Arsip: Artikel Sunda
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 28-09-2008 | 9 Komentar »
Ku ROCHAJAT HARUN
KASEBUTNA urang Sunda, ngaku asal Bandung, malah kolotna gé meleg-meleg asli urang Gegerkalong, éstuning pituin urang Sunda. Na atuh ari ngomong Sunda mani balépotan? Jajauheun atuh kana bisa nulis ku aksara ha na ca ra ka atawa ka ga nga mah. Ieu mah boh nulis, maca atawa ngomong gé asa mani amburadul. Padahal maranéhna téh geus jadi mahasiswa seméster opar jurusan atawa program studi Pariwisata di UPI.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 24-09-2008 | 7 Komentar »
Ku ROCHAJAT HARUN
SABABARAHA sasih kapengker, Mang Ucup, sobat kuring ti Netherland sumping ka Indonesia. Cenah mah tos lawas teu ngalongok baraya di Bandung jeung Samarang. Ogé nostalgia ka kota Kembang nu keur budak dumukna téh di daérah Braga, bareng jeung sepuhna. Aslina mah mang Ucup téh urang Bandung. Ngan tos lawas ngumbara ka Jerman jeung nagri Walanda. Malahan kiwari tos lami janten warga nagara Walanda. Bumén-bumén di nagri Kincir.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 07-09-2008 | 9 Komentar »
Sababaraha waktos kapengker kantos pribados nyerat dina koran PR, oge koran basa Sunda Galura, nu netelakeun kirangna perhatosan pamarentahan satempat kana barang-barang karuhun kalebet candi-candi titinggal karajaan buhun Pajajaran. Diantawisna patilasan karajaan di Kawali, situs Cimende di Bandung, situs di Bogor, Garut, Cirebon, Subang sareng sajabina. Malahan pribados ge kantos ngintunkeun bewara sarupi kitu teh kana Internet. Seueur nu masihan komentar, pajar cenah kunaon atuh nya bet kirang perhatosan ti pamarentah. Benten sareng propinsi lain. Naha uga Sunda pajah ”Pajajaran Tinggal Ngaran” teh tos ngawitan katangar?. Sakumaha nu tos dihaleuangkeun ku Nenden Dewi Kania, juara pasanggiri tembang sunda Cianjuran.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 07-09-2008 | 3 Komentar »
”Saleupasna ti Pa Habibi, geuning tara kasebat-sebat deui jenengan ordena. Ngan aya eta ge nu ngalandi era Demokrasi, aya deui nu nyebat era Reformasi. Naon hartosna eta teh A?, Era teh hartosna dina basa Sunda mah sanes Isin? Isin ku polahna para pajabat kitu? Uyuh mah asa hemeng naker jeung teu ngarti. Maklum sakola ukur ti SD lulus ge hanteu. Aa onaman ngalaman sakola di luar nagari, di Amerika jeung Pilipina. Cenah, boga gelarna ge Doktor lin?”.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 21-08-2008 | 2 Komentar »
Tragedi Palagan Bubat, lain pikeun ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. Lain keur ngahudang kapeurih mangsa bihari, komo ngabalabarkeun kangéwa tur dendam. Justru urang baris ngalenyepan kumaha sikep Prabu Niskala Wastukancana, sabada Palagan Bubat. Mantenna téh rayi Citraresmi Diah Pitaloka, anu mibanda gelar Prabu Resiguru Dewatabuana Tunggalbuana, ahli waris tahta Sunda Galuh. Salami 104 taun, Wastukancana janten papayung agung di karajaan Sunda Galuh. Prabu Niskala Wastukancana henteu kungsi boga niat pikeun ngabales ka Majapahit (1371-1475). Ku ayana acara Nyiar Lumar, umajak pikeun miéling tur ngama’naan kisah sajarah; kalayan ukur nyongcay waktu sapeuting tina dua taun.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 21-08-2008 | 1 Komentar »
Kahiji, saenyana mah antara komitmen, dédikasi, jeung loyalitas, taya patula-patalina jeung otoritas. Najan Godi lain aparat dinas kebudayaan, tapi geus hasil ngangkat Ciamis dina widang kasenian. Godi sahenteuna geus boga komitmen jeung dédikasi keur kasenian di Ciamis. (Punten, da mémang faktana kitu. Saméméh aya acara Nyiar Lumar mah, persépsi kuring ngeunaan Ciamis dina widang kasenian jempling-jempling baé. Nyiar Lumar bitu, ngaran Ciamis milu ngajaul. Bruh-bréh liputanana dina koran jeung telepisi.)
