Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

geboy

LINGKUNG Seni Mustika Sari anu ngagedékeun ngaran Si Geboy tug nepi ka bisa sohor. Sabalikna, Si Geboy ogé mawa berekah ka LS. Mustika Sari. Tawaran manggungna beuki nambahan. Malah ngaran LS Mustika Sari ogé antukna leuwih kakoncara jadi ‘Géboy Grup’.

Saprak LS. Mustika Sari diadegkeun bulan Januari 1993, mémang bakat Si Géboy geus katingali kalawan atra. Lain pédah ngaranana anu kabeneran babari diinget-inget, tapi dirojong ku pangabisana. Cacih Ratnasari geus ngawariskeun sarupaning élmuning manggung ka Si Geboy. Malah kaasup anggota nu séjén ogé geus dibekelan ku pangabisa, luyu jeung pancénna séwang-séwangan.

Nepi ka taun 2001, Géboy Grup geus manggung leuwih ti genep ratus kali. Malah lain baé di wewengkon Priangan, da cenah mah Si Géboy ogé kungsi diangkir ka wewengkon Bogor, Tanggerang, Jakarta, jeung sajabana. Wanda pintonanana henteu katalimbeng ku jaipong wungkul, tapi aya kalana sok ngagelar kasenian réog jeung calung. Kungsi ogé ngeusian acara di TVRI Bandung dina wanda kasenian longsér.

Sanggeus ngawangkong ngalér-ngidul, tur mikawanoh profil Géboy Grup, kuring amitan. Pangpangna mah sieun kaburitan, bisi kantor BKSD kaburu tutup. Méh baé poho, apan kuring téh keur meujeuhna mancén di ESA Production.

“Asép tiasa nyandak mobil?” taros Ibu Cacih.

“Tiasa,” témbal téh.

“Anggo baé atuh mobil ibu. Ké disarengan ku Fitri…” kitu saur Ibu Cacih. Bageurna henteu kapalang.

“Ah, wios naék motor baé, da tos biasa ieuh…”

“His, teu kénging nampik pangasih. Sareng deui, bilih kahujanan di jalan,” Fitria mairan.

“Wios, da mekel jas hujan…”

“Atos, mending kénéh naék mobil. Tapi upami tos réngsé, langsung baé mulih, ulah ka mamana heula…” Ibu Cacih némbongkeun kadariaanna, henteu sakadar tawar gatra.

“Mangga atuh, ké dibéngsinan ku abdi,” ahirna kuring léah. Katambah deui, sabada dipikir-pikir, naon salahna maké mobil Ibu Cacih, ngarah henteu kudu huhujanan lamun mangsana hujan.

“Béngsin mah da pinuh,” saur Ibu Cacih.

Teu loba catur deui, kuring ngajugjug ka Ciamis, dibarengan ku Si Géboy. Kabeneran, sapanjang lalampahan téh aya batur ngobrol, jeung utamana mah bisa nalék deui ngeunaan kasangtukang LS. Mustika Sari.

Teu kacaturkeun di jalanna, kuring anjog ka kantor BKSDA Ciamis. Tuluy nepungan patugasna, kalayan derekdek baé nyaritakeun pamaksudan, taya lain rék ménta idin ngagunakeun Taman Buru Gunung Kareumbi pikeun lokasi shooting.

“Berapa lama?” patugas mimiti nalék.

“Paling tiga bulan…”

Geus kitu mah, patugas téh ménta data anu lengkep, ti mimiti ngaran pausahaan PH, judul garapan, jeung sajabana. Tapi anu taliti pisan mah basa ngitung jumlah kru jeung jumlah kandaraan anu patali jeung kagiatan produksi. Manahoréng hayang meunang Simaksi (Surat Izin Masuk Lokasi) téh henteu babari, komo bari jeung haratis mah. Malah waragad anu kudu dibayar téh kaitung mahal. Pokona mah sabada diitung-itung téh, jumlah-jamléh anu kudu dibayar 2,5 juta/bulan. Jadi, lamun tilu bulan, écés kudu 7,5 juta. Kilang kitu, kajurung ku panasaran, waragad anu geus ditangtukeun téh ditawar deui ku kuring. Malah matak ngajenghok, da tina 2,5 juta téh ahirna bisa ditawar jadi 200 rébu/ bulan. Tapi teu loba tatanya deui, dibayar baé. Simaksi bisa dijieun.

grup geboy ciawi tsm

Dina éta simaksi, pihak BKSDA ngidinan kru ESA Production pikeun ngayakeun kagiatan shooting. Aturanana, teu meunang nuar atawa ngaruksak tatangkalan jeung lingkungan sabudeureun Gunung Kareumbi. Barina ogé, da lain rék nuaran tatangkalan ieuh, da rék shooting tujuanana ogé. Mémang, sawatara taun katukang, gunung Kareumbi kungsi disorot ku média massa, lantaran kasus nuar tatangkalan. Tah, anu kitu mah écés oknum nu kudu diborogod. Béda deui jeung kru ESA, anu tujuanana pikeun ngaabadikeun kaéndahan lokasi Gunung Kareumbi.

Sanggeus simaksi diasakuan, kuring buru-buru nelepon ka Bandung, méré iber yén kagiatan shooting geus bisa dituluykeun, da geus meunang idin ti ‘nu bogana’. Kuring ogé buru-buru ninggalkeun Ciamis. Pangpangna mah apan geus diomat-omatan deuih ku Ibu Cacih, upama geus réngsé, kudu buru-buru mulang. Sigana Ibu Cacih melangeun ka putrana anu nganteur kuring. Tapi di satengahing jalan, kuring kakara inget, butuh sababaraha urang calon pamaén. Ras inget ka Pakumpulan Téater Polos di Tasikmalaya, pimpinan Cupit Danu Tirta Dijaya. Kabeneran, Fitria ogé apaleun tempatna, jeung kaliwatan deuih.

Ahirna, kuring nyimpang heula ka Téater Polos di wewengkon Jamanis, hayang apal anggotana, susuganan aya nu cocok jeung kahayang sutradara. Barang anjog ka buruan sekertariat Téater Polos, Cupit ngabagéakeun kalayan daréhdéh. Saméméhna kuring kungsi panggih jeung Cupit, malah kungsi ngawangkong ngalér-ngidul. Ku ayana kitu, anu utama mah silaturahmi baé.

Téater Polos téh diadegkeun mareng jeung miéling ‘Sumpah Pemuda’ anu ka-67. Harita sakumpulan nonoman ngora anu mikacinta seni Sunda, babarengan ngadegkeun pakumpulan teater Polos. Hiji ngaran anu dicokot tina kajujuran para nonoman ngora, dina ngaekspresikeun karyana. Ieu grup téh boga tekad pikeun milu ngamumulé tur ngalestarikeun seni-budaya Sunda. Malah lain sakadar carita wungkul. Taun 2002, téater Polos geus mimiti ngalalanyahan ku midsangkeun pagelaran longsér.