Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 |
Ku M. NANA MUNAJAT
Sanaos yuswana tos ngagayuh ka tilupuluh taun, tapi upama Cucu midangkeun kamonésanana dina panggung, kawasna moal éléh ku para rumaja. Brang srog kana panggung ogé, sakur panin nu lalajo bisa tamplok ka anjeunna. Daya pangirutna kaitung kuat, tug dugi ka nganteurkeun dirina pikeun nyangkin pinunjul hiji, Pasanggiri Jaipongan Tingkat Nasional. Kumaha kasangtukang Cucu téh? Nana Munajat Dahlan, Wartawan SB, ngahaja ngajugjug ka padumukan Cucu di Kabupatén Subang, kanggo diwanohkeun ka sadaya Mitra SB. Yu geura, urang barandungan, kumaha waé pait peuheurna lalampahan Cucu Sri Wulandari téh.
*
SORA waditra mungguh galecok, silih témpas, silih eusian, dipasieup ku sora rebab, diantebkeun ku garapakna sora kendang. Sakapeung halon, sakapeung ngageder matak ratug jajantung. Kabéh nayaga mijah, nabeuhna moyég dibarung kusengak nu rempeg.
Juru kawih nu ngajajar aya welasna, rampak ngoyagkeun awak. Susana panggung jadi haneuteun, nu lalajo asa kaindit, padahal uyekna nayaga jeung juru kawih kakara dina gending bubuka atawa tatalu geus sakitu matak ngirutna, komo mun geus midang garapan pokona.
Acara nu sok dianti-anti ku nu lalajo, taya lian hiji acara sabada rombongan kasenian kliningan midangkeun lagu Kembang Gadung, minangka lagu panghormat ka karuhun, nyaéta waktu nincak kana pintonan ibing. Acara pintonan ibing bubuka mangrupa pangwanoh rombongan. Ku hal éta, tangtu bae nu pang-heulana ngibing téh juru ibing kojona grup kliningan Jaipongan (taun 1980-an masih disebut bajidoran) nu biasa disebut “Penari Vokal”, tangtu baé nu kapeto jadi juru ibing vokal téh pangtegepna atawa pangnyongcolangna, boh kaparigelanana atawa wandana. Sakumna grup kliningan mibanda penari vokal. Salah sahiji penari vokal nu nyongcolang di wewengkon Subang nyaéta Cucu Sri Wulandari, ti rombongan kliningan jaipongan Giler Kameumeut, pingpinan Enung Uwar Suwarsih, hiji grup kliningan anu kaitung moyan di kabupatén Subang.
Mun Cucu ngibing, éstuning matak deungdeuleueun, adeg-adegna pageuh, usik malikna nyari, dépokna matak hélok, jedagna ngeusi, galéong jeung gibrigna, mungguh nincak dina wirahma. Nurutkeun Djahim, panitén tari rakyat Subang, Cucu dina ngulinkeun ibingan, geus nedunan kana patokan “Kewes, Luwes, Jeung Pantes” (Kewes: Geus mampu ngadumaniskeun dedeg pangadeg jeung jiwa ibingan, Luwes: dina ngolah gerak geus parigel, Pantes geus bisa ngahirupkeun jiwa ibingan).
Panitén sarupa, dikedalkeun ku Bejo, juru kendang pangpunjulna sa-Subang. “Cucu mah geus bisa ngigelan kendang jeung geus bisa mawa irama juru kendang. Ceuk cohagna geus bisa ngigelan jeung ngigelkeun kendang. Hese néangan juru ibing siga Cucu,” kitu ceuk Bejo, anu ngarasa kayungyun téh ku alewohna Cucu, da saban aya waktu nu salsé, Cucu teu weléh ménta bongbolongan kla manéhna. Teu bauan cenah, ka saha baé nu kaitung dianggap alus ngingelna, sok diguruan. Atuh komo deui ka ahlina mah, matak tong hélok mun kiwari Cucu jadi juru Ibing nu pangnyongcolongna.
Pantes pisan upama Agustia Amin, pupuhu Déwan Kasenian Subang nyebutkeun yén Sri Panggungna Giler Kameumeut atawa nu jadi sieurna nyaéta Cucu. Lain agus wungkul nu nyarita kitu téh, da sacara jujur, Atang Guntoro, bajidor kahot Subang kungsi kedal ka SB, yén juru ibing nu pangonjoyna sa-Subang mah, taya lian Cucu Sri Wulandari. Pon kitu deui para inohong ti STSI Bandung, saperti Anis Sujana, Omik Ahmad Hidayat, Édi Mulyana, estu kataji ku réngkakna Ibing Cucu jeung Giler Kameumeutna.
