Kategori: Info | Diterbitkan pada: 27-12-2010 |
Harian Umum Pikiran Rakyat gawé bareng jeung Téater Sunda Kiwari baris ngagelar Festival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar. Ieu acara baris lumangsung tanggal 7 nepi ka 27 Februari 2011 di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1, Bandung.
Acara FDBS Pelajar bisa diiluan ku para pelajar SMP jeung SMA di Jawa Barat jeung Banten. Panitia FDBS Pelajar narima pendaptaran peserta ti 1 November 2010 nepi ka 30 Januari 2011, di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No. 1, Bandung, jeung di Marketing Communication Pikiran Rakyat, Jl. Asia Afrika 77 Bandung. Informasi pendaptaran bisa ngaliwatan nomor HP: 081321094615 (Suto) jeung 08122011713 (Dadi).
Naskah pilihan pikeun peserta FDBS Pelajar diantarana “Si Kabayan Jadi Dukun” karya Moch. Amri, “Nu Jaradi Korban” karya R. Hidayat Suryalaga, “Seksa” karya Dhipa Galuh Purba, jeung “Munapék” karya Moliere, Tarjamahan Rosyid E. Abby.








