Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 30-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Dina raraga miéling 40 dinten pupusna sajarawan Prof. Dr. Édi S Ékajati, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), gawé bareng jeung Pusat Studi Sunda (PSS), tur pamedal PT. Kiblat Buku Utama, ngayakeun acara “Guar Panineungan”. Acara lumangsung di kantor redaksi Majalah Cupumanik, Jl. Taman Kiliningan II No. 5,
*
ÉDI Suhardi Ékajati, lahir di Kuningan, 25 Maret 1945, sarta pupus di
Édi téh sosok anu basajan, henteu agul ku pangaweruh anu dicangkingna, ibarat élmu paré. Sakumaha anu dikedalkeun ku sastrawan, H. Usép Romli, Édi téh minangka jengléngan tokoh anu tawadu, handap asor, sabar, adab ka sasama sarta ka sahandapeun, sumawona ka saluhureun mah. Usép ogé nyaritakeun pangalamanna mangsa munggaran wanoh ka Édi. Pangpangna mah Usép ngarasa kahutangan budi, duméh Édi pisan anu mépélingan Usép sangkan rajin ngalaksanakeun solat. Malah ahirna mah Édi sok masrahkeun urusan anu patali jeung kaagamaan ka Usép Romli.
Édi lahir di lingkungan kulawarga patani, sarta nyuprih pangarti di SR (Sekolah Rakyat, 1958). Satuluyna ka PGA PUI di Kuningan, tapi anjeunna ngiring ujian persamaan SMPN Negeri, kalayan lulus taun 1961. Lajeng Édi lebet ka SPG, jurusan Sejarah, Fakultas Sastra Unpad, kalayan réngsé taun 1971. Salajengna Édi mancén damel di almamaterna, tug dugi ka diangkat jadi guru besar (1994). Édi ogé kungsi jadi ketua Jurusan Sejarah, sarta salila dua periode, kungsi jadi Dekan Fakultas Sastra Unpad (1995-2001).
Édi ogé kantos jadi redaktur Kalawarta Kudjang (1970-1974), Bungarampai Ilmu Sastra (1983-1984). Lajeng jadi pamingpin bagian Proyék Penelitian Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi, 1984-1987), Kepala Musieum Konferensi Asia Afrika (1980-1988), jeung sarupaning kalungguhan lianna.
Tulisan Édi mindeng dimuat dina Manglé, Galura, Pikiran Rakyat, Jurnal sastra, jsté. Tulisan anu ngajanggélék jadi buku di antarana Fatahillah Pahlawan Arif Bijaksana (1974), Penyebaran Agama Islam di Jawa Barat (1975), Wawacan Sajarah Galuh (1981), Cerita Dipatiukur; Karya-Karya Sastra Sejarah Sunda (1982), Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya (éditor, 1984), Kebudayaan Sunda (1991), Kebudayaan Sunda; Suatu Pendekatan Sejarah (1995), jsté.
Dina acara Guar Panineungan ogé, diluncurkeun buku anu ngamuat tulisan Édi dina Majalah Cupumanik, kalayan dijudulan Nu Maranggung dina Sajarah Sunda, dipedalkeun ku PSS. Aya 16 tulisan dina éta buku, antarana: “Sangkuriang jeung Alam Prasajarah”, “Tarumanagara Anu Jadi Wiwitan”, “Citraresmi Bélapati”, “Wastukancana (1371-1475): Raja Sunda”, “Sri Baduga Maharaja”, “Ki Tapa: Pahlawan ti Banten”, “Bagus Rangin: Pahlawan ti Cirebon”, “Radén Déwi Sartika (1884-1947): Ngadegkeun Sakola Kabinagkitan Wanoja”, “Sekar Rukun: Ketakna Nonoman Sunda”, “Propinsi Pasundan”, “Iwa Kusumasumantri: Dina Pulitik, Dina Cinta”, “Gan Éma: Sagala keur Sunda”, “Hizbullah Cirebon (1944-1948)”, “Kongrés Pamuda Sunda: ‘Eunteung Beureum’ nu Jadi Marga”, “Pa Oto”, jeung “Ir. Juanda (1911-1963): Téhnorat Utama”.
Luyu jeung ngaran acarana, Guar Panineungan, Ajip Rosidi ngedalkeun pamanggihna ngeunaan Édi, sarta kalumangsungan sajarah Sunda, sabada Édi tos ngantunkeun. Direuah-reuah ogé ku pintonan maca sajak “Cikaracak” ku Rin Candraresmi.
Numutkeun Ajip, ukur aya tujuh urang ilmuwan anu katingalina bisa nuturkeun tapak lacak Édi. Anu tujuhan téh minangka kaom intéléktual anu neuleuman widang garapan hanca atawa anu geus ditaratas ku Édi.
Hanca garapan Édi téh sabenerna mah bisa diwadahan ku PSS, mangrupa lembaga hasil rékomendasi kagiatan Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS, 2001). Pss kungsi medalkeun sababaraha buku serial nu medar rupaning perkara kasundaan, saperti fokloor, mitos, profil, sosio kultural, kamasarakatan, sastra, sajarah, jsté. Atuh pikeun ngawaragadan PSS, geus jadi bagéan tina kawajiban pamaréntah. Édi, anu jadi pupuhu PSS, boga hanca garapan pikeun narjamahkeun sarta nulis deui naskah kuna anu tacan kabaca. Sanggeus diitung-itung, waragadna téh moal leuwih ti 800 jutaeun. Éta waragad kaitung leutik, upama dibandingkeun jeung rarancang pamaréntah pikeun ngawangun lembur Sunda, anu waragadna ditaksir 300 miliyareun. Kitu di antara dadaran Ajip Rosidi.
Ngeunaan sawanganna ka Édi, Ajip nétélakeun yén Édi mangrupa tangtungan anu henteu ngorétkeun élmu. Édi tara ngahalang-halang jalan ka nu ngarora pikeun ngamekarkeun pangaweruhna kalayan Édi mah henteu sieun kasaingan. Éstuning Édi minangka jengléngan ilmuwan sajati, anu mibanda kapribadian ilmuwan anu séhat, sarta hayang ngamajukeun widang kaahlianana.***
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 177, Juli 2006







