Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

KURING banget ngahaturkeun nuhun ka Abah Rukanda jeung sawatara masarakat Leuwiliang anu milu kaririweuhan ku ayana anggota kru anu kasurupan. Ti saprak aya kajadian anu kasurupan, loba di antara pamaén anu ngadadak borangan. Ngadadak muringkak bulu punduk upama pareng ngaliwat ka tempat anu tiiseun. Siga Helena Berliani, pamaén utama Tiga Pendékar, nepi ka réngséna prosés shooting, tacan kungsi ngéndong di wisma anu perenahna di Gunung Kareumbi. Cacakan ngéndong di lembur Leuwiliang ogé, tara ludeungeun sorangan, kudu baé dibaturan ku ibuna. Tapi teu maido ari kituna mah, da kuring ogé henteu keueungan sotéh pédah baé lobaan

Lain Anita jeung Ajat baé anu kungsi ‘kalibet’ jeung mahluk gaib téh. Aya deui Somad (katelahna Babéh), anu sapopoéna purah ngajalankeun désel atawa gengset. Babéh geus weruh nyupiran mobil hartop, ngadérék désel keur kapentingan shooting. Sasarina mah pagawéanana téh lungsur-langsar. Tapi dina hiji mangsa, écésna poé Kemis nyedek wanci sareupna, nyanghareupan malem Juma’ah Kaliwon. Sakumaha sasari Babéh nyupiran mobil, mawa désel. Ngajalankeun mobil téh lalaunan baé, nyalsé katingalina ogé. Teu pupuguh, géngsét ujug-ujug tiguling. Untung baé mobilna mah henteu ku nanaon. Babéh henteu cilaka. Tapi teu burung matak reuwas saréréa, lantaran di tempat éta téh datar, asa pamohalan upama géngsét kudu tiguling, katambah ngajalankeun mobilna ogé asa alon. Basa mobil keur diriung, Babéh ngadadak kasurupan. Tungtungna mah muntang tulung deui ka Abah Rukanda.

aki-sahir

Aki Sahir

“Urang kudu jarah ka makam Éyang Masinah di Cimulu…” kitu saur Abah Rukanda. Lantaran naséhat ti hiji sepuh, nya ahirna mah kuring ogé nurut. Isukna, dibarengan ku Abah Rukanda, sawatara kru jarah ka makam. Perkara waragad unak-anikna mah mémang geus diajangkeun. Kuring bisa ngaluarkeun waragad satungtung pikeun kalancaran shooting. Tapi lain hartina bisa samemena, da kudu puguh laporanana. Pokona mah unggal ngaluarkeun duit ogé, kudu aya bon, keur ngalengkepan laporan ka pimpro. Puguh baé tara pati ilahar di pilemburan aya warung anu nyadiakeun bon. Solusina, kuring anu nyadiakeun bon, kalayan ménta tanda tangan ka tukang warung, upama mangsana balanja.

Lantaran kuring nu nyekel duit pikeun operasional shooting, loba di anatara urang lembur anu nyangka kuring téh bos. Teuing saha nu ngamimitianana, da loba anu sok nyebut bos. Padahal ku kuring geus diécéskeun yén kuring mah lain bos. Kuring ukur kapapancénan nyepeng duit tur ngatur éta duit sangkan sagala rupa bubutuh shooting bisa kacumponan. Aya anu ngartieun, aya ogé nu keukeuh cangcaya. Antukna, kuring ngagerentes dina jeroning haté, amiiin atuh ari kitu mah.

Panasaran kana kajadian anu tumiba ka Babéh, kuring ngahajakeun nepungan Aki Sahir sabada brik (reureuh shoting). Aya ogé di antara kru anu sok ngingintil baé lamun pareng kuring nepungan Aki Sahir. Majarkeun téh rék ménta jangjawokan keur ngagémbang nu rancunit.

Aki Sahir nyaritakeun tempat kacilakaan Babéh. Cenah mah éta téh wewengkon Gunung Cinini, anu baheula mah tempat panganjrekan Éyang Cakra Dipa. Tapi Aki Sahir henteu ngadadarkeun saha sabenerna Cakra Dipa téh? Malah tina Cakra Dipa kalah nyaritakeun luluhur Désa Sindulang. Ceuk Aki Sahir, luluhur Désa Sindulang asalna ti Cirebon, sapasang salaki-pamajikan anu ukur mekel sri beureum (paré huma). Saterusna, maranéhna matuh di Gunung Buleud tug dugi ka dipundut ku Nu Maha Kawasa. Cenah mah ayeuna loba nu ngadon jarah ka Gunung Buleud. Éta patempatan dingaranan pajaratan Ibu Dalem Raraga Simpen. Desa Sindulang, kacamatan Cimanggung, kabupatén Sumedang, dibagi ku kampung Sindulang, Ciseupan, Jambu Aér jeung Leuwi Liang. Désa anu harita padumukna kurang leuwih 4343 jiwa téh dilingkung ku gunung Buleud, gunung Kareumbi jeung Gunung Cinini.***