Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 03-11-2007 |
Modérnisasi cenah. Dunya beuki maceuh ngadu géngsi. Kacanggihan sains jeung teknologi lir taya tungtungna. Unlimited ceuk légégna mah. Di luhur langit masih kénéh aya langit. Di luhur lalangit aya para. Di luhur Jati handap ogé, aya Jati luhur. Kitu kawasna pikeun ngagambarkeun penemuan anyar Mang Étom. Poé kamari Mang Étom geus ngaresmikeun hiji alat super canggih, beunang ngaracik manéhna sorangan. Saalam dunya kawasna bakal geunjleung upama nyaksian alat super canggih beunang Mang Étom. Nurutkeun balabar kawat di Cigorowék, Mang Étom téh baris ditulis dina Guinnes Books Of Recor. Tapi teuing iraha-irahana mah.
Alat super canggih Mang Étom téh dingaranan TBC. Tapi omat, ieu mah lain sabangsaning panyakit bengék, koléra atawa sabangsana. TBC anu dimaksud di dieu mah singketan tina The Big Computer. Pangna dingaranan kitu téh, pikeun nyaluyukeun jeung ukurannana anu kaitung mahiwal. Perangkat-na loba pisan. Sawaréh mah nepi ka dipihapékeun di imah Lurah Ukar. Monitor-na leuwih gedé batan layar tancep. CPU-na oge sagedé lomari. Mouse-na teu kireum-kireumna téh nepi ka sagedé kulkas, da maké gilinding mobil keur majukeunna ogé. Tapi ari keabord-na mah ukur sagedé cangkang korék api.
“Ngahaja éta téh. Sabab lamun teu kitu, pasti moal balancing!” kitu ceuk Mang Étom, basa acara launcing geus dimimitian.
“Ieu komputer téh mangrupa hiji-hijina komputer anu anti virus,” pokna deui.
“Naon jaminanna, Prot, aéh Prof?” salah sahiji wartawan tumanya.
“TBC geus ditaliti ku dokter ahli ti laboratorium forénsik pusat. Nurutkeun kasimpulanna, TBC moal katerap ku sabangsaning Human Immunodeficiency Virus atawa virus-virus séjéna,” kituna téh
“Pa Profésor, moal enya virus HIV asup kana komputer?”
“Kanu Komputer ieu mah apan ceuk kuring ogé moal asup, dijamin tah! Lamun kana komputer séjén, kuring teu wani ngajamin. Sabab dina program ACD See, kuring mindeng manggihan poto jenis BMP atawa JPG anu ngaéksploitasi gambar porno. Tah, program Adobe Fhotoshop téh sok dipaké ngulik gambar anu ditaranjang!” Mang Étom kalah ngacapruk kamana karep.
“Kumaha lamun ku batu virus nu Abah?” Bah Dinta nyelengkeung ti lawang jandéla.
“Can dipikiran, bah,” témbalna.
“Naon deui kaunggulan TBC anu lainna? kalayan dina komputer séjén tacan kungsi aya, Prof?”
“Loba pisan. Kuring geus masang tujuh rébu opat ratus tujuh puluh tujuh satengah program anyar. Jaba teu kudu maén instal sagala rupa. Diantarana, program dina TBC téh bisa nganyahokeun umur ingon-ingon, bisa nganjang ka poé kamari, bisa ngeprak anu démontrasi kawas PT Heuras Genggerong, bisa nuduhkeun barang anu leungit, jeung sajabana. Wah pokona mah sagalarupa ogé bisaeun!” ceuk mang Étom mani engap-engapan, méh baé katurelengan saking ku loba teuing norowéco.
“Sok atuh buktikeun!” aya anu ngajorowok rada tarik.
“Siapa takut…” Mang Étom ngajawab
“Teu di-passwords ieu mah,” ceuk Mang Étom
“Geuning teu waras, Prof?!” tanya wartawan anu diuk panghareupna.
“Sabar,” kitu tembalna
“Barudaaaak! Awas aya bom dina komputer!” Mang Étom nyorowok. Buriak barudak kalaluar
“Tuh, pan waras nyah!”
