Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 30-03-2008 |
Karya Patandang, Nomor Naskah: 017
Kacaritakeun Jang kandi poe eta ngarasa satres alias stress nu kabina bina, kusabab minggu hareup manehna rek dijodokeun lamun can ngabogaan bebende hate keneh ku kolotna. Puguh we atuh manehna teh teu bisa sare tur hate na ngarasa teu genah da sidik manehna teh embung dijodokeun ka neng Ani, sanajan manehna geulis tur pinteur, ah da tetep we duriatmah moal bisa dipaksakeun jeung diaya aya ceuk Darso tea mah.
Sabenernamah Jang Kandi teh boga kabogoh ngan jauh kacida nyaeta di
Jang Kandi teu wani ngomong ka Neng Nira kabogohna ku sabab karunya jeung teu wasa sieun neng Nira teh nyeri hate nu antukna ngamatakeun ngarusak kana kuliahna, jeung deuih Jang kandi ge ngarasa dosa sumur hirup kusabab manehna jadi lalaki nu loser saur basa jawa namah, jajauheun ti basa braveheart alias wanian mah.
Peuting katilu tina wates waktu Jang Kandi ngalamun dina poekna kamar sare, ngahaja manehna mareuman sakabeh lampu kamarna, ku sabab manehna teh hayang nyorangan jeung teu wasa nahan deui cimata ngarah teu katinggali ku kolotna meureun. Dina handapeun simut manehna ceurik ngagukguk, cimata teu bisa dibendung deui lir ibarat kamalir, lir ibarat cai nu ngagolontor dina pancuran keclakna cimata teh teu bisa ditahan deui.
“Duh neng Nira…hampura akang geulis”
“kudu kumaha atuh akang teh… akang alim kacatetkeun jadi salah sahiji budak nu doraka kanu jadi kolot”
“tapi da akang teu bisa ngabohongan hate sorangan…da akang teh bener bener nyaah jeung deudeuh ka anjeun teh”
“gustiiiii
Sakilat ceurik jeung jeritan curhat Jang Kandi teh kadenge hawar hawar, nya da kasileup ku lagu melo soundtrack Titanic nu dibawakeun ku cellindion nu judulna teh my heart will go on tea, katambah manehna ngaringkeub dina jero simut, ceurik ge di tahan…sorana rada kadenge ngalengking ciga vokalisna the series Band tea.
“tit tut tit tut… tit tut tit tut 2x”
kadenge sora hape disada, aya sms asup kana inboxna, buru buru atuh Jang Kandi teh nyusut cimata terus langsung muka sms dina hape na,
“kang nuju naon?
Sanggeus maca eta sms beuki we nyeri hate Jang Kandi, asa digerihan tur dipurulukan ku uyah.
“damang neng Alhamdulillah pangesto, hapunteun akang nuju rada sibuk ku padamelan”
Karek ge jempol Jang Kandi rek mencet tombol kirim teh disada sora ringtone lagu “dalinding asih nu kuring dalinding asih nu urang…” laguna Rika Rafika, baruk Jang Kadi reuwas tur ngadaregdeg pas ninggali aya ID “bebende hate” dina layar hapena….duh geuning neng Nira teh ngarasa teu geunah hate meureun dina pikirna. Beunang
Saminggu teu karasa geus katincak oge dina poe ayeuna, wanci tengah poe jang kandi geus ngarasa teu geunah rarasaan, kesang badag tur kesang lembut ngucur..engke peuting rencanana kaluarga manehna rek ngadatangan imah pak haji karsa pikeun ngalamar Neng Ani nu kabeneran imahna teh aya ditonggoheun imahna kolot Neng Nira. Seblak hate ninggali imah Neng Nira nu kaliwatan dijajalanan, kabeneran oge kolot Neng Nira keur ngadaweung dina bale bale.
“bade kamarana ieu teh meni ngaleut kang?”
“bapa Neng Nira Nanya ka kolotna Jang kandi”
“eh ieu kang rek nganteur si ujang nepungan piminantueun”
“euleuh, heug sok atuh didu’akeun emangnya cep.. cing ngajadi, kade ulah reuwas mun dicabak tuur haha”
Ocon bapana Neng Nira teh karasa nyentug kana heta, beunang kana embun embunan….terus Jang kadi sajajalan ngomong ngagerentes dina hate “hampura neng…hampura”
Sabulan waktu ti harita sangges nanyaan Neng Ani jeung tukeur cingcin, imah Neng Ani geus kadenge rongkah ku hiasan dekorasi campernik, janur koneng geus melengkung dijalan dibareungan ku tulisan “Nuareni & Kandiyana Akbar”. tilu poe deui Jang Kandi teh rek dirapalan, diimahna geus pinuh ku babawaan. Jang Kandi poe eta nepi ka saminggu hareup teu gawe da ngahaja dibere cuti ku bossna. Manehna ulin reujeung jeung babaturanana
“adeuh calon panganten anyar yeuh ngaronda, jang balik atuh bisi geuring, keh bedo atuh pangantenanana” ceuleukeuteuk teh sora seuri barudak pamuda nyaleungseurikeun ngagonjak jang Kandi
manehna ngan ukur seuri tiis.
