Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 |

eggy-setta.jpg

Ku MARUTA BAYU

 

PATEPUNG di lokasi shooting Cinta SMU, di wewengkon statsion kareta api Jakarta. Éggy Sétta harita keur paciweuh tatahar shooting, rék merankeun jalma barandalan nu ngageugeuh statsion karéta api. Paciweuh téh tara-tara ti sasarina, da puguh logatna kudu nyunda. Mangkaning Éggy mah apan aslina ogé ti Surabaya. Apal sotéh kana logat Batawi, da puguh geus sakitu lilana ngumbara di Batawi. Palebah diasongan dialog basa Sunda mah, teu anéh upama titararajong. Nya harita pisan mimiti karasa ku Éggy, hiji aktor mah hadéna kudu ngawasa rupaning basa, sakurang-kurangna apal logatna. Malah ti harita pisan, Éggy boga itikad pikeun diajar Basa Sunda.

*   

 

UPAMA sakali mangsa tepung atanapi ngawangkong sareng Éggy Sétta, InsyaAlloh bakal wareg seuri. Pang kitu, ieu aktor anu kungsi ngalanglang puluhan judul sinétron téh kacida resepna kana sempal guyon. Teu di mana, teu di mendi, upama aya Éggy pasti suasana bakal haneuteun. Kilang kitu, guyon sotéh upama keur mangsana reureuh tina “dines”. Da ari nuju shooting mah, katara pisan kadariaan Éggy dina metakeun pangaweruhna dina widang ékting.

Nu namina aktor, tangtos baé kudu siap diasongan peran nanaon ogé. Sok sanajan aya spesialisasina. Pikeun Éggy, dina sababaraha sinétron modérn, tos ngalanggan merankeun tokoh dokter sareng polisi. Aya kalana merankeun antognis ogé, kayaning jadi préman, siga dina Cinta SMU. Tapi  kawasna Éggy  bakal katingali pantes upama merankeun tangtungan dokter atawa pulisi. Contona mah dina sinétron Tersanjung, Kehormatan, atanapi Termakan Sumpah, Éggy  dipilih ku sutradarana pikeun merankeun dokter. Demi peran pulisi mah saperti dina sinétron CP-CP, Rumah Kardus, Panji Manusia Milénium, ssjb.  Salian ti Dokter atawa pulisi, Éggy ogé kungsi merankeun tokoh-tokoh séjén dina sinétron Tangisan Anak Tiri, Kisah Sedih di Hari Minggu, Kasih tiada Batas, ssjb.

Ka dieunakeun, Éggy Sétta mindeng nonghol dina rupaning sinétron mistéri. Puguh baé diladangan baé, da Éggy  keur meujeuhna ngalobaan “jam terbang”. Pang kitu, Éggy ngarumasakeun yén dirina can pati dipikawanoh atawa kakoncara saperti artis-artis séjénna. Éggy kungsi maén dina sinétron Di Sini Ada Sétan, Siluman kelekawar, Siluman Belut Putih, Gunung Kawi, Siluman Badak, Hantu Cantik, sjjb. Kilang kitu, sanajan maén dina mistéri ogé, ari sempal guyonna mah tara leungit. Puguh baé dina mangsana brik atawa réngsé shooting. Malah ku ayana Éggy bisa ngahaneutan suasana, Éggy jadi mindeng diajakan maén dina ségmén sinétron nu sarupa, saperti TV Légénda. Sebut baé Éggy Sétta mah geus jadi aktor “langganan” Lunar Jaya Film.

Resep guyon, henteu jadi pangirut utama atawa modal utama anu ngalantarankeun Éggy mindeng dikoling pikeun maén sinétron. Ari modal utama mah keukeuh baé kamampuan ékting jeung kadisiplinan Éggy, boh dina kadisiplinan waktu atawa kadariaan dina mangsana keur shooting. “Daripada ditunggu, mending kénéh menunggu…” kitu pokna Éggy, maké basa campuran sagala. Apan ayeuna mah keur diajar nyarita Basa Sunda téa, jadi Éggy rajin mulungan kecap-kecap Basa Sunda, boh maca buku Basa Sunda atawa tatanya ka urang Bandung. “Hanjakal, urang Bandung ogé, henteu semuana ngarti basa Sunda…” kitu saur Éggy kalawan jujur. Mémang ari kituna mah, bujeng-bujeng urang bandung nu ngumbara di Batawi, dalah nu sapopoéna di Bandung ogé, teu saeutik nu teu wanoheun kana Basa Sunda.

Ngawangkong perkara shooting antara sinétron modérn jeng klasik atawa kolosal, Éggy leuwih resep maén dina sinétron modérn. Pang kitu, alesanana asup akal, dina sinétron modérn mah, henteu capé teuing. Apan ari maén dina sinétron klasik atawa kolosal mah, karasa pisan ripuhna awak téh. Komo palebah adegan palagan atawa tarung; ti mimiti latihanna, tug nepi ka émprona. Aya kalana kudu digantung ngagunakeun seling. Leuheung mun sakali jadi mah, da mindeng dibalikan deui. Nya, pikeun Éggy mah kaalaman pisan pait-peuheurna maén sinétron kolosal téh, da puguh munggaran meunang kasempetan maén téh dina sinétron-sinétron klasik atawa kolosal. Ieu aktor anu lahir di Trenggalé, Jawa-Timur, 06 Méi 1974 téh, kungsi merankeun tokoh Demang dina sinétron Kaca Benggala jeung Mistéri Gunung Merapi, merankeun tokoh Senopati dina sinétron Tutur Tinular, merankeun tokoh Hakim Adiaksa dina sinétron Angling Dharma, ssjb.

Nami aslina mah Hadi Sétto. Digentos jadi Éggy Sétta, ngarah rada kerén cenah. Namung paralun cenah, sanés teu narimakeun kanyaah ti ibu ramana, Bapa Bahat sareng Ibu Sutija, anu parantos masihan nami sakitu saéna. “Apan tos biasa, aktor ganti nama mah…” kitu saur Éggy, anu kiwari nuju ngeureuyeuh muka salon (Élizabeth Salon) di Jakarta Timur. Puguh baé henteu ku nyalira, da disarengan ku istrina, Néng Nancy, istri geulis katurunan Cina. Atuh tina rumah tanggana sareng Néng Nancy téa, kiwari tos dipaparin karunia hiji putra istri, anu namina Shinta. Alhamdulillah cenah, istri sareng putrana ngarojong pisan kana kagiatan Éggy dina widang sinétron. Nu mawi, dugi ka kiwari ogé, sumanget Éggy teu weléh ngagedur pikeun ngahontal kasuksésan dina widang ékting. Iwal ti latihan ékting, Éggy ogé apan nuju ngeureuyeuh diajar Basa Sunda. “Bisi aya tangtangan siga kamari deui…” kitu saur Éggy, anu maksudna mah tangtangan dialoh ngagunakeun Basa Sunda, dina sinétron Cinta SMU.***

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 161, Maret 2005