Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-06-2008 |
Karya Patandang Nomor Naskah: 033
Kuring ngalamun di kamar hareup, bari nyawang tina jandéla, nénjokeun katumbiri sésa hujan nu ngaririncik maseuhan taneuh tadi beurang. Teu karasa, geus duapuluh tujuh taun kuring cicing di dieu, di kamar ieu, di imah ieu. Masih kénéh dihuapan ku nu jadi kolot, ku Ema jeung ku Apa.
Kuring téh boga lanceuk dua. Kang Deden, anak nu kahiji, geus kawin ka urang Acéh. Manéhna kiwari ngumbara néangan piusahaeun di Bandung, pikeun ngabéyaan anak pamajikan, katut kuring sakulawarga. Da ari Apa mah panghasilanana saeutik. Jaba panghasilan buruh tani mah saminggu ogé béak dipaké dahar sapopoé. Sakapeung-kapeungeun sok didititah macul, anu buruhna teu sapira. Éta gé bari hahéhoh lamokot késang. Saenyana mah Kang Deden téh minangka andelan kaluwarga. Tapi ti saprak kawin jadi jarang balik. Tapi sok sanajan kitu, manéhna mah tetep ngabéyaan kuring sakulawarga.
Ari lanceuk kuring nu kadua nyaéta Téh Iis. Nu ieu mah sarua jeung kuring, masih kénéh cicing jeung kolot. Selang-selang, jeung kuring manéhna sok ngawurukan barudak, ngajar ngaji di madrosah. Baé teu dibayar ogé. Anu penting mah barudak bisa ngaji jeung ibadah. Percumah boga élmu gé ari teu diamalkeun mah. Sarua jeung teu nyakola.
“Nyai, hayu atuh!” sora Teh Iis ngageroan ti luar, ngahudangkeun kuring tina lamunan.
“Hayu ka mana?” kuring némbalan bangun reuwas, bari ngalieuk ka palebah Tétéh.
“Hayu urang nempo Neneng. Pan isukan téh rék kawin. Cenah mah meunangkeun urang Jakarta.”
“Nya atuh antosan, badé ditiung heula sakedap.”
“Sok atuh burukeun. Ema geus nungguan.”
Teu lila, kuring, Téh Iis, jeung Ema ngajugjug ka imah Neneng. Bari jeung haté mah asa éra. Lantaran Neneng téh baheulana murid kuring di sakola agama.
Barang tepi ka imah Neneng, kasampak geus aya Bi Hasnah di dinya. Kuring satékah polah masang beungeut marahmay. Tapi angger bet aya waé nu nyentug kana haté.
Bi Hasnah téh adina Apa, anu kasebut pangbeungharna di kulawarga kuring mah. Geulangna keroncong, kongkorongna ngajeplok. Tapi ari ka kaluwarga kuring mah siga nu gereget keuheul waé. Katambah mani asa cap jahé pisan. Paingan atuh sok aya istilah “dulur sotéh ka jalmana, da ari kana duitna mah henteu.”
Sok nyeri haté ku omongan Bi Hasnah téh. Ngomongna dapon beledag-beledug waé kawas bedug. Kuring anu saenyana mah embung panggih, kapaksa kudu nyanghareupan. Da éra di imah batur.
“Aih, mani bagja nya Neneng mah, badé ngéngingkeun urang Jakarta,” ceuk Bi Hasnah ka Ema, bari ngadelék ka kuring.
“Enya, mani resep,” Ema némbalan, siga sahayuna.
“Iraha atuh si Nyai?” Bi Hasnah ngomong deui, siga nu hayang mupuas ka kuring sakulawarga.
Wegah-wegah ogé kuring maksakeun imut. Padahal mah haté keur perang. Mani asa hayang nutupan sungut Bi Hasnah ku wajit jeung opak nu aya di hareupeun.
“Insya Alloh pami aya jodona mah engké ogé bakal nuturkeun Neneng,” saur Ema.
Sanggeus balik ti imah Neneng, sajajalan Bi Hasnah norowéco, ngabuih yén kamari manéhna geus meuli TV jeung kulkas. Sabodo, ceuk haté kuring harita.
Sabenerna mah kuring ogé geus hayang kawin. Geus éra ku umur. Tapi kudu kumaha?
Sok loba nu datang ka imah, nu hayang nanyaan kuring. Tapi kapaksa kabéhanana gé ditampik. Inget kénéh, baheula Ema sok mapatahan; mun nginum kudu Tétéh heula. Alesanana, bisi kawin miheulaan. Da ceuk kolot baheula mah, mun lanceuk awéwé karunghal, engkéna sok moal payu ka sasaha.
Kuring mah sok karunya mun melong Tétéh nu celong jeung awakna nu leutik téh. Manéhna mah nyaaheun pisan ka kuring. Malah harita nalika kuring gering parna gé, Tétéh mah ngabélaan teu saré. Sapeupeuting maturan kuring. Ari ayeuna, menya kuring teu ngarti ka manéhna.
Isukna, kira-kira wanci pecat sawed. Kabeneran keur aya di imah. Najan di lembur aya nu hajat kariaan ogé, tur lain si itu-si éta, bet asa haroréam ngadatanganana.
Sabot anteng ngalangeu di tepas, reg aya motor eureun di hareupeun imah. Teuing saha-sahana mah. Tapi rupana kasép pisan. Jangkung badag, irungna bangir, siga nu sok aya dina impian kuring.
“Assalamu’alaikum,” ceuk lalaki nu kakara datang.
“Wa’alaikum salam.”
“Leres ieu téh bumina Pa Yaya?” pokna bari imut.
“Sumuhun, mangga ka lebet.”
Sabada tamu asup, kuring langsung néang apa nu keur aya di sawah. Teu pati jauh ti imah.
