Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 06-01-2008 |

eutik-mukhtar

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

OPAT maéstro seni ti Jawa Barat baris dilélér Anugrah Budaya ti Pamaréntah Pusat. Opatanana ogé baris nampa honorarium transper élmu anu gedéna sajuta saban bulan. Tina opat urang téh, dua di antarana seniman Pantura, sarta dua deui ti Bandung. Seniman ti Pantura nyaéta Taham (dalang ti Indramayu) jeung Mimi Rasinah (maéstro tari topéng ti Indramayu). Demi seniman ti Bandung nyaéta Eutik Mukhtar jeung Tan Déséng. Lengkepna mah anu baris dilélér pangajén téh 31 urang, nyaéta para maéstro seni tradisi sa-Indonésia.

Kuring kungsi ngusulkeun ngaran Eutik Mukhtar sangkan dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung, dina acara jumpa pers panitia Anugrah Budaya Kota Bandung I di kantor redaksi Galura. Tapi dina acara Anugrah Budaya Kota Bandung II, ngaran Eutik Mukhtar henteu (tacan) kapilih minangka tokoh anu dilélér éta anugrah. Ayeuna Eutik Mukhtar dilélér Anugrah Budaya ti Pamaréntah Pusat, nya tangtu baé sacara pribadi kalintang ngarasa sugema.

Sateuacan Eutik Mukhtar ngantunkeun (21 Agustus 2007, jam 17.30 WIB), kuring kungsi nepungan Eutik ka ka palinggihanana, di Gang Laksana VI No. 269/125. A, RT. 04, RW. 03, Cicadas, Bandung. Tujuanna mah silaturahmi baé, bari hayang ngawangkong jeung tokoh anu sababaraha judul lagu ciptaanana dipikalandep ku kuring.

Iwal ti kakoncara minangka juru rebab, Eutik ogé kaitung suksés nyiptakeun leuwih ti saratus lagu. Karya-karyana sumebar tur dipikalandep ku masarakat, pangpangna mangsa taun 60-an nepi ka taun 70-an. Malah nepi ka kiwari ogé, karya-karyana masih kénéh dipikawanoh tur dipikalandep ku balaréa. Lain saukur jadi seniman, da Eutik ogé milu berjoang di médan perang nanjeurkeun kamerdékaan, basa ngagabung jeung Tentara Nasional Indonésia (TNI).

Basa harita dianjangan, sanajan yuswana tos 78 taun, tapi masih kénéh katingali jagjag, kalayan tiasa ngawangkong nyambung. Eutik calik dina korsi, disarengan ku Ai Martini, putrana anu kadua. Derekdek, Eutik ngadadarkeun lalampahanana jaman keur budak tug nepi ka neuleuman dunya kasenian. Ngadongéng lalakon pinuh sumanget, kaasup nyarioskeun jaman perang sagala.

Ti umur tujuh taun, Eutik geus mikalandep kasenian Sunda, pangpangna mah resepna téh kana lalajo wayang golék. Tapi teu cara karéréaan anu lalajo wayang golék séjén, da Eutik mah anu dipencrong tur dilenyepan téh kalah juru rebab, lain wayangna. Harita Eutik enyaan kataji ku juru rebabna. Biasana wayang golék anu dilalajoan téh dalangna Mama Takrim.

Eutik Muchtar lahir di Désa Cinunuk (baheula mah kaasup Kacamatan Ujungberung, Kabupatén Bandung), 21 Désémber 1928. Eutik mémang lahir di lingkungan seniman. Malah upama ahirna Eutik jadi juru rebab, bisa disebutkeun keuna kana paribasa téng manuk téng anak merak kukuncungan. Pangna kitu, apan ramana Eutik téh sasatna juru rebab, taya lian Suryadinata. Malah lanceukna Eutik ogé, Iyos Suharnas, kapeto jadi juru kacapi tur mahér ngahaleuang lagu-lagu tradisi.

