Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 30-06-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA
Yoga-Dhipa-Rudi

MÉMANG henteu cangcaya perkara nyampakna kahirupan séjén di alam anu teu kapaluruh ku mata panon. Tapi kuring yakin, manusa minangka mahluk pangmulyana anu harianeun upama sieun ku sabangsaning ririwa. Kilang kitu, kuring tetep ngajénan kana kapercayaan urang dinya. Kaasup ngangkir dua kasepuhan ti Leuwiliang, mundut pidu’a pikeun kalancaran shooting. Taya lian Aki Sahir sareng Aki Rukanda. Iwal ti éta, teu poho ngalegaan tali mimitran, babarayaan jeung warga pilemburan. Alhamdulillah, urang Leuwiliang jeung sabudeureunana saroméah, daréhdéh, kalayan ngarojong kana kagiatan shooting. Lebah dinya mah tangtuna ogé gumantung kana sikep sakabéh kru.

Kakara sababaraha poé ogé, kuring geus dalit jeung urang pilemburan di sabudeureun Karembi. Malah nyéwa imah ogé ngahaja di Leuwiliang jeung di Sindangwangi. Anu masih kénéh nganteng dina ingetan, nyaéta imah anu diséwa di Leuwiliang. Babarayaan jeung anu bogana manjang nepi ka kiwari.

Ku ayana geus ngarasa dalit jeung urang pilemburan, kuring ngarasa henteu penting pikeun nguruskeun Simaksi ka BKSDA Ciamis, der baé shooting dimimitian. Hanjakal, kakara sababaraha poé, aya patugas ti BKSDA anu ngontrol. Puguh baé reuwas kareureuhnakeun.

“Bapa sudah mendapat ijin melakukan kegiatan di sini?”

“Sudah, éh…. belum…” témbal téh, rada gugup jeung rada keuheul. Pangna keuheul, pédah kuring disebut ‘bapa’. Duka kumaha, sok rada teu resep ka nu nyebut ‘bapa’ téh. Rarasaan, kuring téh asa tacan kolot-kolot teuing.

“Bapa harus mendapatkan dulu simakasi dari BKSDA Ciamis. Setelah itu, baru diperbolehkan melakukan kegiatan di sini…”

Baik, Pa,”

“Kapan bapa mau ke Ciamis?”

“InsyaAlloh, minggu depan, Pa,”

“Ya, boleh, boleh. Tapi besok, rombongan bapa tidak boleh melakukan kegiatan apapun di sini!” pokna kalayan tatag.

“Kalau begitu, besok pagi, saya akan segera berangkat ke Ciamis. Tapi, saya minta shooting tetap diperbolehkan…” kuring buru-buru némpas. Ari para patugas BKSDA ukur mésem bari silih rérét jeung baladna. Enya, tadina mah sugan téh bisa ménta waktu saminggu deui, ari heug teu bisa diengkékeun deui.

Isukna kuring ngabiur ka Ciamis, numpak motor ngarah bisa ngebut. Tapi di Ciawi, bet hayang nyimpang heula ka Lingkung Seni “Mustika Sari”, hiji pakumpulan seni Sunda anu harita mah keur meujeuhna kakoncara di wewengkon Tasik, Ciamis, jeung Garut. Tapi anu leuwih kakoncarana mah taya lian hiji penari anu katelah ‘Si Géboy’, tug nepi ka éta grup kasenian téh leuwih kakoncara “Géboy Grup”. Upama keur manggung, daya pangirut luar biasa. Geus rada lawas hayang nepungan Géboy Grup, kari-kari kaliwatan pisan. Teu loba mikir deui, kuring ngajugjug sekertariat Géboy Grup, anu perenahna di Kampung Lélés Hilir, RT. 16, RW. 03 N0. 31, Désa Kurnia Bakti, Kacamatan Ciawi, Tasikmalaya.

Sabenerna, sosialisasi jeung masarakat téh minangka bagéan tina pancén gawé kuring. Tapi, sanajan lain pancén ogé, da kuring mah kalintang resep néangan baraya, manjangkeun tali mimitran di mana baé. Carék paribasa musuh hiji, loba teuing: sobat sarébu masih kénéh kurang.

Anjog ka buruan sekertariat “Géboy Grup”, meunang dibagéakeun kalayan daréhdéh, sanajan kuring téh kasebutna jalma anyar pinanggih. Kawasna Ibu Cacih Ratnasari, pupuhu Géboy Grup, henteu goréng sangka. Pangpangna mah ti mimiti ogé kuring geus balaka, hayang wawanohan jeung “Géboy Grup”, pédah kabeneran ngaliwat.

Horéng ngaran Géboy mah ngan ukur sandiasma. Teu pati béda jeung lalandian sindén atawa ronggéng anu kungsi bekén, saperti Si Léor, Si Burinyay, Si Batré, jeung sajabana. Ari anu dimaksud Si Géboy téh taya lian Fitria Adia Silvana. Dina umur anu kaitung ngora, Si Géboy geus mampu ngahudang masarakat anu mikacinta kana seni Sunda, utamana jaipongan dangdut jeung degung.

Ieu mojang anu pinter ngéngklak jeung ngawih téh, lahir di Ciawi, 30 Juni 1980. Ti keur sakola kénéh di SMUN Ciawi, Si Géboy geus mindeng manggung ka sababaraha wewengkon di Jawa Barat jeung Jakarta. Komo deui sabada nyuprih élmu di jurusan tari STSI Bandung, Si Géboy beuki nambahan kaparigelanana. Saméméh pancakaki, kuring teu apal upama manéhna nyuprih élmu di STSI Bandung.