Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |
Sajak IWAN M. Ridwan
Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur teteguhan
Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana
Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor
Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha boa
Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.
Cenah hirup ayeuna teh di dunya
Sedeng cinta teuing di mana ngancikna
Bandung, 11 Juli 2010
Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010








Hatur nuhun Kang Dhipa parantos keresa ngadokumentasikeun sajak-sajak sim kuring anu masih keneh lelengkah halu.
maf kang btw tema sajak di atas pha yaaa..
Perkawis tema, panginten tiasa disimpulkeun ku nyalira Neng Cie… Panumut sim kuring mah atra pisan kagambar temana!
hatur nuhun pisan nya kang ..
kang eta teh ka lebet kana sajak naon nya ??
wewewwwewew….
wez hade lakh