“Pa, aya tamu,” ceuk kuring.
“Saha?” Apa ngajawab.
“Duka, teu terang abdi mah.”
“Nya atuh, Apa rék ka cai heula.”
Sanggeus nepi di imah, Apa sasalaman, bari siga nu geus akrab jeung éta tamu téh.
“Oh, iéu téh Ujang Wahyu putrana Ceu Mimin téa? Naha asa cikénéh ayeuna geus bujangan deui. Tos damel Ujang téh?”
“Sumuhun abdi putra nu pangageungna, nu damel di Pertamina. Mung teu tangtos tempatna. Kadang ka Kalimantan, Sulawesi, malah kamari mah dipiwarang dines ka Amerika,” ceuk manéhna bari imut.
Oh ieu téh Kang Wahyu nu budakna Ceu Mimin téa. Apal atuh kuring ari ka Ceu Mimin mah. Manéhna téh jalma pangjugalana di lembur ieu mah.
“Nyi, suguhan atuh ieu tamu téh!” ceuk Apa.
“Mangga!” kuring ngajawab.
Kasampak di dapur aya Ema jeung Tétéh keur marasak.
“Aya saha Nyi mani asa récok?” ceuk Tétéh bari cireumbay, da keur nyiksikan bawang beureum.
“Tamu Apa. Saurna mah putra Ceu Mimin,” témbal kuring bari nyicikeun cai entéh kana gelas.
Ema jeung Tétéh panasaran hayang ningali. Tuluy ka ruang tamu, ngadon sasalaman bari ngawanohkeun manéh. Sabot kuring keur di dapur, kadéngé wangkongan Apa jeung éta tamu.
“Aya maksad naon Ujang Wahyu sumping ka saung butut Bapa téh?” Apa nanya.
“Kieu Pa, abdi téh aya maksad hoyong narosan putra Apa, Nyi Nining,” témbalna.
Gebeg haté téh. Pikiran jol ras baé ka si Tétéh.
“Euh, kitu. Nya ari Apa mah kumaha jinisna waé.”
Kuring nyuguhan bari rada ngadarégdég, nyekelan gelas ogé asa rék tamplok. Terus kuring dititah diuk di gigireun Apa nu keur nyanghareupan tamu. Kuring tungkul, da éra ku tamu nu melongkeun jeung seuri waé ka kuring.
“Nyai, Apa badé naros, naha kersa pami Nyai dilamar ku Ujang Wahyu?” Apa nanya ka kuring nu keur tungkul mikiran éta patalékan.
Kuring bingung kudu ngajawab naon. Haté teu sirikna asa keur perang. Naha kudu merjuangkeun Astina atawa Amarta? Dina haté téh aya dua pilihan, naha mending milih ieu lalaki, atawa Teh Iis lanceuk kuring? Da mun ngagugu kahayang mah, kuring téh asa hayang langsung wé unggeuk ngaenyakeun. Tapi ari ras ka Tétéh nu kacida mikanyaahna ka kuring, ngadadak merod deui. Kahayang téh dikubur deui jeroeun rasa rumasa.
“Sateuacanna, hapunten bilih kasigeung ku waleran ti abdi. Kanggo ayeuna mah panginten teu acan tiasa. Hapunten pisan,” ceuk kuring, pondok. Ngan sakitu kuring nyarita, teu kurang teu leuwih.
Ieu téh lalaki katilu nu ditampik ku kuring. Hadéna boga Bapa téh ngarti tur wijaksana pisan. Da langsung dijéntrékeun saayana ka Ujang Wahyu. Ujang Wahyu ogé siga nu ngartieun kana kaayaan kuring, najan kaciri pamuluna siga nu rada kuciwa.
Sanggeus kitu, tuluy Apa jeung tamu téh ngobrol, ngaléok kana masalah kahirupan di lembur. Kira-kira wayah lohor, Ujang Wahyu amitan ka Apa.
“Aéh mani énggal-énggalan teuing?” Ceuk Apa.
“Muhun badé ka Garut, badé ngalayad Nini sareng Aki.”
“Oh, muhun atuh. Hapunten atuh nya teu disuguhan nanaon. Da kieu geuning di dieu mah.”
“Wios, teu kedah rarépot,” témbalna bari sasalaman ka kuring jeung ka kaluwarga.
Sanggeus tamu balik, torojol Bi Hasnah gudag-gidig bari riweuh téa.
“Akang, na bener éta téh rék nanyaan si Nyai?” Bi Hasnah nanya ka Apa.
“Enya, ngan teu ditarima ku si Nyai,” témbal Apa.
“Naha? Ku naon? Bodo manéh mah Nyai. Teu neuleu bapana sakitu beunghar téh. Manéh téh hayang disebut parawan kolot? Éra ku batur!”
Bi Hasnah jol-jol sosorongot sangeunahna, siga ka budakna sorangan. Rarasaan, kolot kuring mah mun nyarékan tara nepi ka ti popolotot kitu kawas Bi Hasnah. Ari ieu mah teu riuk-riuk di hareupeun kolot, bari jeung harus nakeranan nyarékanana téh. Sigana téh bakal kadéngé ku tatangga.
Kuring langsung asup ka kamar, tuluy ngagubragkeun manéh kana kasur. Panon peureum tipepereket. Dada pinuh ku rupa-rupa gerentes. Tapi geuning ari gerentes nu pangbéntésna mah angger wé gerentes anu éta-éta kénéh, anu tiheula kénéh. Gerentes anu geus lila dikemuna.
Keun waé teu kawin ogé. Asal si Tétéh jeung kaluwarga kuring ayem tingtrim. Keun waé kuring kasiksa ogé. Nu penting mah ieu kaluwarga bagja salilana.







