Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |


Éséy DJASÉPUDIN

 

HARITA, meunang ondangan ti Ki Dumang, “datang ka imah nya, urang deuk nyunatan, budak urang hayang dipangwayangkeun, ah urang wé nu ngadalangna mah,” pokna basa patepang di Fakultas Sastra Unpad.

Ki Dumang (karyawan di Fakultas Sastra Unpad), dalang ngora wedalan Cikuda téh lain dalang joré-joré. Sahan­teu­na kungsi nyangking pinun­jul kadua basa binojak­ra­ma padalang­an di Sumedang.

Enya wé basa malem Salasa tanggal 7 Pébruari 2005 di kampung Margalaksana-Cikuda Jatinangor, ti kajauhan gé geus kadangu hawar-hawar sora nu tatalu. Nalika anjog di buruan imahna geus nyampak panggung katut gamelan sapuratina.

Tong dibandingkeun jeung acara-acara kasenian di dayeuh Bandung, nu mindeng dipagelarkeun di gedong kasenian atawa di kampus paguron luhur.

Panggung wayang Ki Dumang mah teu ieuh tohaga. Lah, cukup ditiungan ku terpal urut. Panggung téh diadegkeun di buruan imahna turta rada mépéd ka susukan. Sound jeung spiker ukur alakadarna. Tong ngarep-ngarep pajabat méré “sambutan”.

Teu, teu RT-RT acan, sumawonna pajabat kacamatan atawa pajabat kasenian. Ukur bapana Ki Dumang ku anjeun (sarua sok ngadalang) nu méré pangbagéa keur nu hajat.

Tong waka ngareunteut haté Ki Dulur! Panggung alakadarna, grup wayang jeung dalang can kawentar, turta ti pajabat teu meunang pangbagéa nu daria, tapi teu ieuh ngurangan sumangetna.

Enya sumanget nanjeurkeun ajén-inajén kasundaan. Enya gé nu lalajo téh teu éar kawas nu biasa kasaksén nalika dalang Asép manggung. Atuh da boro-boro wawaran atawa publikasi jeung informasi keur balaréa nu biasa diémbar­keun dina sawatara média. Tapi pagelaran di Cikuda mah najan teu kitu gé dangiangna mah bener-bener karasa.

Éta wé najan ti magrib kénéh geus ngecrek, ih da nu niat deuk lalajo téh teu ieuh ingkah, nganti-nganti Ki Dumang metakeun kabisana. Maju ka peuting, nu lalajo téh beuki anteng baé ngabandungan Ki Dumang ngawa­yang. Tug dugi ka lekasan nu haladir téh ukur saurang dua urang nu ngoléséd ninggalkeun pintonan.

Aya kacapangan, kasundaan hususna pawayangan idéntik jeung entragan kolot. Tapi harita mah éta hipotésis téh teu metu.

Minangka buktina, loba pamuda nu jol ti kampung Cikuda, Jatiroké, jeung kampung Narongtong ngahajakeun nongton Ki Dalang mintonkeun kaparigelanana. Dalah Ibu-ibu jeung bebenyit gé réa nu haladir nyakséni Ki Dalang mintonkeun pangartina. Kantenan para sepuh mah bangun pogot pisan ngabandungan Ki Dalang medar carita, “Bangbang Jatilana.”

Teuing naon alesanana pintonan wayang harita mah asa karasa dangiang Sundana téh? Eta kitu pédah Ki Dalangna asli pribumi? Ah, asa kaleuleuwihi. Pédah urang Jatinangor jeung sabudeureunana geus bosen kitu nyakseni acara-acara tivi nu kitu-kitu baé, laju milih nongton Ki Dumang ngawayang? Teu ngabibisani. Atawa pintonan wayang Ki Dumang mah teu kaancloman ku rupaning “kapentingan”? Duka téh teuing.

Basa ditanya ku naon toh-tohan daék ngawayang, bari waragad meunang sorangan, taya nu nyeponsoran? Ki Dumang teu ngawaler. Laju ditanya deui, kapan nyéwa sound, gamelan, muruhan nayaga, sindén jeung sapuratina jumlah-jamléh pasti leuwih ti dalapanjuta, ari gajih anjeun mun dikumpulkeun jero sataun gé moal leuwih ti sakitu lin? Ki Dumang tetep ngabetem. Na teu ngarasa rugi kitu? Ki Dumang angger nagen.

Tapi sanggeus disaleukseuk mah antukna Ki Dumang téh balaka. “Kuring ngagelar wayang lantaran kuring nyaah ka Sunda”. Ngan sakitu-kituna. 

 

Dimuat dina majalah Manglé No. 2052