Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA
Lingkung Seni Mustika Sari idéntik jeung (Géboy Grup). Di wewengkon Tasikmalaya, Ciamis, Garut jeung sabudeureunana, ngaran Géboy geus moal bireuk deui. Teu saeutik anu ngadadak kabandang ku géolna Si Géboy. Pangpangna mah anu resep tur mikacinta kana kasenian Sunda. Naon hubunganana antara Si Géboy jeung Fitria Adia Silvana?
***
Mimitina mah SB téh ngahajakeun nepungan ka padumukanana di Kampung Leles Hilir RT. 16, RW. 03 N0. 31, Ds. Kurnia Bakti, Kec. Ciawi, Kab. Tasikmalaya. Hanjakal pisan, Si Géboy téh keur suwung. Nurutkeun katerangan ibuna, Cacih Ratnasari, Géboy nuju kuliah di Bandung, écésna Jurusan Tari STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia).
Tangtu baé SB langsung maluruh ka kampus STSI. Kabeneran harita téh keur aya acara ‘Suhunan Seni Urang’, hiji pagelaran produksi Jurusan Tari angkatan 2000. SB ngadeukeutan hiji mojang anu keur cakah-cikih nataharkeun acara. Kawasna mah salah sahiji panata calagarana.
“Punten, manawi kenal ka Géboy?” SB tumanya.
“Di dieu mah teu aya nu namina Géboy,” témbalna bari nelek-nelek SB, siga anu keur rada nalungtik.
“Di mana atuh anu aya?” sakalian baé SB ngabanyolan. Angkanan téh euweuh Géboy ogé, teu nanaon digantian ku ieu mojang. Sarua ieuh katingalina téh pinter nari. Sarua ieuh méncrangna.
“Sok wéh pami aya peryogi ka Géboy mah, engké diwartoskeun. Nuhunkeun baé alamatna!” kitu pokna.
“Geuning étah kenal ka Géboy?”
“Terang pisan. Tapi da mémang sanés di STSI Géboy mah,”
“Di mana atuh?”
“Ada ajah. Ti mana téa kitu ieu téh?”
“Abdi ti Majalah Seni Budaya,”
“Oh, manawi téh ti mana. Hayu atuh wang di kantin nyariosna!” kituna téh bari miheulaan leumpang, muru ka hiji kantin. Gék diuk,sanggeus saméméhna mangmesenkeun cikopi.
“Omat, wartawan Seni Budaya mah teu kénging disogok ku nanaon,” ceuk SB.
“Sanés nyogok ieu mah. Nyuguhan cikopi,” témbalna.
“Ari kitu onaman,” geus pararuguh mah, kakara SB wani ngarongkong gelas kopi. Keur mah mémang deuih, tatadi mula ogé geus teu kuat hayang kopi.
“Mana atuh Néng Géboy téh?” tanya téh rada teu sabar.
“Teu aya Géboy di dieu mah. Aya ogé Fitria,” témbalna.
“Fitria? Oh, muhun Fitria,” kakara inget SB ogé, apan Ibu Cicih téh geus ngabéjaan ti anggalna, mun yén ngaran asli Géboy téh apan Fitria Adia Silvana. Boa-boa, ieu mojang téh enyaan anu keur dipaluruh ku SB.
*
Teu jauh tina sangkaan, mémang anu keur ngawangkong jeung SB téh, taya lian Si Géboy téa. Sandiasma tina ngaran Fitria Adia Silvana. Abong sagala rupa ogé kumaha amal-amalan, aya ku kabeneran nanyakeun Géboy téh ka jinisna pisan.

Fitria alias Géboy, hiji mojang anu parigel ngéngklak jeung ngawih. Bakatna geus katara ti keur leutik mula. Kabuktian saméméh kuliah ka STSI ogé, Fitria geus mindeng manggung. Atuh komo deui ayeuna, pangaweruh dina widang kasenianna beuki nambahan. Sakumaha anu dicaritakeun ku Ibu Cacih, nepi ka kiwari Géboy Grup (Mustika sari) geus manggung leuwih ti genep ratus kali. Malah lain baé di wewengkon Priangan, Si Géboy kungsi ngalanglang ka wewengkon Bogor, Tanggerang, Jakarta, jeung sajabana. Wanda pintonan Géboy Grup mibanda ciri has sorangan. Henteu katalimbeng ku pongdut wungkul, tapi aya kalana sok ngagelar kasenian réog jeung calung. Kungsi éta ogé Géboy Grup ngeusian acara di TVRI Bandung, dina wanda Kasenian Longsér.
Fitria Adia Silvana, mojang anu lahir di Ciawi, 30 Juni 1980, boga cita-cita pikeun mébérkeun pangalamanna. Kilang kitu, lain hartina ninggalkeun kawajibanna nyiar élmu. Kiwari Fitria keur soson-soson kuliah. “Ngarah téréh bérés,” kitu pokna. Bisa jadi, Fitria hayang geura meunang kabébasan dina enggoning ngembangkeun kréativitasna. Atawa bisa jadi ogé, Fitria geus ngararancang unggah ka balé nyungcung. “Henteu. Abdi mah teu acan ngémutan nikah. Pokona mah sakola baé heula ayeuna mah.” Fitri mungkas wangkongan. Kituna téh bari neruskeun deui kasibukanana. Kawantu mémang harita mah Fitria téh jadi salah sahiji panata calagara pagelaran ‘Suhunan seni Urang’. Tapi bisi mitra SB aya anu masih kénéh panasaran mah, mending tepungan baé langsung ka kampusna, Jalan Buah batu 212. Pon kitu deui, bisi urang luar kota aya nu hayang wawanohan mah -ceuk Fitria- ngirim surat baé ka alamat Rédaksi Seni Budaya. InsyaAlloh bakal diwaleran cenah mah.*** (MS)
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 137, Maret 2003







