Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 07-04-2008 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA
MANGSA milih pamaén (casting), loba calon-calon pamaén anu daptar, awéwé, lalaki. Aya anu daptar sacara pribadi, aya ogé ketua sawatara sanggar anu mekel albeum poto anggotana. Biasana sanggar téh bakal meunang potongan honor anggotana, upama aya nu kapilih jadi pamaén. Di antara nu dalaptar jadi pamaén téh, teu saeutik anu metakeun “kelét” sangkan diajakan. Teu anéh upama sawatara kru ogé, aya anu sok pangangguran milu narima anu daptar, kalayan tujuanana ukur hayang wawanohan jeung calon pamaén. Kangaranan calon pamaén anu tacan wanoh kana kasangtukang satukangeun layar, puguh baé siga anu ngarasa atoh, sanajan ditarima ku PU ogé. Padahal anu nangtukeun ditarima atawa henteu mah taya lian sutradara, astrada, atawa manager casting. Kilang kitu, lamun diasongkeun ku produser mah, sasaha ogé taya nu bisa nampik.

Yoga Asmara, Ngaran Aslina mah Dani Yogasmara (X), hiji sobat anu pangheulana diajakan jadi pamén sinétron laga. Manéhna kungsi jadi atlet Wushu Jabar dina PON.
Salaku Unit manager, kuring sakadar ngahubungkeun calon pamaén ka sutradara. Teu boga hak nangtukeun si A atawa si B kudu kapilih. Sanajan kitu, kuring teu wani ngasongkeun calon pamaén anu atah kénéh, sabab sok ditegor ku sutradara. Sakurang-kurangna kudu anu dianggap nyumponan karakter tokoh anu diperlukeun. Lebah dieu, sacara teu langsung, kuring bisa milihan saha-sahana anu baris diajukeun ka sutradara. Subyéktifitas téh rada bangga disingkahanana. Sakali mangsa aya calon pamaén anu kabeneran wawuh, tangtu baé satékah polah diperjoangkeun sangkan bisa kapaké. Sabenerna, sikep siga kitu téh isuk jaganing géto nakal jadi tamiang meulit ka bitis. Aya di antara babaturan anu geus diperjoangkeun sangkan bisa maén. Ari dina emprona shooting, mindeng pisan leuir datangna, da ngarasa wanoh jeung kuring téa. Malah aya ogé babaturan anu ngundurkeun diri di tengah jalan, lantaran aya kagiatan séjén. Éta mah minangka kasalahan anu kacida patalna, sabab ngarugikeun saréréa, rugi waktu, rugi tanaga, rugi waragad. Babaturan moal nyahoeun upama kuring dicarékan lak-lak dasar ku sutradara di hareupeun jalma réa.
Tapi ari babaturanana anu ngarti jeung serius mah, tara kungsi aya picacapékeun. Lebah dieu mah, balik deui, kumaha kapribadianana baé. Yoga Asmara, kaasup babaturan kuring anu henteu loba nyieun picacapékeun. Diajakan maén sinétron, lain sakadar alatan babaturan, tapi da bakatna ogé kaitung natrat. Iwal ti éta, karakteristik tokoh anu dibutuhkeun téh, nyampak dina dirina. Yoga, mahasiswa UNPAD, anu sok ngalatih Karaté di BKC (BandunG karaté Club) dojo UIN SGD. Kangaranan sinétron “hut-hét”, tangtu pamaénna kudu nyangking pangaweruh béla diri, sajabana ti bisa ékting. Yoga kaasup cocok, da puguh tangtunganna jangkung luhur simbar dada, jago karaté, tur bisa ékting (Yoga Asmara jadi atlit wushu Jawa Barat dina PON di Palémbang kamari). Sacara teu sadar, kuring geus diajar murak skenario sinétron. Ti mimiti neuleuman karakteristik tokoh, nengetan lokasi anu dipikahayang ku skenario, katut ngalkulasikeun waragad properti, kostum, jeung sajabana (Jadi, anu nganteurkeun kuring jadi penulis skenario, lolobana mah diajar di lapangan, sanajan buku téori ogé teu kurang pentingna)

Yoga Asmara, dina hiji adegan sinetron “Tiga Pendekar”, merankeun tokoh utama antagonis.
Bras kana néangan lokasi. Teu gampang néangan lokasi anu merenah tur cocok jeung kahayang sutradara. Kuring kudu apruk-aprukan ka Pangandaran jeung sawatara tempat séjénna. Jauh-jauh panjang gagang, da teu aya lokasi anu merenah. Ringkesna, anu kapaké téh taya lian wewengkon Curug Cinulang jeung Gunung Kareumbi, Cicaléngka. Kuring kudu ménta idin ka aparat satempat, kaasup sosialisasi jeung masarakat, sangkan henteu aya gangguan nanaon. Lain baé nepungan lurah Sindangwangi, tapi wawanohan jeung sawatara pamuda di sabudeureun Curug Cinulang. Di lapangan, kalancaran shooting gumantung pisan ka unit. Lamun unit kurang pinter ngalobi aparat jeung masarakat, dijamin bakal diusir ku masyarakat.
Kuring beuki ngarti, kunaon pangna kungsi ditanya bisa nyupiran mobil jeung motor. Sabab, réa pagawéan anu kudu dijalankeun kalayan henteu perelu dibarengan ku supir. Di PH, aya mobil jeung motir, anu bisa dipaké ku kuring pikeun kapentingan produksi. Iwal ti éta, paingan kungsi ditanya pangaweruh ngeunaan Bandung. Sabab, kuring dipuhit sangkan apal ka suklakna-ka siklukna pikeun kapentingan nyiar lokasi shooting.
Kagiatan shooting di Curug Cinulang lumangsung kalayan lungsur-langsar. Perkara karerepet mah mémang aya baé, tapi masih bisa kaungkulan. Kungsi sutradara jeung sababaraha urang kru ngabaeudan kuring tur henteu daék nyarita. Ari masalahna dimimitian ku hiji supir (driver) anu kalakuanana rada kurang ajar. Pangna disebut kurang ajar, si supir téh maké jeung pangangguran nelepon pamaén awéwé peuting-peuting, nitah datang ka hiji tempat. Padahal, dina waktu éta, taya jadwal shooting. Jeungna deui, anu boga hak sarta kawajiban nitah datang ka pamaén mah apan kuring, dumasar kana paménta sutradara. Ari ieu, duka naon maksudna, da untung pisan éta pamaén konfirmasi heula ka kuring.***(Nyambung)












