Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 13-08-2008 |
Carpon Dang Fajri
Tepi ka imah Uwa teh jam 10. Si Bibi nu mukakeun panto ge.
“Geuning Neng Mae,” Si Bibi ngabageakeun, “tabuh sabaraha ti lembur?”
“Tabuh tujuh, Bi.”
“Baeu atuh.”
Sup ka jero, kasampak Uwa nuju gegelehean dina sofa
“Jeung saha ti lembur?” Uwa nanya
“Abdi bae nyorangan Wa,” tembal teh.
Jempling. Imah nu ublug-ablag teh karasa cakueum. Sora presenter bae dina tv mani cempreng, kawantu keur acara gosip.
Lila pabetem-betem. Kitu biasana. Uwa tara gasik tunyu-tanya. Sasarina ge Uwa mah da siga nu teu merlukeun bae.
“Tatiiii….!” Uwa ngagorowok.
Si Bibi norojol gura-giru.
“Ndeh Eka geus hudang? Jam sabaraha cenah kuliahna?”
“Parantos digugahkeun nembe,” tembal Si Bibi.
“Sina terus ka cai atuh. Geus dipangnaheurkeun cai?”
“Nuju.”
“Kade ulah sina mandi citiis deui, bisi hareeng keh.”
Si Bibi unggeuk. Tuluy ngoloyong deui ka dapur.
Jempe deui. Uwa mah jongjon deui nongton tv. Kadenge bae iber ngeunaan biduan jeung bintang sinetron nu keur nyanghareupan sidang pepegatan.
“Kumaha bejana di lembur?” Uwa nanya.
“Sae,” tembal teh, “mung Aki nuju….”
Uwa ngalieuk. Ngadehem sakali semu ngagerem. Tuluy nyokot cai na cangkir. Leguk diinum saeutik. Sok deui cangkirna kana meja.
“Gering deui nyah?” ujug-ujug Uwa nanya.
“Muhun,” tembal teh.
Jempling deui wae.
Geus rada lila Uwa kakara cengkat. Panonna anteng eunteup kana televisi. Bari henteu kudu pok heula ka kuring, Uwa ngoloyong ka kamarna. Gebrug, meundeutkeun deui pantona kapireng tarik meueusan. Ti harita teu kaluar-luar deui. Mandi ceuk taksiran teh. Kuring mah rut-ret nitenan rohangan imah nu ublug-ablag. Parabotan nu hurung herang mani rapang meh di unggal juru. Di lembur mah teu aya pisan nu boga imah ublug-ablag bari paparabotanana harerang siga di imah Uwa. Korsi jok nu di ruang tamu mah, tayohna empuk pisan. Mejana tina kai jati. Karpetna pulas beureum, leuwih kandel batan simbut nu di imah.
Dina dingding ngadaplok lukisan badag, gambar sawah nu keur dipanen. Pahareup-hareup jeung poto kulawarga nu ngajeblag sarua gedena. Uwa istri jeung Uwa pameget calik dina korsi. Putra-putrana mah narangtung tukangeunana. Garaya, marake jas.
Putra Uwa teh sadayana aya opat. Kantun Neng Eka nu teu acan kulawargaan teh. Nu tilu mah, Kang Burhan, Teh Mari, jeung Kang Obing tos kurenan.
Kang Burhan jeung Teh Mari kaitung lampar. Kang Burhan matuh di Biak, Papua. Jeneng. Jadi staff direksi proyek tambang, cenah. Ari Teh Mari mah dibawa ku salakina ka Sintang, Kalimantan Barat, ngadon digawe di perkebunan. Lain handap-handap kalungguhanana ge, Kepala Pengolahan. Boh Kang Burhan boh Teh Mari, hirupna leuwih ti senang.
Enya bae, basa Uwa norojol ti kamar teh, katembong kakara rengse mandi. Bari ngome-ngome buukna nu baseuh keneh, Uwa ngoloyong deui kana sofa. Gek deui cara tadi.
Kuring mah anteng deui nitenan parabotan. Teup deui kana potret nu ngadaplok dina tembok. Lebah poto Kang Obing, paneuteup teh rada lila meueusan.
