Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Ku Eddy D Iskandar
Laut gigireun upluk-aplak
gupay-gupay lambak nyuruwuk
neumbag mangsa
Bréh katangén sorangan
ngalungsar di basisir
dipentrang panonpoé haté
bayeungyang mangsa katukang
awak ngulahék
dina keukeupan angin garing
(tina Waruga Garba, Medal Agung)







