Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 21-08-2008 |
Ku LUGIENA DE
Panggih jeung Godi téh basa di Tasik. Waktu keur lumangsung lomba maca sajak, di Gedung Dakwah Islamiyyah. Ti anjeunna, kuring apal yén sakeudeung deui (Juni atawa Juli) baris digelar acara Nyiar Lumar. Acara Nyiar Lumar téh mangrupa acara kasenian di tabet Kawali, anu lumangsung dua taun sakali. Prungna ti wayah sareureuh budak, nepi ka wayah janari gedé.
Geus rék nincak ka nu kagenep-kalina horéng. Dimimitian taun 1998, waktu keur harénghéng réformasi. Cénah harita mah, kungsi nepi ka diancam rék dicangkalak sagala rupa ku Koramil, lamun acarana aya bau-bau nentang ka pamaréntah. Ari hég, nu daratangna gé deuih bet réa anu dibengker ku kaén anu ditulisan “réformasi”. Tapi panitia jeung Godi teu tulus dicangkalakna. Da poé isukna, Suharto lengser keprabon.
Sababaraha taun ka dieunakeun, kungsi aya hiliwir béja, cénah Godi rék ngeureunan acara Nyiar Lumar. Malah éta béja téh nepi ka muncul dina wawancara jeung Godi, dina salah sahiji média Sunda. Geus capé cénah omongna téh. Duka saukur sisiwo, duka heueuh kitu. (Ma’lum Godi mah tukang heureuy). Kuring poho deui. Tapi nu puguh mah nepi ka ayeuna, acara Nyiar Lumar mayeng dilaksanakeun.
Tah, basa Nyiar Lumar kamari taun 2006, bet aya deui waé béja silung. Malah tungtungna mah pabéja-béja, tug ka jadi wacana di kalangan jalama-jalma anu wawuh sacara pribadi ka Godi. Cénah antara Godi jeung sawatara panitia keur aya pacogrégan, gara-gara acara Nyiar Lumar. Duka pasualan naon nu jadi bibit buitna. Da sahéng atuh harita téh, majar Godi rék neukteuk bari anggeus, moal ngayakeun deui acara Nyiar Lumar. Nu bati kerung bari handeueul, nya panongton.
Tapi bet teu ngabukti deui waé. Nyiar Lumar taun 2008 baris dipagelarkeun di leuweung tabet Kawali. Kitu ujaring carita ti Godi Suwarna. Tah, ieu mah lain ukur béja anu béjé. Da puguh sohéh, ti huluwotanna langsung, teu ngaliwatan para sahabat jeung tabi’in heula.
Ti dinya mah ngaguluyur ngobrol perkara acara Nyiar Lumar. Rumasa pangbutitina, kuring mah leuwih réa ngadéngékeun. Selang-selang sok nyeuleungkeung nanya. Heueuh, da kuring mah teu nyaho nanaon perkara Nyiar Lumar mah. Ongkoh deuih lalajo gé karék sakali, basa taun 2006 téa. Nya ieu mah itung-itung nanggap pangalaman Godi wé. Wawancara teu formal téa.
Cénah cék Godi, asalna mah konsép acara Nyiar Lumar téh tina kagiatan kémping barudak téater SMA Kawali. Tempatna mah di dinya kénéh. Laju dina prak-prakanana, nu kémping téh nyieun pos masing-masing. Sarta unggal pos kudu midangkeun kasenian, anu bakal mapay ditongton. Kitu lah, kasenianana gé sabangsa maca sajak atawa tétéateran.
Satuluyna mah bet kapikiran, éta kagiatan kémping bari “berkesenian” téh bisa dimekarkeun deui. Digarap leuwih daria. Ngajénggélék baé jadi Nyiar Lumar. Tapi harita gé Godi teu lahuta. Da maksudna mah ukur diajangkeun keur seniman deui. Ti seniman keur seniman. Teu boga pikiran bakal dideugdeug ti mana mendi. (Heueuh, da di urang mah kesenian téh leuwh réa ditongton ku senimanna kénéh, lain ku masarakat umum).
Teu kabadé ti anggalna, horéng bet rabul pisan. Pangpangna ti wewengkon Ciamis, Tasik, Kuningan, jeung Bandung. Cénah jumlah panongtonna nepi ka kungsi ngahontal 5000 jalma. Jeung kasaksian ku sorangan deuih éta téh. Heueuh, da waktu keur Nyiar Lumar mah Kawali téh sasatna hajat. Saguliwek kacamatan perentul ku jalma. Bulé anu teu bisaeun basa Sunda sakecap-kecap acan gé daratang. Puguh baé tukang dagang maréma.
Laju tina obrolan satuluyna, kanyahoan, horéng sakali ngayakeun acara Nyiar Lumar téh méakeun waragad nepi ka duapuluh juta! Padahal acarana mah najan sapeuting jeput gé kaasup basajan kénéh. Cacak éta téh tempatna di leuweung pasisian kitu. Komo lamun di tengah kota, siga féstival band anu remen magelaran di Kota Bandung. Weu, ku nguruseun tempatna gé boa sabaraha waragad anu béakna.
Nu matak tarang kerung, keur ngabéyaan acara Nyiar Lumar téh panitia teu kungsi dibéré dana ku pamaréntah! Éta obrolan anu pangtatagna ti Godi.
Sabubarna riungan, haté sorangan bet tuluy tumanya; naha teu kungsi kapikiran kitu ku Dispar Ciamis atawa Disbudpar Jawa Barat, hayang nyieun acara siga Nyiar Lumar, anu nepi ka bisa nyedot mangréwu-réwu jalma? Nya sabada dipikir disurahan, antukna mah bijil dua kacindekan:
Kahiji, saenyana mah antara komitmen, dédikasi, jeung loyalitas, taya patula-patalina jeung otoritas. Najan Godi lain aparat dinas kebudayaan, tapi geus hasil ngangkat Ciamis dina widang kasenian. Godi sahenteuna geus boga komitmen jeung dédikasi keur kasenian di Ciamis. (Punten, da mémang faktana kitu. Saméméh aya acara Nyiar Lumar mah, persépsi kuring ngeunaan Ciamis dina widang kasenian jempling-jempling baé. Nyiar Lumar bitu, ngaran Ciamis milu ngajaul. Bruh-bréh liputanana dina koran jeung telepisi.)
Mun ngitung maké ukuran matéri, meunang naon saenyana panitia jeung Godi tina acara Nyiar Lumar téh? Nu puguh mah kuring apal sorangan kana kahirupan Godi anu kacida basajanna. Jauh tina murub mubyar, ilaharna kahirupan pajabat pamaréntah.
Tina acara Nyiar Lumar téh, Godi, panitia, jeung sakumna urang Ciamis, ukur meunang kareueus katut kabungah. Éta kacindekan kuring nu kadua. Naha cukup ku sakitu? Wallahu A’lam.
Lédeng, 16-05-08.
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 198 (April-Mei 2008)













NyiLum, acara budaya yang menarik patut diadakan setiap tahunnya. Agar budaya lestari selalu.
_dee_