Kategori: Cahaya Ilahi | Diterbitkan pada: 24-09-2008 |
Ku Rifqu Fawaj Fauzi

Sasih Romadon anu agung, sasih anu pinuh rohmah, barokah sareng magfiroh, kiwari parantos ngantunkeun urang sadaya. Sasasih campleng urang dilatih ngalakukeun rupa-rupa ibadah, boh ibadah badaniyah, maliyah, boh ibadah ijtima’iyah. Kitu deui ibadah urang teh sanes wae ku tanaga sareng pikiran, tapi ku harta banda ngalangkungan nyumponan zakat sareng sodakoh. Alhamdulillah kanggo urang, eta ajang latihan teh lulus banglus, teu aya halangan harunganana. Amin. Ti beurang urang ngosongkeun beuteung sareng nahan napsu syahwat, kitu deui ti peuting urang sadaya ngirangan sare lantaran dianggo taraweh sareng sahur, ngahadiran pangaosan, tadarusan, malah i’tikaf oge teu kaliwat, ditema ku kalimah takbir, tahlil sareng tasbih, muji Gusti Alloh nu Maha Suci pangeran sadaya alam. Mudah-mudahan sagala usaha sareng amal soleh urang, tiasa sukses dina prungna kanggo 11 sasih ti mimiti Syawal dugi ka Romadon taun payun.
Ngamimitian sasih Syawal atanapi poe-poe sanggeus lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupa-rupa pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, nu di urang mah katelahna acara halal bihalal tea. Kitu deui Halal bihalal oge dina kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina Halal bihalal oge silih lubarkeun dosa, tiasa ngaraketkeun deui duduluran anu pernah renggang. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema leungeun. Ku patarema, sasalaman minangka hiji bukti pikeun ngaberesihan diri tina rupa-rupa dosa sareng kasalahan anu kungsi kalaksanakeun. Kangjeng Rosululloh SAW ngadawuhan : Maa min muslimaeni yaltaqiyaani fayatasoo fahaa ni illa gufiro lahumaa qobla ayyatafarroqo. Nu pihartoseunana : Dua jalma muslim anu papanggih
Ku margi kitu, sangkan dosa papada urang tiasa kapupus, kacida hadena upami dina kasempetan ‘Idul Fitri teh diayakeun nu namina Halal bihalal atanapi silaturrahmi, silih anjangan, silih hampura tina dosa perdosa. Sabalikna kacida rugina jeung kirang hadena upami dina kasempetan nu berharga ieu, teu digunakeun ku urang sadayana. Sabab jalma nu
Anapon kitu mah, manusa teh kudu daek ngahampura kana kasalahan batur sabab Alloh Swt. oge Maha Ngahampura kana kasalahan manusa. Jalma nu
Ceuk sasaha oge, manusa mah tempatna hilap, moal aya saurang oge nu teu pernah salah atanapi teu gaduh dosa dina raraga hubungan papada manusa. Ku kituna mentana dihampura teh hiji bukti, manusa teh hayang bebas jeung beresih tina dosa perdosa. Malahan numutkeun saurang ahli filsafat mah, nyaurkeun : Jalma anu hade teh lain jalma anu
Ku margi kitu, hayu urang nyandak hikmah halal bihalal ku silih beresihkeun manah. Urang beurang peuting ngalakonan ibadah ka Alloh, teu acan sampurna ibadah urang teh upama teu acan hade sareng papada manusa. Kamari, sasih Romadon, dosa ka Gusti Alloh geus diberesihan, ari ka papada manusa, kumaha?
Kumaha ari urang? urang mah lain bangkrut deui tapi hirup salilana hirup tikokoseh. Ka manusa loba dosa, ka Alloh Swt. mah komo deui. Ieu nu pangrugi-rugi, teu aya untungna.
Ayeuna saparantosna ‘Idul Fitri, hate urang diseuseuh, hayu gunakeun waktu nu berharga ieu ku silih hampura, silih lubarkeun tina dosa perdosa, hapunten lahir tumakening batin tea. Mangga urang munajat ka Gusti Alloh, mudah-mudahan lebet sasih Syawal ieu, urang tiasa mertahankeun amal kasolehan sakumaha dina sasih Romadon sareng mudah-mudahan salamina kenging rido sareng magfiroh-Na. Allohumagfirlana dunubana waliwalidina warhamhuma kama robayyani shogiro. Amin ya robbal ‘alamin. ***
Dimuat di Majalah Manglé No. 2139








Sampurasun
Alus jeung tegep situs kang dipa. Bingah-bingah pisan
Muga ieu situs ka aos ku para inohong Sunda
Pun, tabepun
M. nana munajat dahlan