Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 08-07-2008 |
Innalillahi wa Inna Illaihi Roziún, Kang Didi Wiardi, S.Sen., parantos mulih ka jati, mulang ka asal, dipundut ku Nu Maha Kagungan.
Kuring nampa béja pupusna Kang Didi téh ti Kang Dian Héndrayana ngaliwatan SMS anu katarima jam 03:05 WIB. Numutkeun Kang Dian, pupusna téh di Rumah Sakit Hasan Sadikin, kalayan layonna tos dicandak ka Brebes.
Kuring rada cangcaya kénéh, da sacara saréat mah Kang Didi téh anom kénéh. Malah asa can kacaturkeun kawin. Tapi ari bobogohan mah kantos. Taya sanes sasaeanna teh sareng sastrawati kakoncara Chye Retty Isnendes. Sering pisan Kang Didi curhat ngeunaan Chye Retty.
Kuring nelepon balik ka Kang Dian, hayang ngayakinkeun éta béja. Tapi kang Dian ogé nampi wartos téh ti salahsawios personil kelompok musik Samba Sunda, sami deuih ngalangkungan SMS anu katampi jam 12 langkung cenah. Jadi, pupusna tiasa janten sekitar jam 00.00 WIB.
Saterusna kuring nelepon ka bumina Kang Dedi Satya Hadianda, hayang leuwih ngayakinkeun. Tapi teleponna teu ditampi, kalayan kuring ngama’lum pisan da nelepon lain wayah lain mangsa. Nyoba-nyoba deuih nelepon Kang Dody satya Ekagustdiman, tapi sami henteu diangkat, kalayan tangtos wé dima’lum pisan.
Ahirna, kuring kudu percaya kana katerangan ti Kang Dian héndrayana, da salila ieu Kang Dian mah asa tara kungsi heureuy, komo urusan anu pupus. Duh Gusti Nu Maha Agung… kalintang sedihna ieu haté abdi, kalayan seja jajap Kang Didi ku duá. Mugia Kang Didi diperenahkeun di tempat anu mulya mungguhing Alloh SWT, amiiin.
Kang Didi téh batur saperjuangan kuring, kungsi babarengan ngokolakeun Majalah Seni Budaya Swara Cangkurileung. Sababaraha poé katukang, kuring geus ngumumkeun yén Majalah Seni Budaya parantos pupus. Naha atuh ayeuna bet dituturkeun ku nu kantos ngokolakeunana. Kang Didi, batur kuring dina tukeur pikiran sabudeureun kabudayaan Sunda.
Kang Didi téh geus diaku anak ku mamah (Ibu Juju Tatang Suryana). Hartina Kang Didi ogé lanceuk kuring, da apan kuring geus leuwih tiheula diaku anak ku mamah. Salila kuring kuliah di STSI Bandung, kuring matuh di bumina mamah. Sabada mamah ngalih ka Cihampelas, bagéan Kang Didi anu sok matuh di bumi mamah téh. Malah kuring mah rumasa tambélar langka ngalongokan mamah.
Basa ngadéngé béja Kang Didi geus diangkat jadi karyawan STSI Bandung, kuring kacida bungahna. Sabab terang pisan yén Kang Didi téh poténsial. Patalungtik anu seukeut, kalayan bisa diilikan dina sawatara tulisanna.
Pamungkasna ngawangkong jeung Kang Didi téh dina acara “Peluncuran CD Musikalisasi Lalaki Langit” karya Kang Dian Héndrayana (30 Méi 2008). Harita Kang Didi mirig sababaraha lagu ku tarawangsa. Basa Héni Syaféi (bendahara panitia) nanyakeun honor pemusik, ceuk kuring téh saruakeun wé honor mah, kajaba Kang Didi kudu ditambahan. Duka kunaon bet spontan ngajawab kitu harita téh. Nya… ieu sigana jawabanna. Gawé bareng pamungkas jeung Kang Didi Wiardi.

Ti Kenca: Didi Wiardi, Mamah, istrina Kang Dedy, Kang Dedy Satya Hadianda
Anu inget baé, kuring can bisa nedunan paménta Kang Didi, hayang ditepungkeun jeung Kang Hermawan Aksan. Pédah sarua ti Brebes jeung sarua micinta budaya Sunda. Tapi ari salamna mah geus ditepikeun ka Kang Hermawan, kalayan Kang Hermawan ogé harita tumanya, nu mana Kang Didi téh. Ceuk kuring, engké mun kaparengan insyaAlloh dikenalkeun. Hampura, Kang Didi.
Sakali deui, mugia Kang Didi kénging kabagjaan nu langgeng. Ka kulawarga anu dikantunkeunna ogé, mugia dipaparin kasabaran tur kaiklasan, amiin.
DHIPA GALUH PURBA














Sampurasun..Nun
Simkuring ngaraos kaleungitan dulur…
Rahayu… Kanggo mang Alm.Mang Didi
Nuhun Mang Katampi pisan sagala kasaean Mang Didi
Tarawangsaanna Katampi pisan
Salambaktos
Rampesss…
Numawi seueur nu leungiteun ku Kang Didi Wiardi. komo Chye Retty Isnendes mah dugi ka ayeuna masih keneh ngalanglayung. Leres pisan, mugia rahayu salalamina di alam lana.
DHIPA GALUH PURBA
Kang, ieu abdi bade ka Semarang.
Ngalangkungan Brebes
Hujan girimis
Ati teh meni kahinis
Sumereset sumeredet
Cisoca jadi batu dina dada
(Hapunten ngalangkung wungkul. Kumaha Akang damang di kalanggengan?) (Brebes, 14 Juli 08)
“Pondok dipitali papon
Panjang dipitali korang
Pajeujeut dijieun koja”
Moal hilap kana kawih Akang nu digalindengkeun waktos harita. Hapunten abdi. Kitu deui, mugi sagala kalepatan Akang dihapunten ku Yang Widi. Mugi Akang tingtrim di mustari, amin…
(Dhipa, meni kitu… isin atuh Teteh)
Aduh… hik hik… meni saredih kieu. Abong panyajak petingan…
Nyaaa… teu kedah isin-isin Teh, margi eta mah tos bagian tina sajarah kahirupan. Langkung sae urang ngadu’a we mugia engke jaga beh ditueun jaga urang tiasa ngariung di alam kalanggengan binarung kabagjaan… amiiin.
DHIPA GALUH PURBA