“Enya bener. Tapi kumaha cara ngagunakeunnana Prof? sayah jadi panasaran,”
“Gampil. Tinggal sebutkeun ngaran, tuluy ngomong, luyu jeung anu rék ditanyakeun ku didinya,”
“Nyobaan, ah. Kabeneran tadi di jalan leungit kacamata. Ngaran sayah Joni. Di mana kacamata sayah ayeuna?” pokna
“Apan étah dipaké!” témbal TBC. Sorana kadéngé tina spéker. Atuh saréréa ogé mani marolohok. Jeung dina enyana deuih, kacamatana téh tatadi oge sidik dipapaké.
“Nami abdi Anto. Basa lebaran kadua, abdi ical mobil kijang warna hejo métalik. Plat nomberna D 1207 BU. Di mana ayeuna nyah?” aya wartawan anu nanya deui ka TBC.
“Tinggal tanyakeun baé, ka nu maké mobil pangpandeurina!” témbalna.
“Abdi Cép Among. Saha jodo abdi?”
“Téangan béntangna Cigorowék, budak Lurah Ukar. Tah éta pijodoeun mah!”
“Abdi Ubéd téa. Minggon kamari kaicalan domba bikang tilu,”
“Apan dipeuncit ku sia!”
“Uing Jekong. Iraha uing rék kawin?”
“Ah siah, payu oge henteu,”
“Abdi Johan. Kumaha carana hayang naek gajih?
“Masang susuk sing loba. Tuluy pendekatan ka atasan kudu diutamakeun. Kajeun kudu ngalétakan bujurna ogé, wayahna ulah teu daék. Nu sahandapeun tincakan. Anu sapantar mah tinggal sikuan baé, gampang!”
“Ngaran uing Sarwan. Sabaraha nomber anu bakal kaluar isukan?”
“Na sia téh make jeung hayang meuli nu kitu patut. Nyaho eta téh haram, goblog! Jeung deui apanan nomber téh geus dicaram berédar. SDSB ogé ditutup. Bangkawarah pisan jalma anu ngayakeunna téh. Ari sia rék milu bangkawarah deuih?! Dibabad ku aing geura!!!” TBC téh ngadadak sesentak lir anu ambekeun naker. Nepi ka anu nanyana ogé méh katurelengan.
“Abdi ical bumi…”
“Na sia téh kawas anu gélo baé. Piraku aya imah leungit?!” TBC nyentak deui, malah bari kukulutus sagala rupa. Tungtungna mah unggal anu nanya, sok tuluy dicarékan laklak dasar. Kaasup anu teu tuah teu dosa ogé milu kacarekan.
“Hampura euy, aya gangguan téhnis sigana mah! Poho bieu, teu ngaaktipkeun program anti-marah.” Mang Étom nyarita rada tarik.
“Gangguan téhnis nanahaon sia téh, Étom. Ngaréken gélo ka aing?” TBC némbalan. Atuh puguh Mang Étom oge ngaranjug. Malah bakat ku soakna nepi ka ngompolan manéh. Calanana mani jemblang. Komo basa nyaksian mitohana kaluar ti jero Monitor




wahhhhh…..hhhhh, hebat,hebat,hebat pokonamah,
di cigorowek tos aya prof. entom anu tiasa nyiptakeun komputer canggih,
nuhun ah kang ngaraos kahibur yeuhhhhhhhhh, caritana seru diantos nu sanesna ahhhhh.
hehehe hebat lah !!!! Cigorowek teh Desa di Kecamatan mana..??? aya oge Kmp. Cigorowek Ds. Balokang Kec. Banjar seueur tukang tahu didinya teh, cibuntu mun dibandung mah..
nuhun …. kang …… aya hiburan yeuh.
ah…dodol pisan euy…
kang dhipa salute…………
mun di etang, tos teu ka etang. tapi da kumaha unggal ngaos artikel ieu beut kedah gumujeung wae.
nyeri kulit seuri beu2teungamm teuing