Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA
BALAKA baé ari ku rutinitas anu taya robahna téh aya kalana sok rada bosen. Ngatur waragad sapopoé kru, ngatur pamaén anu sakapeung mah aya nu rada hésé diatur, dibaeudan ku sutradara, gétréng jeung éksékutif produsér, jeung sajabana. Kurang-kurangna mah jangar kabina-bina. Tapi mangsana bagéan ngariung gogonjakan jeung kru katut masarakat, éstuning matak pikaresepeun. Jadi, pasualanana mah manahoréng pancén kuring anu henteu cocok jeung kahayang kereteg haté. Jabatan salaku unit, henteu cocok jeung kuring.
Antukna henteu bisa dipaksakeun deui. Saméméh shooting “Tiga Pendékar” episode 12 nepi ka 13 réngsé, kuring milih mundur. Sabenerna Pimpinan Produksi kurang panuju kana paniatan kuring, tapi ari kuringna anu geus hayang eureun mah, nya teu bisa kumaha deui. Ahirna mah kuring eureun jadi unit, kalayan dituluykeun ku pagawé séjén.
Sababaraha pangalaman shooting anu mibanda ajén berita, ditulis dina basa Indonésia dina wanda feature, kalayan dijudulan “Menguak Mistéri Gunung Kareumbi”. Dina éta tulisan, kuring nyaritakeun lalampahan kru “Tiga Pendékar” anu dipatalikeun jeung kaahéngan di Gunung Kareumbi. Éta feature téh dikirimkeun ka HU. Galamédia. Teu lila, tulisan kuring dimuat nyambung sababaraha bagian saban poé Ahad dina éta koran (harita ogé kuring sok maneuh nulis “Heureuy Bandung” dina Galamédia).
Tulisan kuring dina Galamédia, kabaca pisan ku produser. Kawasna produser kakara apaleun yén kuring resep nulis. Selang sababaraha poé ti harita, kuring dicalukan ku pimpro, cenah mah produser rék nitah nyieun skenario. Puguh baé mani giak disanggupan. Sabab salila kuring jadi unit, produser tacan kungsi ngahajakeun hayang panggih jeung kuring.
Gancangna carita, kuring diajakan padungdengan di hiji hotél méwah anu aya di
Mimitina mah rada asa-asa rék ngarévisi naskah téh, sabab anu nulisna Shinta Rianasari, leuwih senior batan kuring. Lintang ti éta, Shinta mah geus pangalaman nyieun sababaraha judul sinétron, ari kuring tacan hiji-hiji acan. Tapi Amrin Lubis tuluy nyumangetan kuring sangkan buru-buru nganggeuskeun revisi. Amrin Lubis téh salakina salahsahiji sutradara anu geus weruh pangalamanana. Kungsi nyutradaraan puluhan judul sinétron. Antukna mah der baé kuring ngarévisi skenario “Demi Sahabat” jeung “Pendékar Cilik”, malah dirombak jalan caritana ogé sangkan leuwih ramé dumasar kana imajinasi kuring.
Saméméh shooting dimimitian, produsér miwarang pimro pikeun nganjang ka panti asuhan anu aya di wewengkon
Dina émprona shooting “Demi Sahabat”, kuring henteu pati ilubiung, sabab pancén kuring mah ukur ngarévisi skenario. Amrin Lubis nitah kuring sanhgkan jadi Astrada, tapi kuring nampik lantaran lain produser anu nitahna. Kilang kitu, ari nganjang ka lokasi shooting mah sakali-kali sok ngahajakeun. Kuring loba diajar ka Amrin Lubis neunaan unak-anik shooting.
Hanjakal pisan, garapan sinetron “Demi Sahabat” henteu dituluykeun, duka naon pasualanana. Tapi ari nurutkeun iber mah, shooting anu 2 épisode téh ukur promo. Lamun éta promo aya nu meuli, tangtu bakal diteruskeun. Ari henteu aya nu meuli mah, nya moal dituluykeun. Nyieun promo mah geus biasa disorang ku Production House (PH), 2 atawa 3 episode. Atuh dina henteu payuna, nya résiko pausahaan. Geus ilaharna kitu PH mah.
Basa sinetron “Pendékar Cilik” episode 11 jeung 12 rék ngamimitian deui digarap, kuring dicalukan ku Amrin Lubis. Lain nanaon, ukur diajak ngésting pamaén, lantaran Amrin nganggap kuring leuwih apal kana tokoh-tokoh dina éta carita. Lain tokoh utama, da ari pamaén utama mah kontinyu ti episode 1, taya lian Dérry Salman, Mélinda Pongoh, jeung Robin AF.




eta akang Meidi Eric Umar nyak nu di photo ete teh…