Kategori: Ruang Publik | Diterbitkan pada: 05-08-2008 |
Alhamdulillah, puji syukur ka Allah SWT. Hatur nuhun ka réngréngan panitia Saémbara Carpon nu parantos masihan pangajén ka simkuring. Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Mr. Michael H. Martin., nu parantos nyayogikeun hadiah, parantos katampi. Mugia ieu pangajen tiasa ngajantenkeun pamecut kanggo simkuring ngagelar karya nu langkung linuhung dina raraga ngamumulé sastra & budaya Sunda, amiiin.
Alhamdulillah, teu nyangki sacongo buuk, carpon “Lain Ukur keur Kuring” tiasa kénging pangajén dina ieu saémbara, sanaos mung lebet katégori Harepan. Uyuhan sakieu gé, ieu carpon téh karya munggaran simkuring nu serius & nembéan pisan ngiringan saémbara. Saleresna karya sim kuring nu sanés mah seuseueurna carpon humor. Geuning, tiasa ogé simkuring serius hé hé…
Mugi sing sering diayakeun saémbara sapertos kieu.***
Roro Siti Rohmah







