Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 |

 

Karya Patandang, Nomor Naskah: 011

 

Unggal malem Ahad kabeneran kang Wilman sok kabagean ngaronda, heueuh da Kang Wilman mah pagawe negri, jadi ki RW ge ngarti dina ngatur jadwal ronda teh. Anu pagawe negri jeung anu digarawe di luar kota, tugas ngarondana dihijikeun di malem Ahad, ceunah ambeh teu tunduh digawena, da isukna pakanci ieuh.

Aturan ki RW teh meunang pangrojong ti istri-istrina anu digarawe di luar kota, ceunah ambeh mulangna saminggu sakali. Jadi kabiasaan lamun pas poe Jum’at loba henpon disarada, singhoreng anu bagean ngaronda malem Minggu anu garawena di luar kota ngaririm sms, ceunah eusina sarua kieu unina, “Mah gimana keadaan… bapak mau pulang nih.”

Terus sms teh dibales aya nu ngajawab, “Buruan Pah, Mamah menanti.” Aya nu ngajawab, “Rek mulang mah mulang we, ngan Ibu nuju M ayeuna mah.” Jeung rea-rea deui jawabanana.

Hiji mangsa Kang Wilman sabalad-balad ngaronda, kurang leuwih jam salapan peuting maranehna geus ting gareplek ngabanting-banting kartu gapleh. Malahan si Mas Jufri mah geus dihelem, da kabagian ngocok kartu, geus jadi kabiasaan di perum mah, anu ngocok teh nu jadi RT oge diheleman sagala atawa sina ngalahun kohkol anu dijieun tina tangkal nangka.

Heuleut dua jam beuteung Kang Wilman kekerebekan menta parab, “Mas cikan urang ngaliwet… lapar geuning,” cek kang Wilman.

“Jeng naon liwetna Pak Wilman?” tembal Mas Jufri (baca make logat jawa anu medok).

“Sok siapkeun we beasna Mas, tah kastrol namah aya di Pak Endang, keun we teko jeung geulas mah ke sayah nyandak,” saur kang Wilman mere komando ka balad ngarondana.

“Jeung naon atuh nya dengeuna, pe’da euweuh, lauk kudu ngecrik heula, hoream leuleutakanna” gerendeng kang Wilman bari ngaleos ka pipireun imah Kang Romi RT di lingkungan eta. Maksud teh deuk kahampangan, kabeneran gigireun imah Kang Romi aya tangkal jambu. Barang sacercerna…. pluk we aya nu murag kana sirah kang Wilman, nya baseuh nya bau… Gebeg kang Wilman reuwas teu aya dikieuna, bari tanggah ka luhur.

“Jadol teh siah modolan aing, teu uyahan… hayam saha atuh ieu teh?” kang Wilman gegelendeng. Jigana mun hayam bisa ngomong mah meureunan ku hayam teh di jawab kieu, “Ari ente naha atuh teu nyakola pisan, kiih kana tangkalkeun jaba bari nangtung… kampret teh.” Tapi da kitu ari hayam mah teu bisa ngomong, komo make basa Sunda mah, ngan eta hayam surti dicarekan ku kang Wilman teh, kulusak-kulisik bari jeung disada kok… kok kok kok.

Beres nyeletingan oge miceunan tai hayam tina sirahna, Kang Wilman gura-giru ka pos ronda bari sura-seuri bangun nu atoh. “Mas…. aya hayam jago euy urang pencit, lumayan rada badag da,” cek kang Wilman ngabejaan baladna.

Mas Jufri: Dimana Pak Wilman ayamnya? (kahade nu ieu mah macana make logat jawa nya… sok balikan deui macana)
Kang Endang: Nu saha kitu hayamna?
Kang Wilman: Tuh..dina tangkal jambu, da sayah ge dipodolan tah ku siborokok,
bari ngusap sirahna terus diambuan.
Kang Endang: enya nu saha hayamna, tanya kang Endang panasaran
Kang Wilman: Lah teuing atuh nusaha, keun we mun aya nu ngakumah urang gantian isukan. paling dua puluh rebueun.
Mas Jufri: Hayu atuh Pak Endang kita tangkap, ayamnya
Kang Warlan: Siap lah… cikan senterna urang bawa.

Bring opatan arindit, terus nyalingker bari keketeyepan ngadeukeutan tangkal jambu anu di luhurna aya hayam jago keur nundutan. “Mas… sekarang mas naik… pegang kaki sama jangjangnya, terus papacokna bekem make sarung okeh..!?” cek kang Wilman bari pepeta.

“Wah atuh jangan pake sarung sayah atuh Pak Wilman, nanti bau,” tembal si Mas Jufri.

“Halah tinggal nyeuseuh atuh mas…” cek kang Warlan.

“Sok atuh Mas, geuwat naek… kade bisi kagareuwahkeun hayamna,” cek kang Wilman

Daek teu daek si Mas Jufri kalacat naek kana tangkal jambu, bari ngagerendeng, “Dasar wong males kabeh.” Gep… suku hayam ditewak, kerewek awak hayam diringkus, terus sirah hayam dibuntel ku sarung… bari maca mantra, “Meneng… meneng… meneng,” ceunah. Hayam ngagurubuk sakeudeung, jrut turun. tuluy ngalabring deui ka pos ronda.

