Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-06-2008 |

Karya patandang Nomor Naskah: 029

Abdi mah urang gunung bau lisung jauh kabedug anggang
kadulang, jalmi alit sagala teu gaduh . Gerentes teh. Da
jeung eunyana atuh nilik kana kaayaan oge jauh beda siga
langit jeung bumi, nu sarua teh pedah eta meuren baheula
tempatna kuliah sarua hiji paguron jeung sajurusan deuih.
Teu disangka ayeuna bet diparengkeun kuring hayang kuliah
deui, emprona kuring kuliah.
Na atuh waktu asup kakelas, eh bet bareng deui jeung
manehna.
Antukna kuring ngahuleng. Mikiran naha naon atuh hikmahna
iyeu teh. Ras kuring inget jaman ahir-ahir PPL.
“Em iyeu mie geus asak ”
Kadenge keneh sora manehna waktu baheula keur PPL nu sok
remen mangnyieunkeun mi keur kuring. Waktu harita manehna
akrab nyebutna emha kakuringteh.
“Eh ngrepotkeun ”
Pok teh bari jongjon ngaguratan alat peraga.
“Eh henteu, enggal atuh kabujeng tiis etang etang
narimakeun pasakn Eni nu tara masak mugi katampi he.he.. ”
Pokna.
Da jeung eunyana atuh manehnamah jelema senang di imahna
oge. Pareng ayeuna di tempat PPL-lan kudu bisa ngurus
sorangan.
“Leureus yeuh teu ngarepotkeun ”
Pok teh bari mencrong manehna, tiditunamah bari
nyelok-nyelok ngolongan hate manehna.
“Ih henteu atuh, iklas ko ” Pokna.
Manehna neuteup kuring. Teuing sabaraha lila kuring
papencrong-penerong jeung manehna mani asa kuhoream
ngaleupaskeun teuteupan anu rarasaan hate manehna oge
yakin sarua nyimpen rasa kawas kuring. Galura dina dada
motah teuteupan asa tembus ka alam anu can pernah kasorang
ngadon lalayaran dimuara sagara cinta. Endah nyampak
ngamuara dina rasa bogoh anu motah.
“Enggal atuh malah mencrog kitu gening.”
Tapi kituna manehna oge teu ngaleupaskeun teuteupanana anu
dipisieup ku imut anu nyari.
Antukna kuring eleh   deet tungkul miheulaan megatkeun
setrum anu ngalir tina sorot panon sewang-sewangan.
“Eh En moal cape kitu pami geus janten ibu keudah masak
ungal dinten? ”
Kituna panomah sok angger ngareretan manehna nu aya
hareupeun. Kitu deui polah manehna sarua jeung kuring
neuteup. Ahirna sok mindeng bentrok pateuteup-teuteup.
Ahirna sok pada ratug jajantung pada  tutunggulan, komo
lamun manehna geus mere imut nu matak kayungyun. Seredet
hate beuki nyeredet, bugah, sedih, campur pagalo jadi
hiji.
Kuring guntreng ngobrol ngaler ngidul bari remena mah
panon teh sok neuteup
pangawakan anu aya di hareupeun. Heueuh tetela manehnamah
rupa geulis, nyapinter, nyabageur, taat parentah agama
katurug-turug budak jeleraa aya puguhwe atuh teu dek matak
bagja kumaha lamun bisa ngahiji jeung manehnateh.
Heueuh  pan  kusabab jelema  aya nu ngalantarankeun
kuring  hayang ngedalkeun bangbaluh hate jadi beurat teh.
Antukna kuring ukur kumejot ditungtungan kunyalahkeun
diri, naha atuh mikahayang teh lain kababad.
Kuring seudih sorangan ras kadiri anu serba kurang ras
deui kana gerentes hate anu hamo bisa di pondah. Ahirna
kuring tumamprak kana nasib nyanggakeun sadaya-daya. Ari
nilik   kana galagatmah enya sigana manehna oge nyimpen
rasa, Enya atuda eta geuning sorot socana oge katinggal
siga hayang di sungsi, sarua siga nyimpen muara, tresna
geuning. Da buktina lamun pareng pateuteup-teuteup teh sok
pada-pada hoream ngaleupaskeun, atawa manehna sok  imut
matak kayungyun. Manehna mere sikep anu nandakeun resep
kakuring . Duh eta imut naibah sieup anu neuteup matak
sangsara lamun terus kuring pisah jeung manehna. Dua taun
satengah kuring deukeut jeung manehna, dua taun satengah
kuring nyidem rasa katresna, Salila eta kuring ngarasa
bagja bisa hirap anu sabenerna. Bisa silih elingan bisa
silih tulungan bisa silih asih kulantaran    babaturan
kuliah, Enya sanjan babaturan tapi anu
karasamah leuwih ti ukur sakadar babaturan da
jero-jeronamah pohara bogohna ari kuringmah. Kuring epes
meer, kuring rendah diri anu ngalantarankeun    kuring
jadi boboleh. Enya atuda kuringmah urang kampung   bau
lisung. Lain babad lain tanding jauh tanggah kalangit
lamun kudu ngedalkeun eta rasateh. Era, karunya, sieun
pajarkeun kuring ngahina. Manehnamah pan urang kota,
katurug-turug jelema aya   lamun enyana oge manehna
nyimpen rasa deudeuh   kumaha atauh komara jeung wibawa
manehna meureun jadi turun. Moal, kuring moal ngera-ngera
sorangan jeug ngera-ngera manehna. Kuring kudu nalipak
diri, kuring ulah katipu ku rasa anu semu, heueuh semu
geer kupamolah manehna nu can tangtu benerna nyimpen rasa
siga kuring ayeuna. Kitu obat mujarab kuring nujadi jalma
letik. Nincak kahayang jalma leutik geuning sarua jeung
jalma nu aya, aya kasempetan kuring nuluykeun kuliah bari
beak dengkak kuwaragadna  da tujuan sugan be atuh engkemah
tinggal senangna bisa ngomean turunan anu tinggaleun
sagala-galana. Lamun engke pareng kuring sukses meureun
bisa ngangkat darajat kulawarga pikirteh. Na atuh
dikersakeun amprok deui jeung Eni teh di tempat kuliah nu
ayeuna, sajurusan deuih. Sono tresna nyaliara deui,
Sedengkeun ayeuna beuki ripuh. Kuliah oge beuki teu puguh
ukur ngandelkeun susuganan sugan aya biyayana. Sedengkeun
manehna ayeuna geus beuki jadi jelema. Kuring beuki
kasiksa ku itu-ku iyeu, lengit jati diri lalaki sajati
kuring, minder, keuheul jeung rasa liana nyaliara, kuliah
kuring jadi teu karuan kusabab teu boga duit jeung teu
hayang nambahan gudawangna hate.