Arsip: Sajak Sunda
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | Tak ada komentar »
Ku Juniarso Ridwan
Bulan di jero-jero bulan
ditanggeuy dampal leungeunna
ngaliwatan ranah kasugihan
mireng kahirupan
nu sirna sakedét nétra
Réngkakna
pamayang tresna
sapopoé
Di lamping basisir liuh
kamari isukan
ngabibira ujud poé ieu
(tina Lalaki Langit, Rahmat Cijulang)
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | Tak ada komentar »
Ku Etti RS
(Keur Uu Rukmana)
Ku seunggah mireungeuh lemah nu digulanggapér saban wayah
boa-boa késang nu ngagarajag tina tarang para tukang
moal lantis ka rohangan mangsa nu terus manjang
mangsa nu teu weléh ditéang ku unggal ringkang
ah geuning lewang
nyawang lemah jeung kalangkang
nyawang mangsa jeung kahayang
Sabaraha réwu léter deui késang nu kudu ditawu
keur ngajanggélékkeun puseur kota nu beuki haliwu
sabaraha juta […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | 1 Komentar »
Ku Kis Ws
Lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagara motah
tineung mumbul séah ngagalura
Jerit aral diajam maratan méga
kalah mendal neunggar cakrawala
aya pamayang dialunkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nu nyiptakeun laut
Angin lirih dina sela-sela dikir
ngendat sakedép lacak nu ilang
beurang teu aya nu langgeng
peuting teu saendeng-endeng
ngarusapan ngageurihan kuma urang
Di teluk liuh
subuh parahu […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 11-03-2008 | Tak ada komentar »
Langit lénglang taya aling-aling
Sakedapan méga datang ayang-ayangan
Mayungan léngkah anu ingkud-ingkudan
Nyimbutan raga anu nalangsa
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 11-03-2008 | 2 Komentar »
Hariring dangding, kiwari geus lain nu kuring
Haleuang sora, ayeuna teu miboga
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 15-02-2008 | 2 Komentar »
Ku AKI
pek wakcakeun…
pek caritakeun…
iwung bisi kaburu kolot
kitri bisi kaburu jadi kalapa….
tuh tingali balebat hate geus nincak di mangsa,
sarangenge hate geus tilem na jero na hate
katumbiri tangga na langit, melengkung di beh kulon
seja mapag lampah katresna
seja mirig kasih na ati….
bral…
bral geura miang tong kadeg nya lumaku
tong asa-asa nya lumampah…….
bral…. bral….. bral…..
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 15-02-2008 | 4 Komentar »
—Haturan Eulis
I
Ieu sajak ditulis pikeun mapag balébat anyar
Balébat nu reumbeuy harepan
susuganan kebek kabagjaan
Sabada nyorang pirang-pirang tunggara, lara katalangsara
Di lemah cai loh jinawi nu ngaruang rupaning kingkin
Tina jumerit nu kabanjiran, kocéak nu kacaahan…
Haling aling-aling nu mindingan karungsing di pangungsian!
Da geuning tiis jempling
henteu bisa nyingraykeun lalangsé éling
Kasimpé henteu bisa mépés haté nu béléké
Ieu sajak minangka jengléngan […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 30-01-2008 | 1 Komentar »
Ku AJIP ROSIDI
Hiji-hiji poé daratang, tandaning umur manjangan
Beuki ngarti hartina hirup: aya nu pasrah narima aya nu baha
Sumpeg lamunan aral, tandaning umur ngolotan
Ngarti hartina hirup: aya nu ngagelenyu, aya nu lolongséran
Imut tandaning sadrah sumerah, da lara wirang
ngan wungkul cocobaan
Duh, poé nu geus lastari mangka waluya di jalan!
Masing ngolotan umurna manusa mah taya nu satia
Deudeuh teuing […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 10-01-2008 | Tak ada komentar »
Ku EULIS
Dinten ieu ieu, panon poé soék
Langit hideung, nyandak cipanonn anu ngembeng
Haté ngajerit maratan langit
Ngocéak maratan jagat
Anjeun téh aya dimana
Didieu, dipangumbaran abdi, sedih nyandak tunggara .
Dinten ieu, jalan panjang tos kabuka
kantun urang tiasa ngaléngkahna
Nyandak mangrébu carita, nyandak rasa hate
Anu tunggara sareng haté nu gondewah.
Pangumbaran. Januari 3 -2008