Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 |

 

Ieu téh poto pun alo, Méga Citrawati, anu sadidintenna sok dilandi “Itik”

Antukna mah tinekanan hayang nagnjang ka Uluwatu téh. Uluwatu, perenahna di tungtung kidul pulo Bali tur nyanghareup ka samudra Hindia, mangrupa tempat wisata anu pinuh kaéndaham. Aya pura anu ngadeg luhureun batu karang tur nyanghareup la laut kalayan jangkungna 50 méter. Mangsa wanci pabuburit, bisa ngalenyepan éndahna sunset, tur nyaksian pintonan tari bali (kecak) anu kakoncara tug nepi ka mancanegara.

Ieu pun alo, Méga Citrawati alias “Itik” (Katuhu) sareng Alo Wawan. Itik ka A Wawan teh masih wargi. Alo Wawan teh nya alo kuring atanapi putrana kapiraka.

 

Ieu poto pun alo, Méga Citrawati alias “Itik”(katuhu) sareng ibuna, Hj. Tuti Sunarti (sok dilandi “Tunang”). Ari Tunang teh nya lanceuk kuring, saindung sabapa.