Kategori: Di Belakang Layar | Diterbitkan pada: 06-04-2008 |

Catetan DHIPA GALUH PURBA

SAMÉMÉH bisa nulis skenario sinétron kalayan digarap tur ditayangkeun di tivi swasta, kuring kungsi aub tur nyorang pait-peuheur sakaligus suka bungah ngalalampah di satukangeun layar. Pangalaman anu teu weléh ngeusian kongkolak mata panon jeung mata haré, lir anu moal ilang tina tungtung sawangan. Diajar naon baé, tétéla henteu cukup ukur ngandelkeun téori, tapi kudu bari prak dipraktékkeun di lapangan. Malah aya kalana téori anu diteuleuman téh, ana diamprokkeun di lapangan mah, teu saeutik anu patukang-tonggong.

Mugia baé ieu seratan, minangka petikan auto biografi di satukangeun layar, tiasa jadi gambaran pikeun anu hayang mikawanoh dunya satukangeun layar. Pangpangna mah pikeun anu henteu boga modal matéri jeung henteu boga kawawuhan anu bisa dipuntangan. Anu utama mah kawani, kanyaho, sareng ngagedur sumanget. Apan salaku manusa mah kawajibanana ogé mung ngadu’a sareng nyiar tarékah. Anapon hasilna, éta mah tos sanés kawajiban manusa, anging Alloh SWT anu nangtoskeun.

di-studio-esa

 

Di studio ESA Production taun 2001. Yan Ras (maké kaos bodas), kiwari jadi manager casting di salahsahiji PH di Jakarta

 

Harita, kuring bolostrong sanés bohong, dina harti teu acan gaduh pangalaman nanaon di dunya satukangeun layar. Ari cita-cita kalintang luhur, hayang jadi sutradara. Mangkaning di Kota Bandung, ukur hiji-hijina Production House (PH) di Bandung, anu produktif mroduksi rupaning judul sinétron. Taya lian ÉSA Productron. Mimitina mah éta PH téh kakoncara sok nyieun sinétron mistéri (saméméh sinétron mistéri mahabu di layar kaca). Conto produksina anu kaitung suksés: “Impian Malam Pengantin”, “Mistéri Vila Berdarah”, “Jénglot”, “Déwi Sekar Arum”, “Mistéri Sindén”, “Palasik”, jsté. Méh sakur produksina, ditayangkeun ku RCTI. Tapi, basa kuring nyoba-nyoba ngalamar pagawéan (2001), ieu PH anu diluluguan ku H. Érwin Amril téh geus banting setir; tina mroduksi carita jurig kana carita silat barudak. Harita téh keur paciweuh nataharkeun shooting “Tiga Pendékar”. Saméméhna geus mroduksi “Boboko”, kalayan ditayangkeun di RCTI.

Kasebutna laha-loho ka tempat anu tacan kungsi disaba bari teu warawuh, tangtuna ogé mimitina mah rada mandeg-mayong rék asup ka kantor ÉSA, anu alamatna di Komplék Nuansa Mas, Jln. Nuansa Sari, B.12, Cipamokolan, Bandung (Ayeuna mah ieu wangunan téh jadi studio Pajajaran Tivi/ PJTV). Tapi kagok asong, nékad baé nepungan Ir. Meidi Eriyanto (Érik), anu harita kapeto jadi Pimpinan Produksi sakaligus Produser Pelaksana. Saterusna, kuring langsung baé ngedalkeun pamaksudan pikeun ngalamar pagawéan anu patali jeung produksi sinétron. Ngalamar anu dimaksud téh, lain hartina ngasongkeun map anu eusina ijazah, surat kelakuan baik, jeung sajabana. Éstuning, teu mekel nanaon, ukur ku modal nyarita. Malah apan harita téh kira wanci sareureuh kolot.

“Sudah pernah kerja di PH?” tanya Érik.

“Belum,” témbal téh, jujur.

“Mau ngelamar jadi apa?” tanyana deui.

“Penulis skenario,” témbal téh.

“Sudah pernah bikin sinétron apa?”

“Belum pernah,” témbal téh, jujur deui baé, da mémang harita mah tacan aya naskah skenario kuring anu digarap.

“Sudah lama tinggal di Bandung?”

“Sekitar 10 tahun lah…”

“Bisa bawa mobil?”

“Bisa”

“Punya SIM?”

“Punya,”

“Bisa paké motor?”

“Bisa,”

“SIM-nya ada?”

“Ada…” témbal téh bari ngodok lokét. Tuluy ngaliuarkeun SIM A jeung SIM C.

Érik nengetan data kuring dina SM kalayan daria. Tuluy manéhna neuteup rada seukeut, siga nu hayang nyaliksik diri kuring leuwih jero.

“Gini aja, penulis skenario sudah ada. Tapi kalau mau, kamu bisa jadi unit. Nanti kalau ada kesempatan, skenario kamu diajukan sama bapak,” kitu pokna kalayan daria.

