Arsip: Gelenyu
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 24-12-2007 | 2 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
Si Buruy dicarékan lak-lak dasar ku bapana, alatan nyebut ‘Korupsi’ ka Kuwu Unéd. Basa Jang Isud ogé nganjang ka imahna ogé, kasampak Bah Dinta keur nyoroscos kénéh, ngomong sorangan. Ari Si Buruy mah tatadi mula ogé, geus diungsikeun ku indungna, ka imah Hansip Baron.
“Nyarita maké basa Sunda mah, kudu pararuguh undak-usukna!” […]
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 22-12-2007 | 6 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
NAJAN daging kurban téh diajangkeun keur jalma anu teu mampuh. Tapi angger, sok aya baé diantara pangurus kurban anu makmak-mekmek hayang kabagéan daging panglobana. Taun kamari ogé, Mang Dasmin nepi ka paséa jeung anjing. Gara-gara dagingna anu disumputkeun handapeun tangkal peuteuy, kalah dipaok. Padahal meunang hésé capé ngumpulkeunna téh. Capé tanaga jeung […]
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 03-11-2007 | 6 Komentar »
Modérnisasi cenah. Dunya beuki maceuh ngadu géngsi. Kacanggihan sains jeung teknologi lir taya tungtungna. Unlimited ceuk légégna mah. Di luhur langit masih kénéh aya langit. Di luhur lalangit aya para. Di luhur Jati handap ogé, aya Jati luhur. Kitu kawasna pikeun ngagambarkeun penemuan anyar Mang Étom. Poé kamari Mang Étom geus ngaresmikeun hiji alat super […]
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 02-11-2007 | 3 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
Néng Élis anu geulis, mugi salira henteu janten nangis. Margi titis tulis téh geuningan mani sadis. Kumaha atuda Lis, Kang Ajis mah ukur jalmi nunggeulis. Icis dina loket ogé ipis. Tara merékis cara Mang Ulis urang Gunung Geulis. Tapi sanés nyangki Néng Élis matrialistis, nanging inggis Néng Élis teu tiasa diajak sapapait […]