Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |

Ku ASEP RUKMAN

 

Aya ratu dangdut, aya ogé ayeuna mah ratu jaipong. Diayakeun ku panata calagara anu diwengku ku  kelompok nonoman Kreasi Anak Muda Parahyangan (KAMP) Production, gawé bareng jeung Dinas Kebudayaan dan pariwisata (Disbudpar) Jabar, katut Ikatan Ahli Rias Pengantin (IKARIP) Sekar Tanjung. Leupas tina disaluyuan atawa henteu ku para praktisi jaipongan, ieu acara kontés ratu jaipong téh réngsé digelar di Gedong Kasenian Sunan Ambu STSI Bandung. Tina tujuh finalis anu kapilih, ahirna Irma Ria kapeunteun jadi pinunjulna. Irma Ria meunang pangajén, minangka Ratu Jaipong 2003.

*

Aya nu matak ngaranjug, basa kanyahoan mun yén tujuh finalis téh saguru-saélmu dina nyukcruk élmu kaparigelan tarina. Guguruna sarua ka Pa Awan, urang Ujung Berung, Bandung. Tapi perkara éta, kakara katohyan ku panitia, sanggeus ditalungtik bio datana. Kitu nurutkeun katerangan Yudéf Afrizon, basa ditepungan ku SB di basecamp KAM, Jalan Ciateul Tengah No.16, Bandung. Hanjakalna SB teu kaburu nepungan guruna, pikeun nanyakeun rusiah kasuksésan  7 urang muridna.

Para finalis Ratu Jaipong téh diantarana Rika Luvita Sari (Jakarta), Wita Komarawati (Cimahi), Widyaningsih (Bandung), Tri Nanda Sofiana Zein (Jakarta), Nunik Githa Rahayu (Cimahi), Dédé Kurniawati, jeung Irma Ria téa. Dumasar kana sababaraha tinimbangan, ahirna déwan juri anu diwengku ku Dra. Etty RS, H. Édi Suratmo, Ibu Imél, jeung Ibu Nursyahrudin, ahirna sapuk pikeun milih Irma Ria.

Irma Ria, hiji wanoja wedalan Bandung, 2 Oktober 1976, saméméhna kungsi jadi pinunjul 1 pasangan Movas Jawa Barat. Wawasanna dina widang kasenian, dianggap euyeub ku déwan juri. Pon kitu deui dina metakeun kaparigelan jaipongna, ieu lulusan diploma III Sastra Francis Unpad téh, dianggap pangnyongcolangna. Sanajan geus rumah tangga, kalayan dipaparin hiji turunan ogé, Irma teu weléh sumanget dina ngamekarkeun bakat tarina, komo deui ayeuna geus kapilih jadi Ratu Jaipong. Kiwari ieu ratu jaipong anu jangkungna 155 cm, jeung beuratna 50 kg téh nganjrek di wewengkon Pojok Cimahi.***

 

 Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 138, April 2003