Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 01-07-2008 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA

KAJADIAN ahéng ogé mindeng tumiba ka kru. Pangna disebut ahéng, da henteu katepi ku akal. Ari rék henteu percaya, da kasaksian pisan. Saperti anu tumiba ka Anita, anu kapeto jadi tukang ngadangdanan pamaén (penata make-up). Apan geus kacida ilaharna, boh dina sinétron atawa dina pagelaran panggung, anu purah ngadangdanan téh kalintang perluna. Anita, mojang umur 17 taun (harita mah), kapancenan jadi panata mik-up. Sapopoéna, taya deui anu diuruskeun ku Anita iwal ti ngadangdanan pamaén. Tangtu pagawéanana kasebut riweuh. Nu matak, pantes upama dina waktuna “brik”, Anita sok néangan ubar “riweuh”, nyurahan kaéndahan Gunung Kareumbi. Nya dina hiji poé Anita niis di hiji tempat kalayan nyawang kaéndahan gunung Kareumbi jeung sabudeureunana. Teuing kumaha mimitina, Anita anu dibarengan ku dua baturna, ujug-ujug hayang nyungsi ka tempat anu jauh, beuki jauh, malah mingkin ngajauhan lokasi shooting. Anu duaan ogé kapaksa nalutrurkeun. Maranéhna naék kana gawir, séséléké kana tatangkalan.
Basa geus rada anggang, tur kawasna maranéhna ngarasa capé, terus baé reureuh
Keur kitu, Anita ujug-ujug ngajerit harus naker. Terus gogoréntélan dina jukut. Sorot panonna ngadadak seukeut. Basa ku baturna direjengan, méh baé henteu katanagaan. Puguh baé Anita anu kasurupan téh matak geunjleung urang dinya. Ku nu séjénna nyobaan diubaran, nu babacaan, nu nyeuceuh ku cai, tug nepi ka anu ékspérimén réiki. Tacan ogé Anita cageur, aya deui nu kasurupan téh, nyaéta Ajat, anu kapeto jadi séksi properti. Terus ngomong sada sora aki-aki, padahal umur Ajat téh tacan manjing 20 taun.
“Montong ngaganggu incu kaula…!” kitu cenah.
Anéhna, omongan Ajat téh nyambungna ka Anita. Pangna kitu, Anita langsung némbalan ku basa anu matak henteu jangar kana sirah, da puguh henteu kaharti. Matak muringkak bulu punduk deuih, da sora Anita anu sasarina halimpu téh ujug-ujug robah jadi sora nini-nini. Duanana terus gunem catur
Nepi ka mangsana peuting, duanana ogé tacan aya anu cageur, rada bangga ngubaran anu kasurupan mah, da euweuh warung nu nyayagikeun ubar kasurupan. Béhna mah, Aki Sahir kénéh anu ditepungan téh. Ngan ku lantaran Aki Sahir nuju teu damang, antukna Aki Sahir ngaréférénsikeun Abah Rukanda. Kuring, anu mémang kabagéan ancag-incig néangan nu ngubaran, ahirna muntang tulung ka Abah Rukanda. Ari Abah Rukanda téh salah sahiji sesepuh kampung Leuwi Liang, kasohor weruh élmuna. Umurna geus nincak 100 taun, tapi katémbong téh jagjag waringkas kénéh. Cacak kuring ogé da asa bakal kasoran, upama balap manggul kai sareng Abah Rukanda.
Alhamdulillah, sabada Abah Rukanda ngadunga, Anita jeung Ajat cageur deui siga sabihara-sabihari. Mun teu lepat mah, asa dibura ku Abah Rukanda. Sabada Anita jeung Ajat walagri deui, puguh baé panasaran, hayang apal naon anu kaalaman ku Anita. Hanjakal Anita henteu pati ingeteun. Au écés mah cenah manéhna téh dideukeutan ku mahluk anu teu puguh rupana, gedéna kabin-bina, éstuning pikasieuneun. Anita soak, anu tangtuna ogé kahayangna mah lumpat, tapi sukuna asa dipaku. Tungtungna mah les teu inget di nanaon.
Kuring tumanya ka Abah Rukanda,













