Arsip: Gelenyu
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 28-06-2010 | 3 Komentar »
Banyol DHIPA GALUH PURBA
ARI sugan téh ngaran sabangsaning ajaran aliran anyar nu dianggap nyasabkeun umat. Hanas geus geumpeur, sok sieun lembur téh ujug-ujug dijorag ku nu dijarubah tur kakoncara sahaok kadua gaplok. Mangkaning anu ngaluluguanna Bah Dinta, kasebutna manten dukun pélét pangsohorna di tatar Cigorowék jeung Ciméndong. Tapi haté ngemplong sabada maluruh maksud tina pakumpulan […]
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 22-08-2009 | 20 Komentar »
Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan heula céngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Arin dijieun sajak.
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 15-04-2009 | 5 Komentar »
EMAIL terakhir dari kawanku mengabarkan bahwa dia sendiri yang ketiban sial, harus kehilangan motor barunya yang baru saja satu kali bayar cicilan. Memang salahnya sendiri, terlalu malam pulang apel dari Néng Arin, bintang Ciméndong. Padahal seharusnya kawanku langsung pulang saja, karena Néng Arin tidak ada di rumah. Katanya sih sedang nonton longser ke Pulogebang sama mantannya. Tapi dasar kawanku, udah jelas situasinya seperti itu, malah PDKT sama neneknya, mencari dukungan dan mengajak berkoalisi. Kawanku beranggapan, bahwa orang teraniaya itu pasti akan banyak dukungannya. Tapi sayang sekali, jangankan dapat dukungan, malah dapat buntungan… éh, maksudku: daripada untung, malah buntung.
Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 19-06-2008 | 3 Komentar »
Padungdengan ngeunaan Néng Cici, beuki lila mingkin nambahan baé. Cep Adang anu geus tatahar rék ngalamar Néng Cici, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng cici. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Situ Mundu, ahirna ukur jadi sawangan.