Enya. Kang Obing teu gede milik cara putra Uwa nu sejen. Hirupna ukur pas-pasan. Teu pati jauh deuih bubuarana, di Sukabumi. Meunangkeun urang Surade. Cenah di dituna ge ngan ukur semet jadi guru SMP. Pamajikanana bae cicing di imah, ngadon muka warung.
“Ari Mae cita-cita teh hayang jadi naon?” saur Uwa bangun nu pangangguran basa nangenan kuring keur ngalelekan poto nu ngadaplok.
“Guru,” tembal teh.
“Siga Obing atuh?” tembal Uwa deui.
Obing nyebutna ge ka Kang Obing mah Uwa teh.
“Ketang nu penting sing suhud diajar,” ceuk ua deui, “Si Encep (maksudna mah Kang Burhan), ku suhud jeung pinter mah, hirupna teu burung nanjung. Atuh Ndeh (maksudna mah Teh Mari), da mun diidinan mah ku pausahaanana, moal teu nempatan korsi direksi. Kuliahna kapan satata jeung salakina. Insinyur. Naha teu hayang jadi insinyur Mae teh nyah?”
Gideug kuring teh. Lah, ti mana teuing biayana ge? Tuluy neuteup ka Uwa. Kalah bray ka indung kuring. Baheula ge indung kuring mah tamatna ngan ukur semet SMP. Teu kabiayaan ku Aki. Ari Uwa, da kapan dicandak ku Aki Mahmud (rakana Aki) ka Jakarta, berekah tiasa neraskeun sakola dugi ka diploma. Ageung milik Uwa mah, saparantos kaluar diploma teh make kungsi kagungan damel janten sekretaris di pausahaan ageung. Kaluar soteh ti padamelanana, dumeh ditikah ku dununganana. Kantos kagungan bumi di Jakarta
“Tatiii……!” Uwa ngagentraan deui Si Bibi.
Torojol deui Si Bibi gura-giru.
“Ampihan etah manggu, ti lembur. Pisahkeun nu keur Ndeh Eka jeung nu kanggo Bapa,” ceuk Uwa bari ngareret ka kuring, “naon deui cenah ceuk Aki teh?”
Memeh pok kuring ngadehem heula, tuda ieu tikoro mani asa garing tacan dibere cai ku pribumi, “Muhun, ieu we ti Emih kawiatan serat. Saurna ti Aki.”
Song kuring ngasongkeun surat ka Uwa. Kareret ku kuring ge, dina nampananana teu kudu bari aya riuk kaget atawa bungah ngabageakeun. Kareret deuih ku kuring ge surat teh tuluy dibaca ku Uwa.
“Tatiiii….,” Uwa semu ngajorowok, “na ngagoreng naon ieu teh, mani segak kieu?!”
Si Bibi gasik nyampeurkeun, “Itu kapan Ndeh Eka palay tuang emi sareng telor mata sapi. Endogna kedah nganggo kecap lada.”
“Tong lada teuing keur Ndeh Eka mah, bisi mules,” tembal Uwa.
Teup deui ka kuring, “Ari Mae geus dahar?”
“Parantos Wa, tadi sateuacan mios ka dieu,” tembal teh. Beuteung mah karasa pisan kukurubukanana.
“Heueuh sukur atuh,” ceuk Uwa
“Ti iraha Aki teh geringna?” tanya Uwa.
“Tos dua minggu,” tembal teh, “kamari gohgoyna nemen.”
Uwa jempe. Leng, bangun nu nyawang ka jauhnakeun. Katangen bae, siga nu enya-enya aya nu keur dipikiran ku Uwa.
Lah, nyaho kuring ge, Uwa teh tangtu nimbang-nimbang kudu mere duit sabaraha keur Aki geusan uubar. Atawa meureun, naha kudu mere atawa henteu? Kitu kapan biasana ge, barang bere ka Aki mah Uwa teh sok rea pertimbanganana. Cacak keur uubar. Beda jeung Aki Mahmud di Jakarta. Basa Aki Mahmud kudu dioperasi usus buntu ge, biayana kapan gembleng ti Uwa.
