Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-01-2009 |


 

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

Kalayan asmana kamanusaan

Taya deui kecap nu pantes keur Israel

Kajaba: Anjing!!! Babi!!!

Nu kudu diboro

Dipodaran!!!

Diapungkeun ka awang-awang

Nagri kandel kulit beungeut

Nu rerebut taneuh batur

Nu sarakah

Nu cucungah!!!

Israel Anjing!!! Israel Babi!!!

 

Ieu sajak nu miang ka Palestina

Ieu sajak nguwak-ngawik sakadang Israel

Ieu sajak ngamuk di Jalur Gaza

Ieu sajak ngarakrak Si Anjing Ehud Barak

Ieu sajak ngabintih Si Babi Gabi Ashkenazi

Ieu sajak nyekek beuheung Si Monyet Ido Nehoshtan

Ieu sajak nyurilam beungeut Si Setan Eli Marom

Ieu sajak modaran Si Bangsat Yoav Galant

Ieu sajak niir Si Iblis Yair Golan

Ieu sajak samber nyawa ka sing saha nu ngabalad jeung Israel:

Si jurig nyiliwuri, siluman, dedemit, diu, nu marakayangan

Modar siah bangsa nu taya ras-rasan! Sing modaaaar!!!

 

Sajak aing sajak cimata Palestina

Sajak aing sajak jumerit budak leutik

Sajak aing sajak tunggara kaum wanoja

Sajak aing sajak perang!!!

 

Suku Gunung Manglayang, Ahir Desember 2009