Isukna kadenge hawar hawar ti Jang Akip babaturan deukeut Jang Kandi poe eta ceunah Neng Nira balik ka lembur, atuh deuk hate Jang Kandi reuwas asa diteunggar ku mundinng jeung dibentar ku gelap tengah poe ereng erengan. teu kungsi lila Jang akip nyampeurkeun deui Jang Kandi katalatahan ku Neng Nira cenah ngajak ketemuan alias paamprok jonghok di imahna Jang Akip, Neng Nira geus nungguan lila ayeuna teh rek ngabalumbang timurkeun nasib cintana nu dibawa ti
“tok tok tok….punteun”
“mangga, eh di sok kajero, tuh si Neng aya di ruang tamu” Jang Akip ngomong
Tuluy Jang Kandi asup ka ruang tamu, katinggali aya hiji wanoja nu kumanehna dipikacinta keur nanggeuy gado…
“eh kang’…kumaha damang?”
“pangestu neng, kumaha sawalerna?”
“Alhamdulillah a’ sae lahirmah, batinmah duka teuing atuh ieu teh”
Ngadenge jawaban ringkes ti Neng Nira jang Kandi langsung ngeclakeun cimata, kitu deui Neng Nira.
“hampura akang nya Neng, sanes kahoyong akang ieu ge”
Neng Nira teu ngajawab, manehna ngan sakur bisa nyegruk cimata, terus ngasongkeun saputangan ka Jang Kandi…saputangan kayas nu dibere ku jang kandi tilu taun kamari.
Saleresnamah eneng teh bade ngalih kuliah ka
( mun niat rek ngabedokeun da pastina impossible atuh, karunya ka Neng Ani jeung kulawargana, pon kitu deui jeung kolotna Jang Kandi )
Mung emut we kang “kanyaah Neng mah moal seep dugi ka tungtung renghapan” Neng Nira teu wasa terus ngalengkah ka lebah panto luar, ngarenghap ranjug lir ibarat jelema nu karek lulumpatan jauh terus nyusut cimata. Katinggali tikajauhan manehna satengah lumpat leumpang ka imahna dikidul.
Sangges resmi dirapalan jang kandi katinggali pisan gurat kenyerina teh. rumah tanggana karasa hampa ku dua jalma nu laki rabi eta teh, ngan teu kungsi lila, sataun ti harita jang kandi geus mangku budak, nya puguh we da sidik pan dicarek make alat kontrasepsi ku kolotna, sabab hayang buru buru ngangais incu. kabeneran Neng Ani jeung Jang kandi teh dipaparinan anak kembar lalaki hungkul duanana ku gusti Allah, hate jang kandi bungah kacida, ti harita hirup manehna saeutik saeutik bisa katinggali aya katumbiri.
Sakapeungeun manehna sok ras inget ka Neng Nira, nu ceuk beja manehna minggu hareup rek kawin jaung jajaka Sukabumi nu sarua kuliah di
Ngan nya kitu manehna moal pernah bisa ngahampura kabodoan jeung kaloseran waktu manehna teu wani ngangkat telepon ti neng Nira, nu rek ngabejakeun rek balik ka lembur pikeun maturan manehna. Nyedek Ka waktu kolotna Jang Kandi mindeung mapatahan barudakna pikeun jadi lalaki nu wanian, ulah nepika carita ngora manehna kaalaman ku barudakna.
Ahir carita Jang Kandi maot dina umur nu kabilang ngora nyaeta umur 45 taunan, kulantaran manehna teh ngabatin nu antukna kaserang panyakit jantung. Jang Kandi maot di Rumah Sakit nu kabeneran di pulasarana teh ku Neng Nira, nya paling heunteu Jang Kandi the nutupkeun matana aya dina kadua leungeun nu dipikacinta.








uluh meni tragisnya…hanyelu kabina bina meureun tah.
Muhun sigana mah…
DHIPA GALUH PURBA
SAE CARIOSAN TEH EMUT WAKTU KEUR NGORA.