang. Dina henteuna rek milu nyalatan. Sanajan kungsi apal, yen Obin ngaku kapir. Ngaku atheis. Piraku sugan dina mangsa ampir satengah abad, tur ngalaman rupa-rupa pait peuheur kahirupan nu pangpait-paitna jeung pangpeuheur-peuheurna, taya parobahan pamadegan jeung pamanggih. Bari Obin mah ukur saurang pribadi. Sajarah geus ngabuktikeun, kominis nu mangrupa ideologi internasional, jadi anutan nagara jeung bangsa, bisa runtag sapisan. Bangsa-bangsa jeung nagara-nagara komunis rea nu ancur lebur. Uni Sovyet, Yugoslavia, Jerman Wetan, Rumania, Hungaria, jeung sajabana. Komo deui ukur sadirieun Obin nu geus kaluar asup panjara, pangbuangan, terus hirup deui di pakumbuhan nu geus barobah ku perjalanan jaman.

Ti sisi jalan, layon digotong ka masjid jami. Patempatan nu bareto teu weleh disingkahan ku Obin. Sabab unggal poe Jumaah, manehna indit wae ka Bandung. Apin apal pisan. Sabab kungsi jadi tukang ngarep- ngarep sangkan Obin gancang mulang poe Saptu atawa Minggu. Hayang geura moro oleh-olehna. Surtkabar, majalah atawa buku bacaeun anyar.

Datang deui mobil sejen. Sababaraha urang turun. Aya nini-nini kolot. Aya awewe tengah tuwuh umur lima puluhan. Apin geus teg. Nini-nini kolot moal salah pamajikan Obin. Ari nu tengah tuwuh, anakna, nu bareto bohono, pipina tembem, baseuh ku aday jeung semu hanyir ari dicium. Ayeuna jigana geus dituturkeun ku incu-incuna. Aya nu bohono di antarana. Ngan pipina beresih hade urus. Henteu baseuh ku aday jeung moal semu hanyir. Malum hirup di kota.

Teu lila di masjid teh. Layon gancang dibawa ka pakuburan nu geus rengse dikali ti tadi. Bada ngurebkeun, Apin teu buru-buru balik. Ngahaja mandeurikeun maneh. Itung-itung jarah. Sakalian tafakur. Neuteup hiji-hiji tutunggul parentul. Neuteup patempatan nu isuk pageto jaganing jaga, baris jadi panonoban dirina.

“Kitu ge lamun ku Gusti Alloh ditakdirkeun maot di dieu, di lembur, tur aya kasempetan dikubur di dieu. Kawas Obin. Nganclang ka mamana dina kaayaan nandangan lara tunggara, jasadna bisa keneh mulang ka sarakan baligeusan,”Apin ngaheneng. Ret ka kuburan anyar nu dieusi layon Obin. Nu opat puluh dua taun ka tukang kungsi nyarita yakin pisan. Yen hirup di dunya mah ukur dua pilihan. Kaasup dina soal akidah. Mun teu kapir,  nya iman. Ulah satengah sapotong. Sakapeung iman sakapeung kapir.

Apin sorangan teu nyaho. Naha dirina boga pamilih nu panceg kitu ? Atawa mindeng luak-leok pucuk awian ? Atawa kawas engkang-engkang ? Rumasa, sapanjang hirup genep puluh taun, tacan boga pamilih nu luyu jeung kanyataan. Ngaku iman, padahal ukur wawayagon. Disebut kapir, nolak entangan-entangan.

Obin mah, ti opat puluh tujuh taun ka tukang geus boga pamilih tur wani ngabuktikeunana dina kahirupan sapopoe. Malah geus deukeut ka maot oge, wani nangtukeun panonoban pamungkas pikeun ragana nu geus ngababatang. Henteu di Nusa Kambangan. Henteu di Pulo Buru. Tapi di lembur nu kungsi jadi pamatuhanana  baheula.

Angin nebak ti lebak. Muragkeun kembang-kembang samoja nepi ka mayak dina astana. Sora situncuing lir nurih langit. Apin ngagerentes :

“Kang Obin, Akang geus tinemu jangji ahir. Pek sing tagen nyanghareupan tanggungjawab pribadi Akang ka Gusti Alloh nu ku Akang bareto dianggap euweuh. Mugi-mugi bae salami Akang ngumbara di dunya, kungsi anjog ka lahan nu nganyatakeun ayana Dzat Nu Maha Kawasa, tur jadi kayakinan anyar nu ku Akang bisa dibuktikeun sabada nyawa katut amal-amalan pegat, jeung awak nyangkorah dina logak sacangkowak” ***

 

Dimuat di Majalah Mangle