Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |

Ku YOES &  DHIPA GALUH PURBA

 

NAJAN kasebutna geus suksés ngokolakeun usaha di ibu kota, tapi Ir. Rauf Purnama henteu mopohokeun bali geusan ngajadi-na. Nepi ka kiwari, ieu insinyur lulusan ITB (Institut Teknologi Bandung), tetep mikatineung lemah cai pamianganana. Kabuktian, dina séla-séla kasibukanana, Ir. Rauf masih nyimpen kahéman jeung kadeudeuh kana seni budaya Sunda.

*

ASUP ka gedong agréng anu luhurna nepi ka 14 tingkat, mimitina SB rada rungkag-rengkog bari mandeg-mayong. Komo deui barang nengetan sakur papan informarsi di éta gedong, ngagunakeun basa Inggris. Hiji tanda anu tangtuna ogé ieu kantor téh mindeng kaanjangan ku urang manca negara. Sebut baé kelas internasional. Geura wéh ditilik tina ngaran pausahaanna ogé; PT Asean Aceh Fertilizer. Kilang kitu, anu matak reueusna téh, apan présidén dirékturna téh taya lian Ir. Rauf Purnama téa, hiji nonoman Sunda Asgar (Asli Garut). Hal éta anu ngalantarankeun SB henteu mugagkeun lalakon pikeun nuluykeun lalampahan.

Kalayan daréhdéh, patugas résépsionis ngabagéakeun SB. Malah tuluy dijajapkeun ka rohangan Ir. Rauf. Atuh Ir. Rauf saperti sasarina ngabagéakeun SB kalayan soméah. Teu leungiteun rasa kasundaanana, Ir. Rauf nyarita ogé ngagunakeun basa Sunda. Beuki reueus waé, aya hiji “ménak” anu teu weléh micinta budaya asalna. Henteu unggah adat atawa adigung adiguna, duméh ngarasa geus jadi “jalma” di kota gedé. Éstuning masih pageuh nyepeng ajaran jeung didikan kultur budaya Sunda.

Ir. Rauf Purnama lahir di Kota Garut, tanggal 21 Maret 1943. Karirna dina ngokolakeun pausahaan pada ngarambeuan. Contona basa Ir. rauf nyepeng kalungguhan minangka Diréktur Utama di PT. Pétrokimia Gresik (1995). Pausahaan anu asalna rugi jeung rugi téh ahirna mah bisa nguniang. Basa Ir. Rauf naék jabatan jadi Dirut, pausahaan keur rugi kurang leuwih 30 Miliar. Nya saprak dicepeng ku Ir. Rauf mah ti taun ka taun, meunang kauntungan anu pohara. Mimitina meunang kauntungan 7 Miliar, tuluy 62 Milliar, 146 milliar, tug nepi ka kungsi 390 Milliar.

Loyog pisan upama Ir. Rauf Purnama ti mimiti taun 2001 nepi ka kiwari nyepeng kalungguhan minangka présidén diréktur PT Asean Aceh Fertilizer (AAF), da puguh geus leubeut ku pangarti jeung euyeub ku pangalaman. Teu pati béda jeung Pétrokimia Gresik, di AAF ogé Ir. rauf di-sampakeun bancang pakéwuh. sebut baé harita téh AAF kaayaanana geus hirup henteu neut, paéh henteu hos, da puguh euweuh nu nyupléy gas. Teu anéh upama rugina ogé nepi ka 6 juta dolar. tapi sanggeus dicepeng ku Ir. Rauf mah, duka ngagunakeun jurus naon, da taun 2002 téh geus langsung meunang kauntungan 19,8 Juta Dolar.

Sapanjang lalampahanana, Ir. Rauf tara mopohokeun seni budaya anu jadi pamianganana. Sajabana ti ngurus pausahanana, ogé boga tékad hayang ngawanohkeun sakur kasenian Sunda ka mancanagara.

“Ki Sunda mah Motékar,” saur Ir. Rauf kalayan pinuh kareueus. Kituna téh bari méré conto gambaran kamotékaran Ki Sunda téa. Upamana tina barang anu ngaranna awi. Apan sajabana bisa digunakeun keur sasak, tihang, jeung sabangsana, awi ogé bisa dijieun alat kasenian; angklung, suling, jeung sabangsana. Atuh tina béas ogé, apan lain baé ukur bisa jadi sangu. Béas bisa jadi dijieun cuhcur, sorabi, awug, putu, jeung réa-réa deui. Ir. Rauf ogé ngarasa nineung ku pajoangan Mang Koko (alm) anu geus satékah polah miara jeung ngamekarkeun kasenian Sunda, hususna dina widang karawitan, kayaning ngayakeun latihan anu katelah Taman Bincarung, Taman cangkurileung, Taman Satyaputra, ganda Mekar, Mundinglaya jeung Kanca Indihiyang. Ceuk Ir Rauf, kawih-kawih Mang Koko henteu kungsi bari tug nepi ka kiwari. Kawasna éta pisan, salah sahijina anu ngalantarankeun ieu insinyur nu resep “Es Lilin”, hayang ngayakeun gebragan pikeun ngangkat Ki Sunda sangkan “go international”.

Basa ditanya pamanggihna ngeunaan Mang Koko, Ir. Rauf boga pamanggih sangkan Mang Koko diusulkeun jadi tokoh nasional. Pang kitu téh lantaran lagu-laguna anu nepi ka kiwari masih kénéh ngakar di masarakat, témana loba nu réligius Islam, ogé deukeut pisan jeung alam. Teu saeutik pesen moral tina lagu-lagu anu diracik ku Mang Koko. Atuh teu munasabah upama kiwari aya rarancang pikeun ngayakeun hiji pangajén anu dingaranan “Anugrah Mang Koko”. Puguh baé Ir. Rauf ngarojong pisankana éta kagiatan anu (InsyaAlloh) baris digelar kira-kira pertengahan bulan Januari 2004.***

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 146, Desember 2003