Garut Baheula: Objek Wisata Jaman Baheula
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-11-2008 |
Ku ROCHAJAT HARUN
Bung Karno kantos ngelingan supados urang teu hilap atanapi ngahilapkeun kana sajarah bangsana. Pangharepan ieu seringna mah kaluli-luli. Kaseuseueurannana, utamina nu aranom, kirang uninga kana sajarah budaya karuhunna. Hal kitu teh jalaran bewara ngeunaan sajarah nu ngungkabkeun budaya, sosial, politik sareng sajabina kirang pisan didugikeun ka maranehna para nonoman. Atanapi tiasa janten wae kaula muda jaman kiwari kirang malire kana sajarah karuhunna.
Diantawisna, ngeunaan sajarah sinareng kahirupan jaman baheula, kalebet kasuksesan atanapi kamajengannana dina rupi-rupi widang. Kalebet hal-hal nu aya patalina sareng kapariwisataan. Sapertosna wae, kabupaten Garut, geuningan kantos di jaman baheula mah ngagaduhan pamor sinareng posisi nu kalintang moyanna ka mancanagara di Eropah.
Pribados kantos mukaan sababaraha bacaan ngeunaan kabupaten Garut. Aya sababaraha hal penting nu ngahaja ku pribados dikutip anu sakintenna cocok sareng ieu judul artikel. Hasil kokoreh pribados tadi, nya kapidangkeun ringkesanana dina ieu artikel, utamina ngeunaan objek sareng kagiatan wisata jaman baheula atanapi dina pajamanan Garut Tempo Dulu.
Jaman walanda kapungkur, aya hiji ungkapan kakaguman utamina ti para turist jaman baheula dina awal abad ka 20, nyeta mooi Garut. Ieu ungkapan kakaguman teh sami sareng ungkapan mooi Indie. Mooi Garut hartosna Garut nu elok. Ieu pujian di jaman kolonial Walanda teh taya sanes ekspressi kakaguman marantenna urang asing utamina para turis Eropah, rehna Garut teh geuning pinuh ku pamandangan alam nu kalintang arendahna.
Sohorna Garut waktos harita, sanes bae jalaran ku kasuburan taneuhna wungkul, nanging oge ku kaendahan panorama alamna, matak pikabetaheun. Seueur urang Eropah nu kumecrek kapincut sareng kataji, maruji kana kaendahan kota Garut sareng sabudereunnana. Dugi ka Garut kenging julukan Swiss van Yava. Satingkat sareng julukan kanggo kota Bandung kapungkur nu kasebat Parijs van Java.
Seueurna wisatawan nu pelesiran ka daerah Garut, ngawitan katingal dina awal abad ka 20. Seueur pisan urang Eropah utamina urang Walanda nu waktos harita nuju ngajajah Indonesia, ngahajakeun ngadongdon ka daerah Garut, saatosna pelesiran ka kota Bandung alias Parijs va Java. Seueurna para wisatawan teh sakawitna mah diluluguan ku ayana paguyuban di kota Bandung nu disebat Bandung Vooruit, hiji paguyuban nu kalintang gandrung sinareng kasengsremna ku kagiatan pariwisata di kota Bandung.
Seueur jargon-jargon nu diciptakeun sareng sumebar kamana mendi mancanagara ku alpukahna ieu paguyuban. Sapertosna bae Bandung disebat salaku Parijs van Java nu hartosna Parisna Jawa. Alatan eta, seueur wisatawan asing nu katarik nyumpingan Bandung, hoyong nyakseni kana sagala kamonesan sinareng kaendahan alam kota Bandung. Pating hingar-bingarna bewara kapariwisataan ieu, nya sumebar ka daerah Garut. Sanes bae alatan teu patos jauh jarakna ti kota Bandung, nanging oge tos pada aruninga rehna Garut teh ngagaduhan daya tarik kaendahan panorama nu langkung pinunjul batan kota Bandung.