Kang Wilman: Tah ngarah adil ayeuna sayah bagean meuncit, Mas Jufri bagean nyekelan jeung ngabersikeun bulu oge jeroan, Kang Warlan bagean masak, Pak Endang bagean ngaliwet, okeh…?”

Mas Jufri: Ke he’la Pak Wilman, kok sayah kebagean yang gak enaknya saja?
Kang Wilman: Ayeuna kieu, mas mau apanya, ati, dada, atawa pahanya boleh milih.
Mas Jufri: Wah… kalo sayah senang Ati sama pahanya,
bari seuri.
Kang Wilman: Makana tong waka protes…

Beres mencit hayam terus tingketeprek marasak, heuleut sajam satengah, liwet katut daging hayam geus siap saji, plok liwet di amparkeun kana daun cau… terus arandekak sila nyanghareupan liwet. Barang keur babagi daging, jol teh Kang Romi ngalangkung, “Wah aya liweut yeuh…” cek kang Romi bari cinggogo.

“Aeh Kang Romi sok ah sakantenan, tah geuningan aya daging,” ajak kang Wilman.

“Ari atina aya keneh teu?” tanya Kang Romi bari rurat-reret neangan ati. Mas Jufri surti gura-giru Ati jeung pingping hayam dibubuykeun kana liwet angkeuhan manehna.

“Mas Jufri wayahna nya, eta paha jeung atina kanggo Kang Romi, kudu ngelehan atuh ka sepuh mah,” cek kang Wilman.

“Lhaaa… kan itu masih ada kakinya sama jangjang.” tembal Mas Jufri.
“Huss… maenya orang tua dikasih ceker sama jangjang?” tembal Kang Wilman. Kang Romi
bari cinggogo teu wani mairan, da bisi salah ucap, keur mah embung dibere ceker jeung jangjang mah.

Akhirna si Mas Jufri kabagean jangjang jeung ceker. Terus we balakecrakan… balotram. Beres balotram nu opatan mah ngararengkol di pos ronda, ari Kang Romi mah terus we mulang.

Isuk-isuk kurang leuwih jam 6, di masjid aya nu ngawawarkeun yen tadi peuting aya nu kaleungitan hayam jago, pokna teh kieu, “Assalamu’alaikum wr.wbr… pangumuman keur warga RT… oge kanggo tatanggi RT… bilih aya anu mendakan hayam jago, anu ciri-cirina buluna warna beureum semu hideung, beuratna kurang leuwih aya kana 4,5 kiloan, papacokna seukeut, mangga geura serahkeun ka bumi sim kuring, alias Pak Romi… Hatur nuhun. Assalamu’alaikum Wr. wbr.”

Gebeg kang Wilman ngagebeg reuwas… Halah boa-boa nu tadi peuting dipeuncit hayam Kang Romi…” gerendeng kang Wilman. “Tapi keun wae lah da manehna oge ngiluan ngadahar,” bari goledag deui kana dipan, da tunduh keneh.

Teu lila panto imah aya nu ngetrokan, bari aya nu uluk salam. “Assalamu’alaikum, Pa Wilman… Pa Wilman…!”

“Waalaikumsallam… mangga kalebet…” Bray panto dibuka, “Aeh geuning Kang Romi. Mangga calik. Aya naon ieu teh asa rareuwas…”

Kang Romi : Lain kieu Wil… uing teh rek aya nuditanyakeun
Kang Wilman : Perkawis naon kitu kang?
Kang Romi : Eta basa tadi peuting ngaliwet hayamna timana euy?
Kang Wilman : Puguh eta teh meunang nimu tina tangkal jambu gigireun bumi Akang.
Kang Romi : Haaaaaaaahh… buluna warna naon?
Kang Wilman : Beureum semu hideung (
bari heuay… kaciri tunduh keneh)
Kang Romi : Tobaaaaaaaaaaaaattt Wil, eta mah hayam uing atuh….!!! jaba ge hayam adu… eta teh
Kang Wilman : Keun we atuh Kang, urang duitan, sabaraha hargana?
Kang Romi : Ti heula meulina tilu ratus rewu, tapi saminggu katukang geus aya nu nawar
lima ratus rewu…!
Kang Wilman : Euleuh… geuning mahal???!! Tah kang, kuring mah bogana saratus rebu (
bari ngasongkeun duit).
Kang Romi : Mal enya hayam adu anu geus jadi dihargaan sakitu?
Kang Wilman : Aeh ari akang, kapan hayam na oge tos nyiruruk dina beuteung, malihan akang ge nuang atina sareng pingping…

Kang Romi dikitukeun mah ngahuleng… bangun handeueul.

Kang Romi : Keun we atuh, urang bawa duitna (bari gap duit ditarima).

Tuluy kang Romi pamitan……………Assalamu’alaikum