Eutik mimiti diajar ngarebab. Tapi ku lantaran harita mah masih sarwa werit kénéh, diajarna téh henteu langsung ku rebab asli, da bisi ngaruksak. Kunaon atuh? Lebah dieu kréatifna seniman baheula téh, saperti Eutik, anu diajar ngarebab ku kaléng biskuit . Éta kaléng biskuit téh dibentuk nepi ka jadi rebab, kalayan maké tali rami tina tangkal haramay (Haramay téh ngaran sarupaning tutuwuhan anu kulitna beunang dijieun tali). Sanajan basajan, tapi justru kaseukeutan Eutik dina ngatur sora rebab leuwih kalatih. Tug nepi ka ahirna Eutik katelah jadi juru rebab, anu dipikawanoh ku balaréa, ditaréangan ku dalang, dipaluruh ku sindén, rék diajakan manggung.

Sakumaha anu dicaritakeun saméméhna, Eutik lahir dina mangsa Indonésia masih kénéh dijajah. Malah dina umur mangkat rumaja (taun 1945), Eutik milih ngagabung jeung pasukan TNI, kalayan pancénna nyerang Belanda dina mangsa peuting. Basa pasukan TNI ti Subang hijrah ka Jawa, Eutik ogé milu ngagabung. Eutik ngagabung jeung batalyon Garuda Hitam, kalayan berjoang ngalawan penjajah. Taun 1948, kakara mulang deui ka Bandung. Satuluyna Eutik masih kénéh milu berjoang mertahankeun kamerdékaan.

Tanggal 10 Novémber 1949, dina hari Pahlawan, para pejoang kamerdékaan dilélér pangajén “Bintang Gerilya” ku pamaréntah, anu lumangsung di Buahdua, Sumedang, Jawa Barat. Eutik ogé kaasup salahsahiji anu dilélér anugrah “Bintang Geilya”.

Dina taun 1951, Eutik milih pangsiun tina tentara. Eutik hayang neuleuman dunya kasenian leuwih daria. Tétéla, Eutik mémang kréatif. Lagu munggaran anu diciptakeun ku Eutik, langsung dipikalandep ku balaréa, taya lian lagu anu judulna: “Bintang Gerilya”, dihaleuangkeun ku sindén kakoncara jaman harita, Upit Sarimanah.. Teu kudu hamham deui perkara jiwa laguna, da puguh Eutik sasat ngalaman jadi tentara, kaasup perang ku cara taktik gerilya, kabuktianana Eutik dilélér tanda jasa “Bintang Gerilya”.

Sanggeus lagu munggaran dipikalandep ku balaréa, Eutik beuki produktif nyiptakeun lagu. Di antarana: “Bencana Alam”, “Dara Ayu”, “Cageur Bageur”, “Leungiteun Kakasih”, “Mapay Laratan”, “Mawar Lumayung”, “Nyieun Pucuk ti Girang”, “Taman Priyangan”, “Amanat Bersatu”, “Nganteur Katineung”, “Sari Kancana”, “Pahatu Lalis”, jsté.

Ku lantaran mahér nyiptakeun lagu, otomatis Eutik kudu ngalatihkeun laguna ka juru kawih atawa sindén. Sacara langsung Eutik ngajarkeun lagu ciptaanana, boh ngaliwatan sora rebab atawa langsung dicontoan ku sora vokal Eutik. Tapi ari mindengna mah maké metodeu sora rebab. Puguh baé lagu-lagu Eutik geus nganteurkeun sawatara sindén pikeun ngahontal ka puncak kasuksésan. Sebut baé misalna sindén Aan Darwati (Kadipatén), Cucun Cunayah (Saubang), Iyar Wiarsih (Bandung), Imik Suarsih (Bandung), Dédéh Winingsih (Karawang), jsté.