Préstasi nyongcolang nu dipibanda ku Cucu minangka penari vokal, teu ujug-ujug jadi, hayang jadi pangbarep téh kudu ngaliwatan gawé capé jeung pangorbanan nu lain saeutik. Inyana remen manggung katalangsara. Keur mah honorna leutik, jaba kudu nyorang leumpang puluhan kilo meter. Jalan nu disorang téh lain bantrak-bantrakeun jalma leutik burih, da keur tarahal téh, rembet jeung pinuh ku leutak. Atuh puguh wé remen ti seureuleu. Tapi ku ayana pangjurung tina kereteg haténa, éta lalampahan teu dijadikeun aral subaha, samalah dijieun hiji ujian pikeun nyorang lalampahan ka mangsa hareup.
Mireungeuh pribadi Cucu saperti kitu, réa grup nu kataji ku Cucu. Nya akhirna tawaran manggung beuki ngerepan, di antara grup kliningan nu remen ngondang Cucu téh nyaéta grup Euis Dolar, jeung Grup Meka Rahayu, pingpinan Mamah Ati. “Ti Aranjeunna abdi nimba élmu manggung,” kitu ceuk Cucu basa, dikolongan ku SB ngeunaan nyukcruk pangaweruhna. Saterusna, Cucu leuwih kaasah ngibingna nalika ngagabung jeung grup Giler Kameumeut. Ieu juru sindén panandak téh kungsi digembleng ku M. Nanu Munajar, dosen STSI Bandung. Nurutkeun Nanu, Cucu mibanda wanda nu pas pikeun jadi panandak. Iwal ti éta, Cucu ogé ngabogaan rasa musikalitas nu luhur, jeung kacida motékarna, teu bosenan sarta disiplin”.
Kaparigelan jeung karancagéanna, mangrupa modal utama juru ibing wanoja nu titi mangsa kalahiranana tanggal 8 September 1975. Matak pantes mun ieu Ibu Rumah tangga nu nganjrekna di Perumahan Sidodadi Nomor: 60, Ciheuleut, Subang, anyar-nyar ieu nyangking pinunjul ka Hiji Féstival Tari Jaipongan Tingkat Nasional.
“Teu sangki, Cucu bakal jadi janten juara ka hiji, da rumaos teu kantos sakola luhur, teu kantos diajar ngibing sacara formal, éstuning sakapendakna waé,” kitu cenah. Nya ku kapetona janten pinunjul kahiji, tangtu Cucu ngarasa reuwas jeung bungah. Rék henteu reuues kumaha, da puguh tingkat nasional, mangkaning nu janten girang pagajénna sadayana ti kalangan akademis
Sukses dirina dina festival, mangrupa buah tina pajoanganana, ogé teu leupas rojongan ti para inohong kasenian Subang, utamana ti Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Subang sareng ti Dewan Kesenian Subang. Tina hal ieu, Cucu ngaraos kahutangan budi ku Bapa Pepen Ependi, Aep Ruslan, Agustias Amin sareng seniman sanésna nu ngarojong waktos Festival. Oge ka Bapa Bupati Subang nu kalintang ageung perhatosanana.
Ti sagédéngeun rasa kareueus, Cucu mémang rada hanjelu ku Ibu Tati Saléh, waktos Cucu midang dina acara penutupan. Harita, Tati Saléh Nyeukseukan, Cenah ibingan Cucu teu luyu jeung katangtuan nu geus diguratkeun ku Panata Calagara. Salian ti éta, ibingan Cucu, hususna waktu goyang kacida matak lingsemna. Para inohong sareng para pajabat katut Cucu jadi hémeng. Pang kitu téh, apan sidik Cucu jadi pinunjul kahiji. Hasil tina pangajén obyektif ti dewan juri, kari-kari Tati Saléh nyebat-keun teu pantes jadi juara. Nu kumaha atuh ngibing jaipongan nu saé téh?
Kilang kitu, Cucu nampi kana kiritikan Ibu Tati Saleh kanggo pamecut Cucu dina nyorang lalampahan ka payunna.***







