Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Ku Taufik Faturohman
Bulan dicangkalak katineung
bagja cilaka ngadedempés na cukang harepan
(budak lalaki ngatepél béntang ku pakél)
Angin nu ditenung kahariwang
hamo bisa ningtrimkeun kamelang
harepan demi harepan
karahaan
digerihan kacapi beurang
(budak lalaki nyamualkeun bulan)
(tina Puisi Sunda Mutahir, Medal Agung)







