Arsip: Artikel Sunda
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 13-08-2009 | Tak ada komentar »
Ku GODI SUWARNA
Nanging, tiasa baé Kang Ajip téh ujug-ujug ngaluarkeun aturan kieu: Buku nu asup proyek teu kaasup nu dipeunteun ku Rancagé! Tah, kitu saé, Kang! Mung, tangtos bakal seueur pangarang marurang-maring, kayaning Hadi Aks, Dadan Sutisna, Dhipa Galuh Purba, Nazaruddin Azhar, Sarabunis Mubarok, Toni Lesmana saparakanca. Mangkaning pendékar wungkul, ti golongan pemburu hadiah sastra!
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 | 1 Komentar »
Ku NANO S
Patanyaan mimiti,ti iraha jeung saha nu ngasupkeun ceurik Rahwana kana tembang? Ceuk Kang Ace mah, cenah tuan Abdulah urang Arab, ti Cicendo Bandung. Sedeng Pa Apung S Wiratmaja, gaduh panyangka nu mimiti make (ngasupkeun) lagu eta kana tembang, mimitina ti Menir Muda (Holil). Sigana perlu dipaluruh deui leuwih gemet, naha muda urang Arab resep kana wayang jeung kana tembang? Atawa naha enya bener Menir nu mimitina ngasupkeun kana tembang? Nu dimaksud tembang teh tangtu we lain tembang Cianjuran saperti ayeuna.Beh ditu lingkungan rakyat ge ngagarap lagu lagu tembang, ngan beda dina mirigna, luhurna surupan,jeung gaya/wanda mamanisna. Diantara lalaguan tembang anu harita sok dibawakeun, saperti lagu Sinom Satria, Setra, Eros, Udan Mas, Pamuradan, jrrd.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 | Tak ada komentar »
Ku APUNG S. WIRATMADJA
Teu rea seniman tembang anu nyoba ngasupkeun wangunan sajak-bebas/puisi modern kana rumpaka tembang teh. Dua diantarana nya eta Bakang Abubakar jeung Engkos. (Utamana dina lagu wanda Panambah) ari geus jadi lagu, bet teuing ku payu.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 | Tak ada komentar »
Ku APUNG S. WIRATMADJA
Mun tea mah aya nu “teu beuki” kana rumpaka wangun dangding, lantaran teu suka kana aturan-aturan pupuh-dumeh cenah guru-lagu jeung guru-wilangan teh ngabarogod atawa ngawatesanan kreativitas dina ngedalkeun ekspresi-atuh teu nanaon, sasat kuma karep nu boga pamadegan, sakadutna-sakadutna. Mun dipapandekeun kana dahareun mah rek beuki comro heg, rek beuki hamburger atuh mangga, kuma kabeuki masing-masing.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 | 13 Komentar »
Ku ROCHAJAT HARUN
Nu janten pinilih Moka Jabar 2008 teh nyaeta Aninda Sekar Putri ti Kota Bandung sareng Jefri Noor ti Kota Bogor. Sateuacanna grand final, para calon pinunjul Moka Jabar 2008 teh, wartosna diuji heula ngeunaan sababaraha materi. Di antawisna bae kedah nembongkeun potensi daerah asalna, kalebet kasenianana. Mung hanjakal teu patos jelas naha cumarios basa Sunda na sareng adab-adaban (performance) kasundaan oge kalebet nu diuji? Mun tea mah henteu, aduh kalintang hanjakalna. Pan marantenna teh bade jaranten duta-duta Wisata. Kumaha atuh engke jantenna saupami bae kamahiran cumarios sunda teu kalebet nu diuji. Angot upami kauninga para pinilih Moka teh balepotan cumarios basa Sunda.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-11-2008 | 8 Komentar »
Ku ROCHAJAT HARUN
Jaman walanda kapungkur, aya hiji ungkapan kakaguman utamina ti para turist jaman baheula dina awal abad ka 20, nyeta mooi Garut. Ieu ungkapan kakaguman teh sami sareng ungkapan mooi Indie. Mooi Garut hartosna Garut nu elok. Ieu pujian di jaman kolonial Walanda teh taya sanes ekspressi kakaguman marantenna urang asing utamina para turis Eropah, rehna Garut teh geuning pinuh ku pamandangan alam nu kalintang arendahna.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 | 2 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
Jok motor ampir kakeueum. Kuring asa keur ngojay wé, ngan bédana harita mah bari nungtun motor téa. Sangkan henteu pati karasa capé, kuring ngabayangkeun anu keur dituungtun téh si manéhna anu keur diajar kokojayan bari maké baju ngojay. Tapi bangga diajak badamina imajinasi téh. Nu puguh mah haté ngocoblak, nyarékan laklak dasar ka manusa tukang ngaruksak alam, anu temahna matak balangsak masarakat. Sabab, kajadian banjir téh tangtu aya sabab-musababna. Buktina, di lembur kuring mah tara aya banjir, da kalumangsungan alam téh masih kapiara.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 | 2 Komentar »
Ku ATEP KURNIA
URANG Sunda resep dongéng. Bukti nu tembresna mah dongéng via radio. Antara taun 1970-an nepi ka 1990-an dunya dongéng dina radio ngabetot perhatian nu ngabarandunganana. Harita mah réa pisan radio nu nyiarkeun acara dongéng. Di Bandung, upamana, Radio Sangkuriang, Radio Garuda, jeung Radio Shinta nu sok nyiarkeunana. Atawa di wewengkon Sumedang, aya Radio Jussan jeung Radio Duta.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 | Tak ada komentar »
Ku KI ÉDAS
Tah pihartieun babasan di luhur ogé teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diugung-ugung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkéakan. Pék wé titénan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung réa-réa deui.
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 | 1 Komentar »
Ku: Drs. Cece Hidayat
(Guru SMP Negeri 13 Bandung)
Kecap pamali ogé cukup ampuh pikeun ngaraksa jeung ngariksa kalumangsungan lingkungan alam sabudeureun. Ku kecap pamali bisa nyegah pagawéan anu bakal ngabalukarkeun ruksakna lingkungan. Upamana pikeun ngaraksa jeung ngariksa leuweung, masrakat Sunda buhun, kolot urang baheula, nyieun aturan mana leuweung anu meunang disaba, jeung mana leuweung anu teu meunang disaba. Nya aya aturan nu ngabagi babagian leuweung jadi leuweung larangan jeung leuweung tutupan nu dipahing diganggu, komo deui diruksak mah. Ngan wungkul leuweung nu teu kaasup leuweung larangan jeung leuweung tutupan anu meunang disaba sarta dicokot mangpaatna. Jadi, asup ka leuweung tutupan jeung leuweung larangan mah pamali pisan, sabab mun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. leu téh éstuning wijaksana jeung cerdas, sabab geuningan karuhun urang, kolot baheula geus ngalaksanakeun konsép konservasi leuweung anu ngalestarikeun leuweung katut pangeusina. Kaharti ku akal, kapan nya leuweung nu jadi sumber nyimpen cai jeung nyegah tina bencana alam banjir atawa longsor téh. Sabab mun leuweungna ruksak, sumber cai jeung sumber alam, flora katut fauna nu aya di leuweung bakal ruksak nepi ka béakna.