Puguh baé kuring ngaranjug. Unit? Kumaha cara gawéna? Sabaraha gajihna? Ngaganggu kuliah atawa henteu? Rupaning bahan pananya minuhan satungkebing haté, tapi henteu kungsi dikedalkeun. Angkanan téh engké ogé pasti didadarkeun kumaha-kumahana mah.

“Sekarang temui Si Andi, bilang aja kamu udah diterima jadi unit. Terus, tanyai gimana cara kerjanya…” kitu ceuk Érik bari nunjuk ka Andi RS, anu harita keur paciweuh ngurus kostum. Andi RS mah geus wawuh ti saméméhna, da kungsi babarengan ngarojong pagelaran longsér di TVRI Bandung. Nya, manéhna pisan anu ngécéskeun cara gawé unit, sanajan henteu langsung ngarti. Nu écés, unit téh kudu bisa ngoordinir kru jeung pamaén, nguruskeun lokasi shooting, kaasup ngatur kabutuhan biaya produksi saban poé. Cindekna anu kudu tanggung jawab kalumangsungan shooting di lapangan, kalayan kudu laporan saban poé ka Pimpinan Produksi.

Sabada “ditatar” ku Andi RS, kuring buru-buru ngawanohkeun diri ka Sutradara nu baris ngadérék sinétron “Tiga Pendékar”. Taya lian Faisal Dalimunthe jeung astrada, Joelianto Léo. Alhamdulillah, kuring dibagéakeun ku Faisal kalayan daréhdéh tur pinuh suasana babarayaan. Padahal mimitina mah kuring asa-asa, malah geus ampir kuméok méméh dipacok. Pangna kitu, boh Faisal atawa kru séjénna, siga anu teu bisa diajak babarayaan; diajak seuri ogé, aya anu kalah ngabalieur. Kabéhanana aranteng jeung gawéna séwang-séwangan, anu nataharkeun lampu, VTR, artistik, properti, jsté. Kari-kari kuring kudu mingpin maranéhna. Beu, naha kuring sanggup? Tapi piraku kudu ngejat? Kuring ngarasa yakin, di mamana ogé, ari aub ka lingkungan anyar anu teu warawuh mah tangtu bakal siga kitu mimitina. Bismillah jeung Lahaola baé, kuring mancegkeun paniatan, seja nyiar pangalaman di dunya sinétron.

Sakainget kuring, réngréngan kru téh antarana: Agus Sixtyone jeung Anwar (penulis Scrip); Paijan (Cameramen), Agus Indra Very (Askam); Éko (Chip Lighting); Adé (Ass. Lighting 1) Dédi Piit (Ass. Lighting 2); Mamat Odong (Ass. Lighting 3); Yoko (VTR); Paryono (Boomer); Reza Faisal Hamzah jeung Agus Singa (Artistik); Ajat, Yana, Bagus Ismail, Oman, Maman (Properti); Tati Rohayati (Mic-up) Anita Carolina jeung Dian Handayani (Ass. Mic-up); Andi RS (Kostum); Budi Dharma jeung Yuni (Ass. Kostum); Benny Pongoh (Penata Fighting); Somad Hidayat (Diesel); Ujang (Ass. Diesel); Pupung (Driver 1); O-jos (Driver 2); Engkos jeung Asep (PU); Ibu Ning & Ibu Hasanah (Catering).

Tina asalna henteu wawuh tur asa jeung deungeun-deungeun, ahirna mah geuning hubungan jeung maranéhna téh jadi leuwih raket batan jeung baraya—kaasup jeung para pamaénna. Tétéla, siga kasar atawa siga sombong téh ukur rarasaan kuring, minangka anu anyar asup ka hiji lingkungan anyar. Malah di antara ngaran-ngaran anu ditulis téh, isuk jaganing géto, aya anu amprok deui di Jakarta. Dunya “satukangeun layar” téh siga anu sempit, da ka ditu - ka dieu téh, dikersakeunna sok aya baé anu kungsi babarengan. Jadi, sakali nyieun codéka, ulah sambat kaniaya, palias léngkahna bakal kateug, moal bisa nuluykeun deui lalakon “di satukangeun layar”.

kru-pamaen-tiga-pendekar

Kru jeung pamaen “Tiga Pendekar” di lokas shooting , Gunung Kareumbi. Helen Berliani (maké baju koneng)

Kakara sababaraha poé ogé, kuring geus “diaku” jadi bagéan tina pangeusi gedong ÉSA. Anu asalna asa-asa, ahirna mah jadi panganjrekan anu pikabetaheun. Shooting tacan dimimitian, sabab masih loba anu kudu ditataharkeun. Di antarana, anu patali jeung pancén kuring mah taya lian maluruh lokasi anu pipanteseun jeung néangan pamaén. Ari pamaén utamana mah geus dipilih ku produsér, antarana: Melinda Margaret Pongoh (merankeun tokoh Kohyin); Dery Salman (merankeun tokoh Kohlun); Robin AF (merankeun tokoh Kohcu); jeung Hélen Berlianny (merankeun tokoh Rosling). Jadi, kuring mah kari néangan peran pembantu jeung figuran.*** (Nyambung)