Ti dapur kadenge Bi Tati geus nyalukan Neng Eka, nitah dahar.
Gorowok deui Uwa, “Kade Ndeh tong seueur teuing nuang emi, komo nganggo lada mah. Bilih bodo geura!”
Bilih bodo, cenah! Emh, Emih nu sok nyarita ngeunaan kabodoan teh. Majar teh, “Ieuh Mae ulah siga Emih. Ceuk Uwa maneh ge Emih mah bodo. Tuh turutan Uwa, bisa jucung sakola. Hirupna pinanggih senang.”
Jeun teuing boga Emih bodo ge. Da ceuk kuring mah Emih teh pinter. Leuwih pinter batan Uwa. Geuning Emih mah pinter nyenangkeun hate Aki. Uwa nu bodo mah, teu bisaeun nyenangkeun hate Aki, cacak ka bapa sorangan.
“Yeuh Mae, bejakeun ka Emih, minggu hareup we Uwa ka lembur. Bejakeun ka Aki ge kitu deuih. Kabeneran ayeuna mah Uwana teu nyekel duit deuih, aya ge saeutik keur mayar kuliah Ndeh Eka semester ieu,” ceuk Uwa.
Emh. Karasa ku kuring ge, Uwa teh geus nitah kuring balik.
“Muhun mangga wa,” tembal teh seuseut, tuda ieu tikoro kalah beuki garing, “moal lami atuh, bade teras wangsul.”
“Enya heug,” tembal Uwa bari teup deui anteng kana televisi, “kade nya bejakeun kitu we ka Emih jeung ka Aki mah.”
Kuring unggeuk.
Teu hayang lila di imah Uwa teh, gasik bae amitan. Ka Si Bibi jeung ka Neng Eka kuring ge kungsi amitan. Neng Eka mah ukur nembalan ku unggeuk jeung ku ngareret bae. Si Bibi nganteurkeun tepi ka lawang pager.
“Iraha Neng Mae rek ngajak bibi ka lembur, mani hayang nganjang ka ditu,” ceuk Si Bibi bari neuteup mani anteb.
“Ah, di lembur mah teu aya nanaon Bi, teu kawas di dieu,” tembal teh sahayuna.
“Teu matak cape hate sigana di lembur mah nya?” ceuk Si Bibi deui bari anteng neuteup teleb.
Kuring malik neuteup. Si Bibi kalah beuki leleb deui neuteup kuring. Kalah kuring nu teu wasa lila-lila neuteup deui paneuteupna.
“Abdi wangsul Bi,” pok teh bari ngaleos.
Karasa ku kuring ge, Si Bibi anteng keneh nyerangkeun ka kuring. Basa mengkol, kakara kadenge sora pager nu disurungkeun. Tayohna Si Bibi nutupkeun deui lawang pager.
Datang ka lembur geus liwat lohor. Emih bangun nu teu sabar hayang geura-geura ngadenge beja ti kuring.
“Kumaha cenah?” indung gasik mariksa.
“Bongkor…” tembal teh.
Jep, Emih teh teu deui cacarita. Dibejakeun deuih ku kuring ge ka Emih, minggu hareup Uwa rek ka lembur.
Emih angger keneh balem. Kareret bangun nu ngemu kahanjelu. Lila ngalangeuna ge, neuteup ka jauhnakeun. Kateuing mikiran naon. Kateuing beja nu kumaha deuih nu bakal ditepikeun ku Emih ka Aki. Ketang biasana ge, sagala rupa iber nu matak ngajaheutkeun Aki teh, datangna mah sok matak ngabubungah hate Aki.
Emih ngarenghap. Tuluy muru kana panto.
“Bisi rek dahar mah deungeunna menta heula bae ka Ibi maneh,” ceuk Emih
Emih kadenge ngagebrugkeun panto. Tayohna rurusuhan rek muru ka imah Aki. Enya, tuda Aki teh geringna ripuh pisan.***
GBI, 25 Pebruari 2008
Dimuat di Majah Mangle No. 2162












