Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |


Pilkada Ciamis geus lumangsung kalayan kaitung lungsur-langsar. Hasil beubeunangan sora, didominasi ku pasangan incumbent Hebring (Engkon Komara – Iing Syam Arifin) kalayan jumlahna 274.716 suara (23,83 %), sarta dituturkeun ku pasangan Jembar (Jeje Wiradinata – Husin M. Al-Banjari) anu ngaraéh 219.641 (19,05%). Tilu pasangan séjénna, nyaéta Hatte (Tedy Herdiana – Tarso Dawaminata), Addin (Affandi Permana – Koko Komaruddin) jeung Yoi (Yoyo Cuhaya – Irmand B. Kusumah, bédana jauh pisan. Hatte ukur kabagéan 74.597 sora (6,47%), Yoi (60.136) suara (4,95%), jeung Addin  54.707 (4,75%). Kitu nurutkeun data tinaperhitungan sora sementara di KPUD Ciamis (26/10/08, Jam 21.00.

Lumangsungna Pilkada bupati/wakil bupati poé Minggu (26/10). Tina lima pasangan calon, aya dua cabup jeung dua cawabup anu henteu nyoblos, lantaran domisilina lain di Ciamis. Dua cabup jeung cawabup anu teu nyoblos nyaéta Tedy Herdianya jeung Affandi Permana, demi cawabup mah Husin M. Al-Banjari jeung Iing Syam Arifin.

 

Maruta Bayu/ G-P.Com