Arsip: Gelenyu
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 14-03-2008 | 18 Komentar »
Dalam nagara jawa barat ada hal apa yang hangat?”
“Jakarta mah caah… Kandaraan ngantay sapanjang jalan,”
“Jabar mah hanya ada arak-arakan pasangan AMAN,”
“Anda akan pasang yang mana jawaranya? Yang mantap mah pasangan Ahmad-Dadan…Atawa ADAN,”
“saya mah kagak akan ka sasaha… Wah ADAN kayanya dapat sayah dadarkan dalam pakalangan wacana…”
“Yah mantap dan pantas…”
“ADAN mah pan agar masarakat jabar SHALAT,”
“Yah yah… saya paham akan hal yang anda katakan,”
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 10-02-2008 | 8 Komentar »
Mémang barudak téh keur meujeuhna badeur. Sakapeung mah sok matak ngajangarkeun kolot. Heureuyna ogé sok kamalinaan. Éta baé, boga pangarasep kana noong ogé, apan geus adat kakurung ku iga. Leuheung basa, lamun tara bari ngaruksak. Da ieu mah, apan bilik imah Aki Jamhuri ogé, nepi ka barolong, balas ditarojosan ku paku. Kungsi éta ogé Si Aték neunggar cadas. Basa hiji mangsa keur noong budakna Mang Suhadma. Teu kanyahoan mimitina, Mang Suhadma geus aya di tukangeunana, bari mawa haseupan. Teu antaparah deui, haseupan téh dirungkupkeun kana sirah Si Aték, nepi ka tosblong. Puguh baé Si Aték reuwas kabina-bina. Beretek lumpat tipararétot. Mangkaning haseupan téh, hésé pisan diudarna.
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 10-02-2008 | 4 Komentar »
Si Jékong ogé, anu kungsi kedal jangji, moal ngabohongan ka kolot, poé éta mah ngadadak perang sabil. Anu jadi cukang lantaranna téh, alatan poé mangkukna wawanohan jeung murid anyar pindahan ti SMU Banjar. Ngaranana Asih Kurnia. Hiji mojang lenjang anu méncrang tur hérang. Seurina, imutna, dilakna, malah nepi ka urengihna ogé matak pikaresepeun jeung matak deungdeuleueun sakur lalaki anu keur meujeuhna séngsérang panon. Éta wéh, teuing naon maksudna, saprak aya Néng Asih téh, Pa Usép ogé jadi nambahan jadwal olahraga renang. Atuh Si Jékong, anu sasarina rada ngedul kana ngojay, ayeuna mah ngadadak jadi getol.
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 27-12-2007 | 3 Komentar »
Ku DHIPA GALUH PURBA
NAJAN di Cigorowék loba BALON (Bakal Calon) kadus, tapi henteu matak ngaronjatkeun beubeubangan tukang balon. Mémang sacara langsung mah, taya patula-patalina antara tukang balon jeung bakal calon kadus Cigorowék. Tapi nu écés mah tukang balon téh minangka salasahiji praktisi gawé anu kaitung ‘ahéng’. Ukur ku cara niup, duit téh bisa nyalampeurkeun. Ditilik […]