Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

nita-jeung-tati

HENTEU lila ngawangkong di Téater Polos téh, da puguh keur digawé. Nyimpang ogé, apan pédah kaliwatan baé. Asa harianeun pisan ari kaliwatan-kaliwatan teuing, heug henteu nyimpang. Mangkaning lalampahan téh jauh kénéh.

Fitria katut mobilna dijajapkeun deui ka ibu Cacih. Atuh di Ibu Cacih ogé henteu kajongjonan, da langsung baé amitan, miang ka Bandung. Saméméh ka Gunung Kareumbi, laporan heula ka kantor, di wewengkon Komplék Nuansa Mas. Pangpangna mah ngayakinkeun yén shooting geus bisa lumangsung kalayan légal, da geus nyepeng Simaksi téa. Kacida pentingna laporan ka Pimpro jeung Ëksékutif Produser téh. Pangna kitu, apan anggaran keur ngawaragan kagiatan di lapangan, ngocorna téh ti Pimpro. Kuring henteu ngayakeun hubungan sacara langsung ka produser.

Saméméh ka lokasi shooting, kuring ngahubungi sakur pamaén, sakumaha anu diamanatkeun ku sutradara. Teu poho, ngaomat-omatan ulah nepi ka telat, komo henteu datang. Sabab, anu bakal dicarékanna mah tetep kuring. Minangka ‘wawales’ ti kuring, tangtu pamaén nu sok telat, komo tara datang mah bakal dicirian. Isuk jaganing géto, upama aya garapan deui, leutik kamungkinan diajakan, kajaba pamaén anu geus kakoncara (justru pamaén anu kakoncara mah sikepna sok hadé, propésional, tara loba picacapékeun. Kitu anu karasa tur karandapan ku kuring. Duka teuing di PH séjén mah).

Shooting “Tiga Pendékar” bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Mémang aya baé ari kakurangan jeung kariweuhan mah. Kabeneran sutradarana, Faisal Dalimunthe, rada babarian ambek ka kuring mah. Teu kaop pamaén telat, teu kaur konsumsi telat, teu kaur jemputan telat, pasti sok langsung nyarékan. Ari dicarékan ku sutradara, tara kapalang, sok ditutunjuk hareupeun jalma réa, disaksian ku kru jeung masarakat anu ngalalajoanan prosés shooting. Tangtu baé éra paradana mah. Cacak lamun teu bisa ngadalikeun hawa napsu mah, geus matak kajadian galungan. Mangkaning loba di antara kru anu sok mapanas, nitah ngalawan. Enya, ari ngagugu hawa napsu mah mani hayang ngerekeb. Tapi lamun kuring ngalakukeun hal anu siga kitu, otomatis léngkah téh bakal kandeg. Sabab, di dunya sinétron, jig ka ditu, jig ka dieu ogé, jelema téh ampir éta-éta kénéh. Sakali nyieun codéka, dijamin bakal ‘kakoncara’.

Henteu salawasna ambek-ambekan deuih. Sakapeung mah sutradara téh ngajak sempal-guyon, najan tara pati nyambung. Asa ku bungah upama ningali beungeut sutradara béar marahmay téh. Hanjakal mimindengna mah pamuluna téh haseum. Kitu petana téh ukur ka kuring, anu dipercaya jadi pamingpin lapangan. Malah aya ogé anu matak ngahuleng, basa sakali mangsa rék shooting ujug-ujug hujan.

“Dhipa! Katanya lu udah bawa pawang hujan, tapi koq masih hujan?!” kitu pokna.

“Sudah, Bang. Tapi… hujan kan ciptaan Tuhan,” témbal téh bari ngaléos. Moal pibenereun ngalayanan ogé, da cara mikirna geus henteu réalis. Harita, mémang kuring nepungan Aki Sahri, anu kapeto ahli nyarang hujan. Tapi, sakadar ménta dipangdungakeun sangkan shooting lancar. Kuring sadar, perkara hujan mah lain urusan manusa. Saha nu bisa ngahalangan hujan? Barina ogé, apan hujan téh kacida dibutuhkeunana ku manusa. Piraku kalah dihalangan? Perkara shooting, da sakanyaho kuring, hujan sakumaha ngagebrétna ogé pasti aya raatna.

Sanajan mindeng dibaeudan atawa langsung dicarékan ku sutradara atawa astrada, tapi kuring satékahpolah tetep ngajalankeun tugas tur némbongkeun tanggung jawab kana pagawéan. Kuring henteu digajih ku sutradara, tapi ku kantor PH. Sabenerna tanggungjawab kuring kacida gedé. Saperti di sabudeureun lokasi shooting, apan kuring nu boga tanggungjawab pikeun sosialisasi jeung masarakat. Kumaha carana sangkan masarakat henteu kaganggu? Kumaha carana sangkan masarakat midulur ka kru? Kumaha carana sangkan henteu aya nu ngaganggu. Alhamdulillah, salila shooting di Gunung Kareumbi, asa tacan kungsi aya pasualan nanaon jeung urang pilemburan. Sakali deui, minangka babandingan, isuk jaganing géto, kungsi rombongan kru anu séjén, diusir ku masarakat basa keur shooting di hiji wewengkon Bekasi. Harita kuring henteu keur mancén jadi kru, tapi keur guguru nyutradaraan ka Prawoto Soeboer Rahardjo.

Jadi, kurang-kurangna mah, pancén unit téh kalintang beurat. Unit bisa nangtukeun kasalametan kru. Buktina, lamun unit kurang hadé sosialisasi jeung masarakat, kajadianana tangtu barabé. Leuheung lamun sakadar diusir bari henteu dikukumaha. Coba lamun aya leuwihna ti ngusir, apan bisa nyilakakeun saréréa.

Puguh baé kuring sukuran ka Nu Maha Kawasa, lantaran masarakat di sabudeureun Gunung Kareumbi mah saroméah, daréhdéh, akuan, tur midulur. Betah pisan. Malah ampir sakabéh kru, ngarasa betah tumaninah matuh di Leuwiliang jeung Sindangwangi. (Béjana ayeuna ogé aya manten kru, anu sok ngahajakeun nganjang ka Leuwiliang).

Perkara “cilok” (cinta lokasi), lain ninggang di artis wungkul. Kru ogé aya nu katarik ati kapentang asmara ku urang Leuwiliang. Jujur baé, kaasup kuring. Hartina, lalampahan shooting di Kareumbi, lamun diperséntasekeun mah asa loba kénéh resepna, batan nyeri haténa. Anu sok nyarékan kuring, taya deui iwal ti sutradara jeung astarada. Nu séjénna mah akur, malah asa jeung dulur (isuk jaganing géto, aya sababaraha urang kru anu amprok deui di Jakarta). Komo deui hubungan jeung masarakat Leuwiliang, mani asa urang dinya asli. Sakali deui, urang Leuwiliang mah mémang saroméah, balageur, akuan, jeung midulur. Kaasup kekentong pamuda di lembur Leuwiliang, Asép Jébrag, sikepna sakitu hadé ka sakabéh kru.

yoga jeung derry

 

Yoga Asmara (katuhu) jeung Derry Salman (kenca)