Eutik kungsi jadi pengawas siaran RRI (Radio Républik Indonésia) Bandung, kalayan digajih 25 pérak/ bulan. “Harita téh kungsi aya larangan teu meunang nyieun lagu anu témana pulitik…” kitu saur Eutik anu harita geus boga grup sorangan, kalayan dingaranan “Puspa Warna”. Eutik ngadahup ka Qoni’ah, kalayan dipaparin anugrah 11 urang putra, antarana: Tarmo, Ai Martini, Nani, Adé Hamida, Caca Karwata, Euis Hartini, Ayi Rohaéti, Sutana, Tina Kartina, Ani Sumarni, jeung Agus Hartono.

**

*

Pandi Upandi ngahontal gelar magister di Programm Pasca Sarjana Institut Seni Indonésia (ISI) Yogyakarta (2004), ngajukeun tésis anu judulna “Kawih Kepesindénan Karya Eutik Muchtar, kajian Struktur dan Fungsi”.

Nurutkeun Pandi Upandi, karya-karya Eutik Muchtar henteu leupas tina laras dina karawitan Sunda, nyaéta saléndro, pélog, degung, jeung madenda. Demi iringanana ngagunakeun gamelan saléndro. Umumna lagu-lagu karya Eutik diwengku ku embat dua wilet, sarta aya sababaraha lagu anu mibanda embat opat wilet. Lagu-lagu kawih kepesindénan karya Eutik, umumna dipidangkeun dina wanda kiliningan, nyaéta lagu anu dihaleuangkeun ku sindén sarta dipirig ku gamelan saléndro (Gamelan saléndro bisa digunakeun keur mirig lagu-lagu anu mibanda laras saléndro, degung, madenda, jeung mataraman.. Jumlah laguna kira-kira 200 lagu (ka “SB” mah Eutik nyaritakeun kungsi nyiptakeun 110 lagu, red).

Masih kénéh nurutkeun Pandi Upandi, téma lagu karya Eutik Muchtar umumna ngeunaan kahirupan jalma déwasa anu keur meujeuhna nyorang rumah tangga, saperti pagétréngan antara salaki jeung pamajikan. Kilang kitu, diarahkeun sangkan tingtrim deui, minangka pesen moralna. Atawa kedal haté hiji wanoja anu keur dilimpudan rasa asih ka jajaka.

Aya ogé téma ngeunaan kaéndahan alam ciptaan Gusti Nu Maha Suci, ngajak masarakat pikeun ngalenyepan kaagungan Nu Maha Kawasa, tur ka dituna ngajak sukuran dipaparin kaéndahan alam. Téma séjénna nyaéta kritik sosial, saperti dina lagu “:Gegeringan” (api-api gering). .

Boh Pandi Upandi atawa Ai Martini (putra Eutik ), nyawang kacida pentingna aya dokuméntasi lagu-lagu karya Eutik Muchtar, mangrupa notasi jeung rumpaka anu kiwari masih patulayah. Lagu-lagu Eutik perelu dipiara tur dilestarikeun, boh ngaliwatan radio, télévisi, rékaman vidéo, rékaman kasét, tug nepi ka jadi bahan ajar di sakola-sakola kasenian, saperti SMKI, STSI, ISI, jsté. Ai Martini geus ngararancang pikeun ngawangun musieum Eutik Muchtar. “Mugi baé sagala rupina tiasa lungsur-langsar, kalayan teu hilap nuhunkeun pidu’a ka sadaya masarakat, hususna anu micinta kasenian Sunda,” kitu saur Ai.

Eutik jeung Ai ogé teu hilap ngahaturkeun nuhun ka pamaréntah, lembaga, sareng individu anu salami ieu masih ageung paniténna ka Eutik. Saperti YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan) anu kantos ngalélér piagam pangajén sareng artos anu ageungna Rp 2.500.000,- ti Drs. H. Uu Rukmana jeung Wali Kota Bandung, H. Dada Rosada. Malah lain baé Eutik Muchtar, anu harita dilélér ku YPK, tapi sawatara seniman séjénna ogé kénging anugrah anu sami, saperti Elan Surawisastra, Imik Suwarsih, Iyar Wiyarsih, Aki Ahung, Ki Umbara, Edeng, Endang Suryana, Mang Maskar, Anang Permana, jeung H. Wigandi.***