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 15-08-2008 | 11 Komentar »
PENYIAR radio mah moal maot sanajan dipaéhan ogé. Bisi cangcaya, pék cobaan paéhan radiona, dijamin sorana bakal tetep ngalingling wiati, ngalanglang jomantara, ngaprak ka jero kamar, ngasruk ka warung-warung, mabal kana kandaraan, jeung merejel tina radio-radio butut jeung alus. Najan télévisi geus mipir pasir tug nepi ka tepiswiring, tapi radio moal saateun nu ngogo. Aya sawatara perkara anu teu bisa dirangsadan tina kahirupan radio, sarta ukur dipibanda ku radio.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 15-08-2008 | 1 Komentar »
Ieu saémbara téh satékah-polah dilaksanakeun kalayan daria tur pinuh tanggungjawab. Panitia “Bujangga Maya” ti anggalna geus ngawawadianan sangkan henteu katépaan ku cara ngajén sababaraha saémbara di “darat”. Contona perkara “Änugrah Gubernur Jabar 2008” anu dikritik ku HM. Usép Romli, muga ulah tumiba deui. Kalah kumaha ogé, naon rupa anu ditulis ku HM. Usep Romli ngeunaan héngkérna penjurian “Änugrah Gubernur Jabar” téh mémang kudu dijieun perhatian ku para juri séjénna. Ulah pararadu, teu meunang wawayagon ari ngajén téh, sabab bakal ditungtut tanggungjawabna boh di dunya pon pilalagi di akhérat. Ketua Déwan juri “Anugrah Gubernur Jabar 2008” teu bisa ngajawab pananya HM. Usép Romli, ngeunaan alesan pangna milih salahsahiji penulis anu dianggap teu pantes dilélér éta anugrah. Komo deui waragad anu dibagikeun ka para pinunjul téh mangrupa duit rahayat, minangka amanah nu kuduna dijalankeun kalayan daria dibarung rasa tanggungjawab. Puguh baé ari anu dilélérna mah teu salah nanaon. Piraku teuing nampik pangasih ti gubernur, anu dirékoméndasikeun ku para juri nu geus dipercaya. Ku kituna, kuring teu panuju lamun aya nu nyisikudi ka para pinunjulna mah, da aranjeunna mémang taya kasalahanana.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 01-07-2008 | Tak ada komentar »
Kasenian mangrupa salah sahiji unsur tina kabudayaan, kitu deui kasenian Sunda mibanda hal anu rupa-rupa wangunna ti mimiti seni buhun nepi ka modérn geus loba pisan. Saperti dina seni buhun mah aya tembang, pupujian, pantun, guguritan, jsté. Dina seni modérn mah kayaning pop, dangdut, jazz, rock, jsté, nu lolobana mah mangrupa pangaruh ti nagara deungeun. Salaku urang Sunda anu boga patékadan pikeun ngamumulé kasenian daérahna, hal nu kudu dilakukeun nya éta urang ulah gancang kabawa ku sakaba-kaba kana budaya modérn anu lar- sup ka nagara urang. Sanajan kitu, lain hartina urang kudu nutup diri tina budaya deungeun, tapi urang kudu bisa milih mana nu alus tur mana nu henteu saluyu jeung jati diri sarta kapribadian urang Sunda hususna. Pikeun nerapkeun éta hal, nu nulis kataji pikeun nyurahan eusi rumpaka “Kawih Tembang” anu satuluyna rék disebut “Katem” beunang Nano Suratno anu leuwih dipikawanoh Nano S.