Kategori: Dangding | Diterbitkan pada: 07-10-2007 |
—Asmarandana
Balaka sisi basisir
Mangsa mongkléng alam rasa
Malébér galura sono
Mupus nirca mangsa lawas
Catetan kungsi sasab
Basa raga tacan lawung
Méméh haté budal cinta
Ngarénjag pinuh kagimir
Neuteup angkeub semu melang
Lalakon sigana pondok
Tapak lampah ngudag-ngudag
Amarah ningker urang
Ngabebela hurung ngempur
Hamo pareum disimbeuhan
Kapaksa anjeun ngalengis
Nyingkahan pakéwuh manco
Muntang pageuh hajat cinta
Cimata ninggang taktak
Muru gerot alak paul
Jajap anjog katingtriman
Paneuteup kedal pasini
Bulan béntang kahieuman
Moékan laratan nyoro
Dina ranjang panganténan
Ngetrukeun rupa rasa
Najan tacan cunduk waktu
Ninggang mangsa dirapalan
Palagan napsu wiati
Bumi dogdag nulak bala
Karomah nutupkeun panto
Kari rénghap patémbalan
Doraka ririakan
Ati manteng ka Nu Agung
Muga urang taya céda
Nyingkahan ngalambangsari
Anjeun sabar ngemu cinta
Meruhkeun galuring mopo
Meupeus peuting kebek bagja
Dibarung pangharepan
Mapag isuk reumbeuy imut
Urang leupas tina runtah
Cianjur, 23 Juli 2005
Dimuat di Majalah Cupumanik No. 26, Bulan September 2005




ngaraos bagja kalayan reeus pisan tiasa maos rupi-rupi karya basa sunda. Ti kawit dangding dugi kaulinan barudak. Emh… eta basa meuni ngageter ati. Basa sunda nu ekspresif jadi pamatri kana budayana. Haturnuhun abdi tiasa terang kana sagala rupi karya basa sunda. Salian ti eta, abdi janten langkung mikadeudeuh basa sunda. Basa nu moal bisa diwakilan ku basa lain sabab ku basa sunda eusi hate naratay janten ucap. Sim kuring ti panjalu.
Alhamdulillah… hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu web nu tuna kapunjulan. Memang basa urang mah (Sunda) minangka basa rasa, basa nu tiasa keuna kana mamara rasa. Aeh-aeh… ti Panjalu nya? Nyanggakeun salam pangwanoh atuh. Diantos linggih ka Tanjakan Simpar…
DHIPA GALUH PURBA