Statistik

≈ Tulisan: 1719 tulisan
≈ Kategori: 32 kategori
≈ Komentar: 12997 komentar
≈ Hit: 2.346.889 kali

Kingkilaban

Katumbiri

Taman Sekar

Arsip: Saémbara Carpon

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »

Hiji Mangsa indung jeung anak anu katelah Ma Asih jeung Neng Neni arulin ka emol di sabudeureun Kota Tasik, aya meureunan kana sajam satengahna kukurilingan ningalian barang dagangan. Ma Asih anu titatadi nanahan hayang kahampangan ngaharewos ka anakna Neng Neni, “Nen cikan Ema hayang ka cai dimana atuh tempatna..?” tanya Ma Asih

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »

Kacaritakeun Kang Sule indit rek nelepun toko sapatu, manehna leumpang ngagandeuang bari ngararasakeun sukuna geus make sapatu anyar, bakating ku uleng ngalamun kang Sule teu nempo titicakeun, jedot we indung sukuna titajong kana batu anu ngajentul…ajoooowww bari ingkud-ingkudan nyekelan indung sukuna anu ngagedean jiga leupeut kuningan. “Dasar jalan teh keur butut teh matak nyilakakeun jelema deuih, teu jiga di kota jalan geus luis ge hayoh wae dialus-alus, naha ari jalan ka lembur aing, euweuh pisan anu merhatikeun, sugan mah aing kudu jadi Bupati heula karek jalan alus” gurutu Kang Sule bari niupan indung suku anu burahay beureum lomokot ku geutih.

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 | Tak ada komentar »

“Aduh..Kang Riweuh meni tos saged kitu, bade kamana kitu Kang ?” tanya Bi Erum bari kucap-kiceup bangun nu hayang ditaksir.

“Ah..biasa dines..Ceu..” tembal si Riweuh bari tuluy nyawel gado budak Bi Erum anu bungsu.

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 22-03-2008 | 1 Komentar »

Sok geura ku Alo bandungan, teu saeutik pamingpin anu tikosewad ku Tahta, Harta jeung Wanita. Loba oknum pamingpin anu kagegeloan ku Tahta, komo ku harta banda mah, kajeun teuing duit rahayat anu penting mah matak seubeuh. Atawa aya oge oknum pamingpin anu mungpang-meungpeun keur jeneng hayoh we gawena teh nyiar parawan jeung rangda.

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 22-03-2008 | Tak ada komentar »

Datangna Bulan Mulud keur urang kampung ditempat kuring dumuk mah, mangrupakeun bulan anu teu dipikaharep, bulan anu dipikasieun komo ku budak ololeho jiga kuring mah. Enya eta oge mimitina sieun ku datangna Bulan Mulud teh disingsieunan kunu karolot, ceunah di Bulan Mulud mah loba teluh, werejit, ganggaong, oge loba nu nyegik neangan wadal. “yeuh sujang geuwat ngarampih geus sareupna, bisi aya sandekala..!” tiap sareupna kolot teh ngabuburak barudak nu keur arulin di buruan ku kocap saperti kitu. dipikir-pikir asa mahiwal pisan kolot teh, dur bedug trong kohkol magrib teh barudak teh lain seug disuruh ka marasjid atawa ka tajug, ieu mah kalahka sina ngarampih ka imah masing-masing, hasilna di masjid jeung tajug teh eusina ku aki-aki jeung nini-nini, barudak teu apal hurup alip atawa ba.

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 22-03-2008 | Tak ada komentar »

Piluit panjang ditiup ku wasit, tandana rengsena pertandingan, walhasil 0-6 keur kameunangan Persib. Burusut we bobotoh muru pamaen Persib, aya nu menta tandatangan ka Zaenal Arif, Salim, Jimanes, Sonny, Yaris (Jeki Chan), Leo pamaen anyar Persib jeung rea-rea deui. Ah..kuring mah ngagandeuang we leumpang nyampeurkeun pamaen Persitas, tuluy gap sasalaman, “Kang Nuhunnya, maen teh geus alus euy…geus untung bisa nahan skore sakitu oge, Insya Allah kapayuna mah Persitas bisa langkung maju nya.”

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 22-03-2008 | Tak ada komentar »

Dijawab kitu teh indung si Udin kerung bangun nu bingung bari tuluy kurulang kuriling muteran meja, ari curukna napel kana tarang. “Teu salah kitu Mama Ajengan naksir aing, padahal aing teh masih keneh boga salaki…enya sih salaki aing geus lila teu mulang, tapi da eukeur nyaba neangan nafkah.” gerendeng Emana si Udin

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 22-03-2008 | Tak ada komentar »

“Lah biasa we kitu aya bungah aya sedih, enya sedihna mah ti leuleutik ku urang karawu kapangku ayeuna dileupaskeun boga tanggungjawab sorangan, heueuh sok ras inget ka jaman manehna leutik.Bungahna mah geus teu kudu dicaritakeun saha nu teu bungah mun budakna geus meunang jodo. Nu sejen namah kitu tea tagiwur nyaeta loba kabutuhan nu sifatna ngadadak, diluar dugaan.”

Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 21-03-2008 | Tak ada komentar »

“Pan baheula teh di dieu aya nu miceun layon dikarungan. Tah, hiji mangsa kuring jeung babaturan rek ngaliwat ka beulah dieu, na da ti kaanggangan aya anu ngabelegedeg bodas. Rey… bulu punduk tingpuriding, komo babaturan mah ngayekyek. Da eta kuring babacaan ge geus beakeun naon deui anu kudu dibaca.” Na jero hate kuring bari seuri, ari beakeun bacaeun mah atuh maca koran ari mekel mah, heu heu heu. Tapi da teu wani kedal da ieu mah keur serius (naon nya, basa sundana serius). Aya oge sih, supaya bulu punduk teu muriding mun manggih kasieun, tinggal dikerok we bulu pundukna sina lenang… sok geura moal muriding deui… heheheheh…. Dilajeng.

Pencarian


InstaForex