Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 07-04-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

 

KAPAKSA negor éta supir, bari ngananaha. Manéhna malik teu ngeunah, da ngarasa geus leuwih heubeul “makalangan” di lingkungan PH. Malah henteu cukup nepi ka dinya, da manéhna mangaruhan sutradara jeung sawatara kru, sangkan mikangéwa kuring. Duka kumaha cara ngagogoréngna, da meunang sababaraha poé mah mémang loba anu ngaréwaeun ka kuring. Dina kaayaan kitu, kuring tetep satékah-polah ngajalankeun pancén kalayan daria, tur nuhunkeun panyalindungan ka Nu Maha Kawasa. Rumasa tacan réa pangalaman di satukangeun layar, jadi sakapeung mah loba anu matak henteu kaharti.

mangsa-brik

 

Sempal-guyon mangsa reureuh di lokasi shooting. Ti kenca (nu dariuk): Dhipa Galuh Purba, Chandri Ekawati, Helen berliani, jeung Tedi Jomantara. Anu narangtung: Andri jeung Andi RS.

Mungguhing Alloh Nu Maha Asih, teu pati lila ogé, sagalana rupana kabuka. Kaayaan jadi tibalik. Sutradara ngadadak ijid ka éta supir ku ayana hiji kajadian. Geus kitu mah, sutradara katut kru séjén mimiti saroméah deui, siga sabihara-sabihari. Anéhna, ku ijid-ijidna ka éta supir, sutradara nepi ka embung disupiran deui ku si éta, hayang diganti ku supir séjén. Ari kuring mah sabenerna henteu dendam, malah kacida bungahna upama bisa babarengan deui siga saméméhna. Hanjakal, kaputusan sutradara henteu bisa diongkét-ongkét deui. Ahirna supir téh ditukeuran jeung tim anu hiji deui (harita aya dua tim, anu hiji deui mah keur ngagarap “Pendekar Cilik” pidangkeuneun di Lativi).

Barang rék pindah lokasi ka Gunung Kareumbi, kuring kudu ménta idin heula ka BKSDA (Balai Konservasi Sumber Daya Alam). Mangkaning Gunung Kareumbi téh kaasup wilayah BKSDA Ciamis. Hartina, kuring kudu ngajugjug ka Ciamis pikeun ménta Surat Izin Masuk Lokasi (Simaksi). Tapi saheulaanan mah, kuring jeung rombongan dibagéakeun ku Kang Adé, patugas di gunung Kareumbi, anu linggihna di Leuwiliang. Daréhdéh tur soméah Kang Adé téh. Anjeunna pisan anu ngaping kuring pikeun mikawanoh masarakat sabudeureun Gunung Kareumbi.

Aya nu matak kataji di wewengkon Gunung Kareumbi téh. Éta patempatan minangka tapel wates tilu kabupat]n; kabupatén Sumedang, kabupatén Bandung jeung kabupatén Garut, sarta diwatesanan ku walungan Citarik anu meulah éta wewengkon. Aki Sahir, salasahiji sesepuh di dinya anu umurna geus nincak dalapan puluh taun, boga carita ngeunaan gunung Kareumbi. Malah, Aki Sahir mah ngahaja nyieun guguritan dina pupuh kinanti pikeun ngagambarkeun ieu tempat teh: Citarik reujeung Cimulu/ Nu dianggo batas nagri/ Garut Bandung jeung Sumedang/ watesna tilu ngahiji/ dina cai ngamuara/ ka hilir ngajadi hiji. Kitu cenah, di antara guguritanana téh.

Wewengkon gunung Kareumbi téh, rarancangna mah rék dijieun wisata Taman Buru. Hanjakalna, tacan loba masarakat anu apaleun. Padahal, upama éta rarancang ngajanggélék, wewengkon Taman Buru téh asa moal éléh ku Kebon Binatang Bandung, dijieun tempat keur miara sasatoan. Malah harita ogé, di Taman Buru aya sawatara sato nu dipiara, saperti monyét, kuda leuweung, si amang, jeung sajabana. Pa Adé, anu dipikawanoh ku urang dinya minangka salasahiji karyawan di gunung Kareumbi, sapopoéna ngurus sasatoan nu dipiara di dinya.

Iwal dibagéakeun ku Pa Adé, rombongan kru ogé “dibagéakeun” ku oray anu ngadadak narémbongan, luar-léor ngabeulit kana gelas jeung pakakas PU. Untung oray laleutik, henteu pati sarieuneun. Oray téh digiringkeun ka tempat anu bala, henteu aya hiji ogé anu dipaéhan.

Sajaba ti rada reuwas dibagéakeun ku oray, kuring ogé rada héran kana kaayaan cuaca anu robah dadak-dadakan. Langit anu asalna béngras, ngadadak ceudeum haleungheum barang rék ngamimitian shooting. Lain kuring wungkul nu hémeng téh, da kaasup dua mahasiswa UNPAD nu harita keur ngayakeun panalungtikan ngeunaan hujan. Aranjeunna ogé sarua kaget. Helmut T. Simamora S.Si, mahasiswa S-2 Manajemen Sumber Daya Alam jeung Asep Nurjaman, mahasiswa Fakultas Pertanian, Jurusan Teknik Pertanian nu harita keur apruk-aprukan di gunung Kareumbi. Tapi, Helmut henteu matalikeun kaayaan cuaca jeung pasualan mistik. Luyu jeung widang akademisna, Helmut nyieun kacindekan anu rasional. Cenah, pangna cuaca anu henteu puguh téh, lantaran eta tempat perenahna di suku gunung.

Béda jeung Pa Adé, anu jalan pikiranna masih tradisional. Pa Adé boga pamanggih yén éta tempat téh raket patalina jeung rupaning hal anu gaib, anu teu katepi ku akal. Upama datang mangsana peuting, éta tempat téh ngadadak tiiseun, poék meredong, nepi ka arang langka aya jelema nu kumawani ngalanto ka lebah dinya.***