Arsip: Artikel Sunda
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | 2 Komentar »
Sakaterang sim kuring, dikuatan ku para panulis Sunda sejen, basa papasrahan hadiah di YPK, Jumaah peuting (9 Mei), bejer pangajen Dewan Juri teu nyebutkeun ngajen tulisan non-fiksi dina media elektronik (radio, TV jeung internet). Kitu deui katerangan nu boga pokal (H.Uu Rukmana) jeung Ketua Penyelenggara (Tatang Sumarsono) nu dimuat dina “PR”, “Galamedia”, jeung “Tribun Jabar” poe eta. Yen anugrah Gubernur diajangkeun pikeun panulis Sunda nu nulis non-fiksi (essey, kritik, laporan jurnalistik) dina media citak.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 | Tak ada komentar »
Lamun aktivitas jeung produktivitas nulis laporan jurnalistik dina basa Sunda bener-bener dikukuhan, rea jurnalis Sunda nu kudu kawayangkeun. Upamana bae Enca Wiarsa, Asep GP, Hana Rohana S (majalah “Mangle”), Miftahul Malik, Rameli Agam, Nanang S., Usman Supendi (SK “Galura”). Tacan ti rengrengan wartawan “Sunda Midang”. Majalah “Cupumanik” sanajan ngagedekeun essey jeung carita, sakapeung-kapeungeun ngamuat tulisan nu ngaharib-harib laporan jurnalistik (reportase). Di antarana sababaraha tulisan Supriatna.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 28-03-2008 | 6 Komentar »
Manahoréng, di dunya maya mah “saung” téh payu kénéh, malah jadi lambang kareueus. Padahal di lembur ogé ayeuna mah geus rada hésé néangan saung téh, boh sisi sawah, di kebon, komo lingkungan pakumbuhan sapopoé. Imah-imah panggung, hateup eurih, pipinding bilik, geus dianggap tingagleun jaman, sarta narurutan imah urang kota, ditémbok, maké keramik, jeung sajabana.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 06-01-2008 | 3 Komentar »

Ku DHIPA GALUH PURBA
OPAT maéstro seni ti Jawa Barat baris dilélér Anugrah Budaya ti Pamaréntah Pusat. Opatanana ogé baris nampa honorarium transper élmu anu gedéna sajuta saban bulan. Tina opat urang téh, dua di antarana seniman Pantura, sarta dua deui ti Bandung. Seniman ti Pantura nyaéta Taham (dalang ti Indramayu) jeung Mimi Rasinah (maéstro tari topéng ti Indramayu). Demi seniman ti Bandung nyaéta Eutik Mukhtar jeung Tan Déséng. Lengkepna mah anu baris dilélér pangajén téh 31 urang, nyaéta para maéstro seni tradisi sa-Indonésia.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 04-01-2008 | 1 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
Ngahirupkeun seni Sunda anu geus paeh, leuwih bangga batan ngahirupkeun seni Sunda anu keur sakarat (hirup keneh, tapi ampir leungit). Dina harti, batan nyuckcruk anu geus puguh paeh mah, kawasna leuwih hade mending ngamekarkeun seni Sunda anu aya keneh di kieuna. Kitu ceuk salah sahiji tokoh seniman Sunda, anu embungeun disebutkeun […]
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 24-12-2007 | 4 Komentar »
Ku PANDU RADEA
Panalungtikan tapak lacak kahirupan jeung sajarah jaman bihari ngaliwatan panalungtikan Arkeologi, hususna di Jawa Barat, mangrupa hiji tarekah pikeun ngajentrekeun potensi nu dipibanda saban daerah salaku sumber daya budaya nu kudu digali dirawat jeung dirumat. Tujuanana pikeun maluruh gambaran matra formal jeung spatial tina titinggal karuhun dina mangsa budaya buhun […]
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 24-12-2007 | 1 Komentar »
(Husus Aoseun Nu Resep Séhat)
Ku DHIPA GALUH PURBA
DI kota gedé mah, teu aya nu haratis. Bujeng-bujeng tuangeun atawa leueuteun, dalah ‘piceuneun’ ogé kedah mayar. Kitu ku kira-kirana, anu kaimpleng dina hirup kumbuh sapopoé di pakotaan, saperti di Bandung, Jakarta, Surabaya, ssjb. Kawasna tos pada terang ieuh sasaha ogé, da réa anu nyaritakeunna ogé; […]
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 24-12-2007 | 1 Komentar »
Ku AJIP ROSIDI
I
Mun aya nu nanya ka kuring, “Buku naon nu pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan barudak di Sakola Ra’yat (Dasar)?”, moal hamham deui kuring tangtu ngajawab, “Buku Rusdi jeung Misnem.”
Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh pédah kuring urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban téh maké babandingan […]
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 22-12-2007 | Tak ada komentar »
Ku ACEP ZAMZAM NOOR
SALAKU jalmi anu saukur ngartos kana basa Indonésia (tangtos baé sareng basa Sunda minangka basa indung), kuring sok ngarasa bungah ku medalna karya-karya tarjamahan, hususna tarjamahan sastra, langkung husus deui tarjamahan puisi. Kuring sok hayang mikawanoh puisi-puisi ti nagri séjén, boh nagri anu jauh pon pilalagi nu caket. Boh nagri anu enyaan […]
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 21-12-2007 | Tak ada komentar »
Ku HAWE SETIAWAN
AAM Amilia rada béda ti nu réa. Nu séjén sok resep nyaritakeun kahirupan di désa. Aam mah karesepna ngadongéngkeun paripolah jalma di kota. Nya lebah dinya katémbong nenggangna. Asa merenah mun Aam dilandi anasir kota di jagat sastra Sunda.
Kasebut urang kota deuih Aam téh. Lahir di Cicaléngka, gedé di Bandung. Wedalna 21 Désémber […]