Sanaos waktos harita mah ngarupikeun kota alit, nanging Garut kagungan daya tarik sanesna sababaraha objek wisata sapertos: Situ Bagendit, Cipanas, Ngamplang, sareng kawah Papandayan. Oge kaayaan kota Garut kalintang raresikna. Di unggal simpangan jalan teu weleh aya patamanan endah pikeun pangistirahatan para wisatawan. Jalan-jalan di kota kalintang bersihna tandaning aya upaya piaraan nu saestu. Waktos harita nu jumeneng bupatina teh nyaeta Adipati Soeria Karta Legawa nu nyepeng kalungguhan ti tahun 1915 dugi ka 1929. Mantenna teh taya sanes putuna Panghulu Garut, R.H. Moehammad Moesa.
Ti waktos harita pisan kota Garut kasohorna ka mancanagara ampir ka sabeulaheun dunya. Dugi ka kenging julukan Swiss van Java, atanapi Swisna Jawa. Malihan aya pamadegan, tacan sampurna pelesirannana saupami turis nu sumping ka kota Bandung henteu dilajengkeun ka kota Garut. Ku alpukahna paguyuban Bandung Vooruit, Garut dijantenkeun daerah kunjungan nu ngarupikeun paket wisata kanu bade arangkat ka kota Bandung, otomatis kedah teras dilajengkeun ka kota Garut.
Ku alatan eta, dina waktos harita di kota Garut oge disaluareun kota, lajeng diadegkeun sababaraha hotel wisata mewah kelas hiji nu baris nampi para wisatawan. Diantawisna nu kasohor waktos harita nyaeta Hotel Papandayan, Villa Dolce, Belvedere, sareng Hotel Van Hengel. Disaluareun kota Garut aya Hotel Sanatorium Ngamplang, Hotel Bagendit, sareng Hotel Villa Pauline di Cisurupan.
Sajabina pelesiran di tempat-tempat wisata, para turis tiasa oge mendakan hiburan nu rada nangtang sapertos moro sasatoan di leuweung nu hara-haraeun katarajang manusa alias masih leuweung geledegan. Sasatoan nu tiasa di buru diantawisna bae aya bagong, banteng, uncal, oge maung sareng buaya. Hal-hal eta pisan nu ngajantenkeun Garut langkung sohor sinareng tiasa ngirut para wisatawan. Nu mawi ti ngawitan harita pisan kota Garut katelah Garut Pangirutan.
Babasan eta teh sanes wungkul basa basi namung leres-leres kota Garut ngagaduhan pamikat atanapi daya tarik pikeun para inohong ti Eropah. Sapertos Charlie Chaplin artis film nu sohor ti Hollywood nu waktos harita kamashur pisan, mantenna ngahaja sumping ka Garut dina tahun 1928.
Waktos harita, kota Garut tos nincak dina masa kaemasan, jalaran seueur pisan didarongkapan ku para turis luar nagri. Garut dijantenkeun hiji tempat pikeun gempungan para inohong dunya. Suasana kitu kantos diabadikeun ku S. Ahmad Abdullah Assegaf dina buku novelna nu kasohor Fatat Garut (Mojang Garut) nu kantos terbit dina tahun 1929 diserat dina basa Arab.
Kiwari, sesebatan Mooi Garut mung kantun waasna. Di jaman revolusi, Garut kantos ngalaman kahancuran, kalebet objek-obek wisatana. Tos seueur pisan upaya reka perdaya nu kantos diusahakeun kanggo mulangkeun deui pamor kota Garut salaku kota Wisata nu kungsi sohor di saantero dunya. Nanging bawiraos kitu, kajayaan Garut salaku pangirutan para wisatawan, dugi ka kiwari tacan ngawujud. Garut Tempo Dulu masih tebih tina harepan, malahan mung saukur panineungan.
Ass..
Muhun geuning bapa saatos abdi ngaos ieu artikel, geuning saneh Bandung wungkul kota anu janten objek wisata jaman baheula teh. hanjakal pisan sesebatan Mooi Garut mung kantun waasna. padahal mah geuning leureus garut teh gaduh seeur kaendahan alam objek wisata sapertos: Situ Bagendit, Cipanas, Ngamplang, sareng kawah Papandayan. Oge kaayaan kota Garut kalintang raresikna. Dugi ka Garut kenging julukan Swiss van Yava. Lebar pisan lamun Garut Tempo Dulu teh mung saukur panineungan, tebih keneh tina harepan kanggo mulangkeun deui pamor kota Garut salaku kota wisata nu kungsi kasohor saantero dunya. hatur nuhun.
wassalam.
Ass.
Setujuuu Pa!
Zaman dahulu mungkin garut sempat mengalami kehancuran pada zaman Revolusi,
Namun sekarang, sudah mulai terlihat usaha dari masyarakat Garut yang ingin mengembalikan citra/ image Garut sebagai “Swiss van Java” (Swiss nya Jawa) ataupun dalam bahasa Belanda, Mooi Garut (garut yang Elok).
Julukan ini telah mendorong dan memacu masyarakat dan SDM Pariwisatanya untuk meraih kembali Julukan itu dengan meningkatkan segala kualitas objek wisata alam maupun lainnya, sehingga akan membuktikan bahwa “Garut yang sekarang Mampu meraih Julukan Swiss Van Java ataupun Mooi Garut kembali sehingga Julukan itu takkan pernah hilang dan tidak hanya sekedar harapan saja.
Wass.
muhun leres pa..
garut tos katelah objek wisata’na, komo bp nu kawitna ti garut. asa jadi hoyong linggih ka garut. hehehe
haturnuhun pa, moal seeur carios ahh, kumargi bahasa sunda’na tebih tina kasempurnaan hehehe.
assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh
maos ieu artikel, abdi janten terang leuwih ngeunaan garut
yen garut teh swiss van java
ningali sejarah bandung anu paris’na jawa,
abdi janten hoyong langkung terang garut baheula
swiss anu kasohor sejuk hawa’na tangtu sami
sareng hawa garut
mudah-mudahan abdi tiasa mendak titilasan garut baheula
di era modern sapertos kiwari
wassalamualaikum warohmatulohi wabarokatuh
Ngawaler kahoyong neng Dewi sareng Tia,
Upami leres mah hoyong nganjang ka Garut, kalintang diantos pisan. Wartosan we nya, naha iraha badi ka Garut na.
Ngan tangtos bapa mah bade nyandak mang Dhipa, supados bapana teger. Maklum upami nyalira mah bapa teh sok ceehan, gampil ragrag hate. Ha…3x.
Rochajat
lereus pak!geuning mun di tilik-tilik deui mah pariwisata teh lain saukur bali,bandung atanapi kota-kota lain nu tos kawentar dina kapariwisataan,kota garut nu kawentar ku dodol’na ge geuning gaduh seueur potensi pariwisata nu teu acan di kelola..mugiya dina ayana otonomi daerah teh tiasa ngembangkeun deui potensi-potensi nu tiasa ngangkat pariwisata ti dearah..amin
Assalamualaikum, akang hatur nuhun tos maparkeun garut tempoe doeloe, padahal abdi orang garut teu apal garut jaman baheula. Mudah2an disambung deui carita anu ay a di Garut. Wslm
Assalam…
Aduuh pa, hapuuunteeeen pisan…
saya kan orang brebes, jadi artikel bapa yang pake bhs sunda, saya kurang faham…gmn atuh pak???
tapi saya coba mengambil intinya saja y pak…semoga nyambung…
yang saya tahu…garut mempunyai prospek pariwisata yang tidak kalah menariknya dengan ODTW lain,,bahkan kalo kita pernah mengunjungi daerah garut, banyak tempat-tempat wisata yang dapat kia datangi,,,
apalagi kalo kita dapat merasakan garut tempo dulu denga garut zaman sekarang,,,pastia ada beberapa perevisian baik dari segi bangunan atau atribut fisik ataupun yang lainnya, namun semoga seluruh masyarakat, pemerintah maupun instansi swasta dapat bekerjasama untuk mewujukan garut menuju lebih indan
terima kasih..